close

Buku Basa Sunda Jaman Baheula




Babandingan Bandung Kiwari jeung Bihari
Tina : Manglé no. 879. 3-9 mei – 1983

Baréto mah cenah, jaman saméméh perang penerbitan buku-buku teh dimonopoli ku pamaréntah (Walanda), nya éta Balé Pustaka. Buku-buku nu diterbitkeun ku partikulir, mudah pisan sok dicap liar.

Buku-buku nu dikaluarkeun ku Balé Pustaka, caritana aralus, kitu deui basana, najan eusina dipahing ngabit-nyabit permasalahan politik. Bangsaning Joehana, Muhammad Sanusi katut nu séjénna dina jaman harita teu mampu asup ka Balé Pustaka. Nya karya-karyana sok diterbitkeun sok diterbitkeun penerbit partikulir téa, diantarana nu sohor di Bandung jaman harita Dachlan Bekti jeung M.I. Prawirawinata.

Keur budak di lembur kuring, kuring kungsi maca Rasiah nu Goréng Patut karya Joehana. Cenah béjana Joehana mah ngan ngabéréskeun wungkul da carita aslina mah dikarang ku Soekria. Mun teu salah taun 1960’an, Karnadi Anemer Bangkong atawa Rusiah nu Goreng Patut téh kungsi dicitak deui ku kiwari.

Jaman harita kuring kungsi maca Diarah Pati karya Margasulaksana, Budak Teuneung karya Samsudi, Numbuk di Sue karya Moh. Ambri, Baruang ka nu Ngora karya D.K. Ardiwinata jeung sambunganana Gogoda kanu Ngarora karangan M.A. Salmun.

Atuh buku-buku bacaan liar nu dikaluarkeun ku penerbit partikulir, kuring gé sok maca deuih, najan henteu réa wedalan Balé Pustaka. Diantarana Mahala Bapa karyana Utuy T. Sontani. Jadi saméméh jadi sastrawan Indoneia nu kakoncara téh (sastra antukna ngalaman nasib tragis, kabaud ku Lékra, maotna gé di nagara deungeun) geuning nulis carita murahan heula dina basa Sunda. Buku Oray Welang nu nyeta-nyeta carita detektip gé kungsi maca, sedih saha nu ngarangna, hilap deui. Japati Sajodo karangan Endon, Nu Ngangeugeuh Curug Ganggong jeung lian-lianna.

Ari buku-buku Balé Pustaka macaan téh dina perpustakaan eksklusif bapa. Da resep téa, Bapa mah sok ngagaleuhan buku-buku Balé Putaka. Sok dikirimkeun daftar bukuna gé, malah maké ngalanggan Pembingbing Pembaca sagala, ti balé Pustaka deuih. Toko buku langganan téh S. King, di jalan Dalem Kaum. PT. Besar kiwari mah, kacepét ku toko-toko jeung warung kadaharan : soto, emih kocok, kupat tahu jeung lian-lianna.

Buku-buku wedalan penerbit partikulir mah sok nginjeuman baé, da sigana Bapa tara ngahajakeun meulian. Asana aya kétang di Bapa téh, Tambera karya Utuy Tatang Sontani. Duk penerbit mana-manana mah, ngan tetela lain Balé Pustaka, jadi meureun ka asup bacaan liar téa. Kadieunakeun Tambera téh kungsi dibaca deui, sabada kuring sakola di Bandung. Rada kagét,  da geuning diterbitkeunana ku Bale Pustaka jeung dina basa Indonesia deuih !! Tina bacaan liar jadi nyastra, ku H.B. Jassin gé dipuji pisan dina Kesusastraan Indonesia Modern dalam Kritik dan Esei. Anéh, bet bisa mancala putra-mancala putri.

Taun 60’an puluhan pamor Balé Pustaka mimiti luntur, statusna dipagorenyangkeun, antukna jadi Dinas Penerbitan Balé Pustaka. Harita geus langka ngaluarkeun deui buku-buku basa Sunda.

Nya jaman harita di Bandung mimiti rea penerbit-penerbit partikulir anyar nu ngaluarkeun buku-buku Sunda.
Nu pangheula waé diantarana Kiwari jeung Cupumanik. Pinilih deuih buku-buku nu dikaluarkeunana gé ku éta dua penerbit téh. Buku-buku sastra réréana mah, mun teu kitu buku-buku nu aya ajénan bangsaning Percakapan Dengan Stalin karya tokoh komunis Yugoslavia nu ngabélot, Milovan Dijilas, nu ditarjamahkeun ku Saini KM. Tangtu baé kana kituna téh, da béjana di dinya té aya Ajip Rosidi. Atuh Komara, mangsa harita kaitung penerbit buku-buku Sunda nu daria. Randa Béngsrat, Dédéh, Wilujeng énjing, karya Jus Rumsani, dongéng-dongéng modél Si Beulah, dia antarana nu diterbitkeun ku Komara teh.

Lian ti éta Pusaka Sunda deuih penerbit buku-buku Sunda anu daria téh. Najan dina masalah honorqarium tacan pati bérés jeung nyugemakeun ogé, tapi teu beunang dipungkir, Pusaka Sunda téh geus méré kasempetan ka para pangarang Sunda, pangpangna ka angkatan anyar, pikeun midangkeun karya-karyana. Malah buku-buku nu baréto diterbitkeun ku Balé Pustaka réa dipindo citak ku Pusaka Sunda.

Taun genep puluhan ngahaeub ka taun tujuh puluhan, bisa disebutkeun nya momen penting dina permasalahan penerbitan buku-buku Sunda. Duka kumaha mimitina, sigana kailhaman ku suksésna Motinggo Busye dina Basa Indonesia, di Bandung kamreg ku buku-buku basa Sunda aripis, dicitak ku Henpres. Wawayagon pisan : jilidna ipis gambarna ngan sawarna bari nya kitu asal pisan dijieunna gé. Meureun ngahaja sina ipis sajilidna téh, ngarah murah hargana. Da ari dongéngna mah pararanjang, tampolana mah nepi ka dua puluh jilid. Sukarna pangarang nu ngamimitiana téh.

Ceuk béja mah, manéhna téh nu boga taman bacaan jeung percétakan Henpres di Gang Aurora. Caritana di tulis ku sorangan. Atuh ti mimiti ngesét nepi ka nyitakna gé henteu ku batur.

Judul-judul bukuna propokatif, cara judul Aneka Ria Srimulat : Nu Dénok Kasarandog, Nu Dénok di Dodoho jeung lian-lianna adeui. Payu deuih, réa nu mikaresep. Atuh sabataé ditarurutan ku nu lian, bangsaning Wahyu Adam, S. Sukandar jeung lian-lianna. Acara dongéng dina radio gé bahan-bahan caritana téh basa kakara pisan dimimitian mah sok nyokot tina buku-buku Sukarna téa.

Kiwwari buku-buku Sunda téh henteu ceuyah cara kafeéto. rajeun aya nu ngalieurkeun, insidéntil baé, ihtiar barudak ngora nu gedé katineungna kana sastra Sunda, cara Durma Kangka. Nu kawilang daria, di antarana Mitra kancana, jeung Rahmat Cijulang. Pustaka jaya gé kungsi nyoba-nyoba, namun ngan berpengaruh sababaraha judul baé.

Nu taya robahna ti bihari tug nepi ka kiwari, buku-buku Sunda téh fisikna angger lalémér, aripis. Atuh tara besar lengan berkuasa lila, babari pisan amburadulna téh. Cag, teundeun di handeuleum sieum, tunda di hanjuang siang.