close

Sejarah Wayang Bahasa Sunda Volume 1


Sejarah Wayang 
Lamun urang pareng ngabandungan pagelaran wayang boh dina radio atawa dipanglalajoanan, sok ka kuping galindengna kawih pasinden unina saperti : Kasenian kabudayaan Titinggal karuhun urang.

Kumaha ari kasenian wayang naha titinggal karuhun urang ? Pikeun ngajawab ieu patarosan, bener atawa henteuna, tinangtu mikabutuh anu jembar. Di dieu urang cutat pamendak sareng pedaran para mahir tina bab wayang.

Numutkeun pedaran Bapa M. Wangsaatmaja dina gempungan para Dalang 1952 kaunggel : Kumaha asal-usulna nu mawi di urang (di Pulau Jawa) aya wayang ? ringkesna : Lalakon wayang asal ti India anu kitabna kosohor disebat Mahabharata karangan Abiasa. 

Leresan ieu poma entong lepat mangartos, sanes model wayang anu saperetos di urang ayeuna : di ditu mah mung dongengna wungkul anu kitabna pohara di-pusti-pustina. Ditariru diconto didaramel misil, manawi ibarat urang didieu kana Al Qur’an.

Kitab Mahabharata tadi sadongkapna ka Pulau jawa ngahudang kana ngadaramelan wawayanganana anu kawit digambir dina daun lontar, teras dipintonkeun  dianggo propaganda ngaliarkeun agama Budha.

Dina ngawitan ngadegna Agama islam, ieu kabudayaan Budha teh ku para wali didaramel padika digulang-gaper kalayan disampurnakeun katut tatabeuhanana : lalakon-lalakonna dilebetan jatining ka-Islaman.

Geura sindirna oge dina murwa disebatkeun sabada medarkeun aksara anu 20 (Ha-na-ca-ra-ka .. sst).
Metukakeun malih
Wianjana Wianjani
Wianjana : Sir rama, Wianjani:
Sir ibu.
Sir kangjeng rama tumiba mareng
Sir kangjeng ibu.
Tumiba malih ning kenya puri
kenya iku wewadah puri : monyet
ton …. pundi kang diangg
ge jejer ?
Keraton (Ngasti upa-mina).
 

Tah di dinya parantos rek tembong dunya sagir-na”
 

Kitu numutkeun pamendakna Bapa M. Wangsaatmaja mah. Gelarna kasenian wayang teh sadongkapna Kitab Mahabharata, samemeh sumebarna agama Islam, anu kawitna digambar dina daun lontar.
 

Ari pedaran Bapa Akip Prawirasuganda(almarhum) mah kieu unggelna : Ayeuna mangsa urang teraskeun ku ngawitan gelarna wayang, nanging ti sateu acana urang terangkeun heula, naon hartosna ari kecap wayang. Numutkeun pamendak para bujangga mah ieu teh ayanu kawit tina wayangaya anu nerangkeun deui tina ‘wa-hyang’.
 

Wa aya nu nerangkeun hartosna : caang, terperinci, gambar, aya deui cenah eta teh rarangken di hareup margi aya keneh dina kitab kawi, sapertos : wahiri anu hartosna hiri dengki.
Dupi kecap yang hartosna, teu ajeg atanapi owah-gingsir atanapi hanteu ajeg.

Kaprikornus sami bae kecap wahyang sareng wayang teh hartosna gambar lelembutna, gambar roh, kalangkang jiwa. Sanajan yang sareng hyang benten hartosna, nanging upami nyukcruk diangkar kecapna mah sami bae tina yang hartosna-owah gingsir.

Naon margina nu mawi wahyang ; sareng wayang teh hartosna gambar lelembutan atanapi owah gingsir, margi lelembutan teh ongkoh ceuk kapercayaan bangsa urang kapungkur dipandangna owah gingsir.

Naon margina nu mawi wayang disebat gambar lelembutan ?

Ti baheula dugi ka kiwari teh nyorang 5 jaman:

  • Jaman nyembah ka bangsa lelembutan.
  • Jaman ngagem agama Hindu.
  • Jaman ngagem agama Islam dugi ka ayeuna.
  • Jaman kadongkapan bangsa Eropa
  • Jaman Merdeka … Nyambung ka bagean 2