close

Pesta Kariaan Di Garut Jaman Baheula Bagean 1

Pesta Kariaan di Padèsaan Pakidulan Garut Jaman Baheula 

Nu rèk hajat kariaan rongkah mah, pitilu bulaneun deui gè, di imah tèh geus mimiti paciweuh, rèa jalma nu babantu awèwè-lalaki, tatangga jeung balad-barayana nu dareukeut.


Ibu-ibu patinggareduk narutuan opak ketan dina jubleg di pipir. Sawarèh deui keur ngaguis ngocèk wajit-anglèng, jeung ladu di dapur, mani eur-eur sempal-guyon garogonjakan taya rèpèhna.

Di pakarangan tukang, dina paratag jeung dina kentèng sosompang dapur, mani mayakpak moè opak, ranginang, wajit-angleng jeung ladu dina tampir, nyiru, jeung dina samak pangopakan.

Gawè para ibu kitu tèh, teu cukup ku dua-tilu poè, malah mah sok aya mingguna, diteruskeun nyieun kaolahan sèjènna, bangsa keringan nu mampu dililakeun kayaning: noga suuk, noga wijèn, tèngtèng ketan, kuèh koya, kolontong, borondong, semprong, ranginang, jst.

Nyieun kuèh bolu badag keur adep-adep budak sunatan mah katut rupa-rupa kuèh keringan keur eusi   keler, èngkè wè pisaminggueun deui ka bregna hajat, dituluykeun kana kaolahan bangsa basahan pidua-tilu poèeun deui.

Kaolahan basahan tèh kayaning: peuyeum ketan, bugis, lapis, apem, lelemper, sarikaya, nagasari, papais, pasiuh, moci, cocorot, surabi, cuhcur, pisang onggol-onggol, rengesing, putu mayang, awug, surandil, jst.


Pisabulaneun deui ka hajat, di pipir dapur nu narampolan suluh mani dokdak, terus dipoè sababaraha jolongan, ditambah ku suluh awi gararing, sababaraha tanggungan keur salosorna.

Domba jalu nu baradag, ngajajar dina cangcangan, keur dipoyankeun, bari terus moyèg naleunggaran pancuh panyangcanganana, selang-selang raong disarada, sorana semu peura.

Ari sapi mah keur ditungtun-tungtun ku calon budak sunatan, diaping ku nu ngangonna, bari pada ngabring-ngabring ku barudak tatanggana.

Pisabulaneun deui tèh, sahibul hajat, kudu geus nepungan Bapa Paraji sunat, disebutna Nyangcangkeun, ngutus wè kokolot nu geus lazimpurah nyangcangkeun, mawa sasajèn kayaning: seupaheun sapuratina makè bako wajah, seureuh salèlèd, jambè sarupihan, bako molè salibar jeung daun kawungna, minyak anyir, endog hayam menyan-rampè, diwadahan kana bokor.

Paraji sunat tèh kudu tiba pidua poèeun deui ka ngeureut, di poèan tetebah, diayakeun acara ngagusaran jeung nga-huripan budak sunatan, dibarengan ku juru hias.

Waktu nyangcangkeun tèh, sakalian uang keur honorna Bapa Paraji Sunat dipasrahkeun harita disebutna uang Serema. Gedèna uang serema gumantung kana martabat kalungguhan sosialna nu boga hajat, saperti nu rèk hajat rongkah nu kacaturkeun dina tulisan ieu mah, mèrè seremana tèh teu kurang ti saringgit. Jaman harita kalolobaanana mah marèrè serema ka paraji sunat tèh ti harèkat satalèn, lima ketip, nepi ka sarupia.

Pidua minggueun deui ka prungna hajat, aya acara Nutu parè Salawè, dipirig ku gondang, hartina nutu parè salawè geugeus, padahal buktina mah nepi ka 50 geugeus (samadèa), malah nepi ka sacaèng pisan alias 100 geugeus, pikeun sasadiaan hajat rongkah tèa.

Dina poèan nutu parè salawè tèa, saung lisung jeung lisungna diberesihan dirarangkènan makè umbul-umbul pucuk kawung, unggal pangèrèt saung lisung dirarawisan ku pucuk kawung digantèlan kupat tangtang angin jeung tèktèk.

Dina beuheung hulu lisungna dikongkorongan ku kantèh badag beunang ngagintir (mintal) Di dadakan tina kapas-rèndè, bari dirarawisan makè tiiran konèng, panglay, rampè jeung tèktèk.

Nu rèk marilu nutu parè salawè tèh diwangun ku rombongan ibu-ibu jeung para mojang nu lalenjang maranis, nu geus lazimbarisa ngagondang.

Dangdananana, kabèh marakè samping kebat weuteuh, tanpa kabaya. Ibu-ibu marakè kutang, dibeulitan karembong weuteuh semet harigu, digelung jucung.

Ari para mojang mah marakè steples, digarelung umummarakè tusuk kondè jeung manglè, tiiran kekembangan saaya-aya di pilemburan, kembang malati atawa kembang campaka jeung kananga.

Geus bèrès ngarajah, Ibu lulugu rombongan tèh terus mura-murakeun beuweungan panglay ka saban juru saung lisung, terus ngahaleuangkeun rajah pamunah ku lagu kidung nu kieu pokpokanana: 

1.
Amit Sun ka Sangrumuhun,
Neda widi para Pohaci,
Nu ngaping Kersa Nyai,
Pangasuhna Nyi Dèwi Sri.

  Kawasan Rekreasi Alam Talaga Bodas Garut

2.

Nu saranggeuy rèk dipeuseul,
Nu sacangci rèk disisil,
Ditutu di lisung Bungur,
Haluna ku halu kukun. 

3.

Bèasna borolok bodas,
Ditande boboko hoè,
Diwadahan kana sumbul,
Siuk langgeng,
siuk dèngdèng. 

4.

Ngisiken satapok pinang,
Sanguna pinuh sadulang,
Saeutik manjing di mahi,
Mun loba manjing di nyèsa. Tina Majalah Sunda Manglè no.1716. Ku: Ubun Sopandi Nyambung ka bagean: 1 2 3 4 5 6