close

Dongeng Sunda Nyi Sekar Arum


Nyi Sekar Arum geus jadi budak pahatu lalis Dongeng Sunda Nyi Sekar Arum
Nyi Sekar Arum geus jadi budak pahatu lalis,
unggal poé ngadingdiut baé ceurik ingeteun ka indungna

Kacaturkeun jaman baheula, aya hiji randa terbelakang anu beunghar, imahna alus tur gedé. Mundingna réa. Sawah jeung kebonna lega. Ingon – ingon sabangsa, hayam, meri, éntog, jeung soang mah, geus teu ka itung. Saking ku lobana. 


Éta randa boga anak awéwé hiji, ngaranna Nyi Sekar Arum, kakara umur tujuh taun. Kacida dipikameumeutna ku indungna, da ngan hiji-hijina pisan, turug-turug Nyi Sekar Arum rupana hadé, budakna kayungyun, nya bageur, nya singer, nya calakan. Nyi Sekar Arum mah unggal poé téh, ngeletek waé ulin sorangan di pipir imahna, dadagangan atawa angeun-angeunan, tara jarambah ulin ka nu jauh.

Jeung teuing ku beresih deui, Nyi Sekar Arum mah. Isuk-isuk téh ku Emana geus dimandian, rap didangdanan sina maké samping; sarung leutik, maké kabaya, tuluy baé ulin.
Dina hiji mangsa indung Nyi Sekar Arum gering payah, nepi ka maotna. Ayeuna mah imahna, kebonna dicekel ku pamanna, dulur indungna Nyi Sekar Arum, da Nyi Sekar Arum leutik kénéh.


Nyi Sekar Arum geus jadi budak pahatu lalis, unggal poé ngadingdiut baé ceurik ingeteun ka indungna. Ari ka bapana mah teu nyahoeun, da basa bapana hilang, manéhna nyusu kénéh, kakara ngorondang.

Mimitina mah ku pamanna, ari Nyi Sekar Arum ceurik téh sok diupahan, pokna, “Enggeus Eulis, ulah nangis, da nu nyaah mah aya Emang aya Embi. Engké ku Embi dipangmeulikeun samping alus, baju alus, suweng alus, geulang alus. Enggeus ulah sok nangis nya, da Eulis mah bageur.”

Nyi Sekar Arum ari dipapagahan ku pamanna, ku bibina téh sok jep baé répéh, tuluy léos deui ulin di pipir imahna.
Tapi ari geus lila mah pamanna jeung bibina, tara daék ngupahan, jadi barengis deui, sok ngarangkétan. Ari Nyi Sekar Arum ceurik ingeteun ka indungna, kalah sok disentak bari dicarékan.

“Tah, budak beuki ceurik téh geus ngéng deui léwéh. Halik nyingkah sia ka ditu, gandéng!”
Mindeng Nyi Sekar Arum tara dibéré dahar. Ari ménta sangu ka bibina sok disentak. Atuh nepi ka dua poé luntah-lentéh, ngan sok dahar hui atah, atawa sampeu beunang ngoréhan ti kebon.

Ku bibina mindeng dibuburak ti pipir, kaléng-kaléng paranti ulinna dialung-alungkeun ka jarian.
Nyi Sekar Arum sieuneun, ari nénjo bibina ambek-ambekan bari ngamang-ngamangkeun gagang sapu téh, sok léos baé nyingkah, ngadon ceurik di kuburan indungna. Gék diuk deukeut tutunggul, pék ngawih:


kuring ku Emang disatru, 
Emang Embi sering bendu,
teu kersa maparin sangu.

Ema-ema peurih peujit,
Emang téh ka kuring sengit,
kanyaahna enggeus leungit,
Embi mah teuing ku delit.

  Kisah Sunda Sasakala Gunung Putri

Ema-ema ieu kuring,

nalangsa beurang jeung peuting, 
di saha kuring nya cicing,
Embi mah mindeng sok pusing.

Ema-ema cing tulungan,
ieu kuring ngan sorangan, 
henteu manggih dadaharan,
ku Embi teu dipasihan.

Ema-ema peurih beuteung,

Ema ka dieu sakeudeung,
da kuring ngarasa keueung,
di imah kuring teu ludeung.


Ngelak baé Nyi Sekar Arum ngawih. Ari geus burit kakara balik ka imahna. Ari katénjoeun ku pamanna Nyi Sekar Arum kakara tiba, gorowok dicarékan.

“Tah, budak épés méér téh kakara puncengis, keun entong dibéré nyatu, bongan mumul digawé!”
Nyi Sekar Arum teu meunang unggah ka imah, sok dug waé saré di pipir, ngagolér dina taneuh. Isuk-isuk poék kénéh ogé geus koréjat hudang, tuluy deui ka kuburan emana, pék deui ngawih.


