close

Dongeng Sunda Carita Si Loleng

 Bupati Singasari Panatayuda I kagungan tukang miara kuda Dongeng Sunda Carita Si Loleng

Carita Si Lolèng

Bupati Singasari Panatayuda I kagungan tukang miara kuda, ngaranna Si Lolèng. Ari ngaran aslina mah Jaka Polèng. Dina hiji waktu Si Lolèng keur ngarit manggih cangkang oray atawa kulit pamegaran oray.

“Lakadalah, aya bagja ieuh!” ceuk Si Lolè  Èng bari nyokot cangkang oray, sarta tuluy dibeulitkeun kana beuheungna.
Waktu balik, bari nanggung sundung nu pinuh ku jukut, jalma-jalma arolohok aneheun, “Har, itu gera aya sundung ngalayang sorangan.” ceuk nu ningali.
“Mana ? mana ? ceuk nu sèjèn.
“Itu !

“Aèh, enya! kami mah kakara nènjo aya sundung bisa ngalayang!”

Cangkang oray tèh dibuka tina beuheungna, nu nènjo umumdeui.
Katèmbong nu nanggung sundung tèh Si Lolèng. Jalma-jalma tingharèwos jeung padabaturna. Cangkang oray dibeulitkeun deui, Si Lolèng teu katingali ku nu sèjèn, ngan tanggungan jukut waè nu katempo maju ngalayang.

Si Lolèng jadi adigul, “Lamun aing makè cangkang oray, aing teu kadeuleu ku jelama, keun rèk dicoba deui !”

Ku manèhna dicoba deui, cangkang oray tèh dibeulitkeun deui, Si lolèng teu katingali ku nu sèjèn, ngan tanggungan jukut katempo maju ngalayang.

Ku manèhna dicoba deui, dibeulitkeun kana beuheungna. Tuluy manèhna nyampeurkeun pagawè kabupatèn nu keur ngariung. Si Lolèng teu dipirosèa. Pagawè kabupatèn nu awakna lintuh disinteruk ceulina. manèhna ngagurubug reuwaseun.

“Nanaonan silaing nyintreuk ceuli dèwèk?” cenah, bari nyentak kabaturna nu diuk gigireun. Nu disentak olohok, da teu rumasa nyintreuk.

“Teuing ! Dèwèk mah teu rumasa!” pokna bari nyentak. Keur kitu panakol kai nu aya dihareupeun nu duaan ngalayang. Peletak, panakol tèh ngetrok sirah pagawè kabupatèn. Nu nempokeun pating olohok. Reuwas pacampur sieun. Si Lolèng beuki bungah, jalma-jalma teu awasaeun ka manèhna.

  Cerita Sunda Carita Ciung Wanara

Si Lolèng beuki adigung baè. Ceuk hatèna, “Aing rèk nyoba Bupati ceunah luhung èlmuna !.”

Dina hiji waktu Bupati Singasari Panatayuda I nuju ngariung taruang sakulawarga. Si Lolèng nyampeurkeun, “Aing hayang nyatu bersamajeung Bupati !” ceuk hatèna.

Kabeneran, korsi katuhueun Bupati kosong. Gèk, Si Lolèng nu beuheungna geus dibeulit ku cangkang oray tèh diuk gigireun Bupati. Tuluy milu dahar saseubeuhna. Ku kulawaraga Bupati, Si Lolèng teu katingalieun milu dahar bareng.

Waktu BUpati badè nuang daging hayam, ku Si Lolèng dicokot tina bahamna.

“Sètan, siah ! Si Lolèng jadi sètan !” saur Bupati bendu, “Ti tadi ogè sia tèh kadeuleu, Lolèng ! Hayang milu nyatu mah kop tèh teuing, ngan ulah belengong kitu !”

“Hampura abdi Dalem !”

“Dèwèk mah moal ngahampura. Manèh teu meunang balik deui ka dunya jadi jelema, manèh jadi sètan !”

“Sawios teu meunang balik deui ka dunya jadi jelema ogè, da geus nasib abdi. Asal abdi diwidian kumawula saterasna ka dampal Dalem sareng turunan dampal Dalem.”

“Pèk teh teuing rèk kumawula ka dèwèk jeung ka kulawarga dèwèk mah, tangtu ditarima.

Ti harita Si Lolèng teu mampu balik deui ka dunya jadi jelema, ku saciduh metu saucap positif Dalem Singasari panatayuda I.

Cenah, nepi ka ayeuna ogè katurunan Dalem Singasari Panatayuda mah Si Lolèng tèh sok nèmbongan sakali-kalieun upama kawènèhan, mangrupa wujud oray. Dicutat tina Kandaga Wikara.

Dongeng Sunda Lainnya :

Dongeng Sunda Budak Tukang Ngadu Hayam
Dongeng Sunda Monyet Maling Kopeh
Sasakala Kalapa Genep tasikmalaya
Dongeng Sunda Ciung Wanara