close

Kisah Sunda Sasakala Pangalengan Ii

Kiduleun Kota  Bandung aya hiji tempat nu rada kajojo oge Dongeng Sunda Sasakala Pangalengan II
Pangalengan 27 Desember 1930

Dongeng Sunda Sasakala Pangalengan

Kiduleun Kota Bandung aya hiji tempat nu rada kajojo oge, nya eta Pangalengan. Nu matak loba nu sok arulin ka dinya, ku sabab ngeunah hawana, katambah aya paranti pelesiran deuih, nya eta situ Cileunca.
Ceuk beja, sasakalana ngaran pangalengan teh kieu:
Di eta kawasan, baheula aya guha panyumputan karaman (rampog/ begal). Rahayat sakabupaten Bandung pohara tagiwurna ku talajakna eta karaman teh, sarta pamarentah oge enggeus teter (eleh).

Kacaritakeun, aya nu wani toh pati,mampu ngabasmi eta karaman, nya eta camat majalaya. Estu nyalira pisan anjeunna lebet kana guhana karaman teh, teu nyandak bedog buntung-buntung acan. 

Sanggeus sawatara waktu kurumuy anjeunna kaluar deui tina guha, bari nyangkeh gegedug karaman. Panganggona mani rawing tapak bedog reujeung pedang, tapi teu bared-bared acan salirana mah. Di luar geus nyampak Bupati jeung gegeden ti Bandung. 


Bawaning ku bingah, Camat Majalaya dikaleng ku Bupati, dipisalin, sarta dipaparin gelar Demang bari dilandi jenenganana jadi Raden Raksanagara.

Tah kitu cenah sasakala ngaran eta daerah teh. Nu matak disebut Pangalengan,nya eta tempat Camat Majalaya dikaleng ku Bupati Bandung. Tina:Kandaga 1957.

  Dongeng Sunda Carita Si Loleng