Ema-Ema tiris teuing,
kuring henteu boga samping,
samping ku Embi dikeumbing,
buligir kuring sapeuting.


Ema-Ema kuring tulung,

ku Emang kuring ditundung,
teu meunang unggah ka imah,
Emang teu aya kanyaah.


Sabot Nyi Sekar Arum keur ngelak ngawih, ujug-ujug podonghol baé aya jantung tina kuburan emana, harita kénéh jantung téh beukah, oérna geus marurag, geus jadi cau saturuy, geus konéng, teu lila asak cau téh, cau emas malutiktrik baleuneur naker.

Nyi Sekar Arum mimitina mah olohok baé, nénjo jantung geus jadi cau téh, lila-lila pok ngawih deui.


Ema-Ema aya jantung geus jadi cau saturuy,
cau asak matak uruy,
ku kuring arék dipupu.


Pék ku Nyi Sekar Arum cau téh dipetik tina sikatanana, am didahar, pék deui ngawih.

Ema-Ema cau wangi,
teu cara Embi nu bengis,
Ema-Ema cau ngeunah,
teu cara Emang ngarinah.


Ayeuna mah Nyi Sekar Arum, tara peurih beuteung, henteu dibéré sangu ku bibina ogé, da meunang cau di kuburan emana saturuy-saturuy. Pamanna kagéteun Nyi Sekar Arum jagjag waé, sakitu tara dibéré dadaharan. Dina hiji poé ku pamanna diintip. 

Sabot Nyi Sekar Arum keur ngahénggoy dahar cau digebah ku pamanna, cauna ogé direbut. Nyi Sekar Arum digebugan ku pamanna, bari dicarékan, “Nya sia nu sok malingan cau aing téh, paingan cau ti kebon sok béak-béak baé, nya éta baé dipalingan ku sia. Kudu dipalidkeun ka walungan ayeuna mah, ieu budak bangkawarah téh!”

Ngan kerewek baé Nyi Sekar Arum dicekel, tuluy dibanda leungeunna, reketek dibeungkeutkeun kana gebog. Gejebur baé dipalidkeun ka Citarum.

“Hag sia puas ayeuna mah, éta budak nu sok malingan cau téh, geus ngaléong palid ka hilir. Keun sina paéh, dihakan buhaya!”

Léos baé pamanna balik ka imahna.
Nyi Sekar Arum ngangkleung baé dina rakit gebog, palid di Citarum. Geus jauh naker ti lemburna, kakara manéhna inget, geuwat manéhna ngawih deui sasambat ka indungna.


Ema-Ema kuring tiwas,

Emang haténa bet luas,
ka kuring rék ngarah pati,
teu nyana bet goréng ati.

Ema-Ema neda tulung,
Ema nu jadi papayung,
Ema-Ema neda tulung,
Ema nu jadi papayung.


Ngangkleung baé Nyi Sekar Arum palidna di Citarum. Ari ngaliwat anu nyedot, gebogna tarik palidna, atuh mani lelenyapan haténa, sieun gebogna tibalik. Ari palebah nu liuh sok ngulibek, Nyi Sekar Arum ruménjag sieun disantok buhaya.


Kacaritakeun Mas Patinggi Kedung Gedé, anu kaceluk beunghar, eukeur sukan-sukan jeung saputra-garwana, ngadon milet ngarala lauk di Citarum, di Leuwi Janggala Sari. Ari keur meujeuhna raraména nyariukan lauk ku lambit, ujug-ujug soloyong baé rakit Nyi Sekar Arum kana palebah piletan. Atuh jelema-jelema téh buriak baé paheula-heula haranjat ka darat, da sarieuneun, marukan anu dibobontot téh jalma anu paéh kasarad.

Tapi barang diawas-awas ku Ki Mas Patinggi, bet budak awéwé, beunang ngaborogod. Atuh geuwat baé ditulungan, dihanjatkeun ka darat, talina diudaran. Teu kira-kira Ki Mas Patinggi atoheunana, keur mah teu boga anak awéwé, ari ayeuna nimu budak awéwé sakitu geulisna. Tuluy baé Nyi Sekar Arum dibawa balik ku Nyi Patinggi, dipulung anak dipikanyaah pisan. Ari geus gedé dipulung minantu, dikawinkeun ka anak Mas Patinggi anu bungsu.

Ayeuna mah Nyi Sekar Arum geus jadi urang Kedung Gedé jadi jelema sugih, hirup bahagia geus jadi Nyi Patinggi, nuluykeun kapangkatan mitohana.

  Kisah Sunda Sasakala Watu Gede Tasikmalaya

Dongeng Sunda Si Rawing
Wawacan Panji Wulung
Sasakala Situ Cikuda Gunung Manglayang