Carpon Pangalaman Keur Budak
Waktu kuring sakola di Bandung, kuring téh kaasup pangleutikna, pangkuruna jeung panghéngkérna deuih. Atuh ana pareng aya nu ngagelutan tèh tara ngalawan, ngan bati ceurik jeung ngarasakeun baé tapak diteunggeul batur.
Méh unggal poé saban balik ti sakola,papakéan kuring sok kalotor ku leutak atawa ku taneuh ngebul, urut labuh didupak batur dina waktu maén bal.
Ku sabab éta, indung kuring teu wudu jéngkéleunana, tina mindeng teuing mangnyeuseuhkeun papakéan kuring.
Panggelendeng jeung papatah indung biar kuring apik kana papakéan, ngan ukur popoéan bae ingetna téh. Ku Bapa téré mah kuring téh disebut budak basangkal, tara nurut kana papatah kurang pandai. Tapi ari di sakola mah, babakuna di jero kelas, kuring teu rumasa jadi budak basangkal, da buktina guru kuring pohara nyaaheunana.
Sanajan waktu harita kuring boga awak leutik, begang, héngkér jeung sirah kampéng, kuring ngarasa bagja kacida réh boga uteuk jeung fikiran nu leuwih terang. Leuwih calakan batan nu séjén.
Bapa téré kuring teu nyahoeun,yén kuring budak pinter jeung dipikanyaah ku guru, sabab di imah kuring téh tara ngapalkeun atawa bucu-baca kawas babaturan. Balik ti sakola téh taya deui gawé lian ti ulin. Mun usum langlayangan, sok ngadu langlayangan. Usum panggal sok ngadu panggal.
Péndékna sakur kaulinan budak mah ku kuring disorang kabéh.
Barang kuring geus kaluar ti sakola, sagala kalakuan budak téh ditungtut dipiceunan, diganti ku ngalampahkeun papatah kolot jeung nyumponan pangabutuh, nyaeta mantu-mantu gawé di sawah, sagawe-gawé di imah. Ari neangan pakulian kawas batur mah taya petana, moal aya nu percayaeun yén kuring sanggup saregep jeung besar lengan berkuasa kana gawé. Puguh awak kuring leutik, turug-turug umur kuring kakara genep welas taun. Dicutat bari diropea tina : Budak Minggat karangan Samsudi. ©
Papatah ka Budak Yatim – asmarandana
Duh Ujang masing prihatin
da puguh Bapa geus hilang
asal ulah maling baé
ari rék kula-kuli mah
taya halanganana
teu kudu éra ku batur
puguh urang henteu boga
Make entong hayang ginding
asal ulah maling baé
ari rék kula-kuli mah
taya halanganana
teu kudu éra ku batur
puguh urang henteu boga
Make entong hayang ginding
dadaharanana saayana
tong nurutan budak séjén
batur mah baroga bapa
maké ngan kari ménta
kitu hayang lauk
daharna ogé kari am
Mungguhing manéh eksklusif
lamun teu bakal sorangan
moal maké moal nyapék
Ibu téh lain teu nyaah
euweuh bikeuneunana
sateu-nyaahna gé indung
ka anak moal iklas …. Tina Taman Pamekar Jilid V
tong nurutan budak séjén
batur mah baroga bapa
maké ngan kari ménta
kitu hayang lauk
daharna ogé kari am
Mungguhing manéh eksklusif
lamun teu bakal sorangan
moal maké moal nyapék
Ibu téh lain teu nyaah
euweuh bikeuneunana
sateu-nyaahna gé indung
ka anak moal iklas …. Tina Taman Pamekar Jilid V
Artikel Sejenna :