close

Carpon Sunda – Nu Mulang Wanci Sareupna

 silih titipkeun diri nepika tungtung umur Carpon Sunda - Nu Mulang Wanci Sareupna

Nu Mulang Wanci Sareupna

Hujang girimis ti rebun kénéh teu reureuh. Ti lembur ka lembur ti imah ka imah, Ceu Ocih ngider dagang, jualan urab jagong, goréng ulén, kurupuk emih dikuahan, keur numbu hirupna jeung salaki sapopoé. Mang Udung salakina kacilakaan, sababaraha taun katukang waktu ngabéca dikota, ditabrak ku mobil, nu nabrak kabur teu tanggungjawab. Boga sawah sacangkéwok warisan terbelakang Ceu Ocih, béak dipaké uubar dirumah sakit. Mulang ti rumahsakit, Mang Udung teu mampu usaha, tatuna parna, nepika lumpuh teu mampu kukumaha.

Ceu Ocih tumarima kana kadar, hadé goréng Mang Udung salakina, lalaki nu ngawin manéhna kalayan niat mikanyaah, silih titipkeun diri nepika tungtung umur. Geus 20 taun lilana Ceu Ocih rumahtangga jeung Mang Udung, hirup duaan teu boga anak. Karasa nyaahna, tanggungjawab Mang Udung ka manéhna, sok sanajan Mang Udung nyiar rijki ukur buburuh dilembur, ngabéca ka kota pareng usum paceklik dilembur. Geus kedal ucap dina jero haténa, tetep pageuh kanu jadi salaki, babakti ka salaki, dina sukar senangna nepika maot misahkeun.

Laju ka soré biasana ramé nu jajan ku barudak lembur, kusabab girimis teu reureuh ti isuk, barang jualan Ceu Ocih nambru kénéh. Sugan jeung sugan aya kénéh rijkina, Ceu Ocih ngajejentul lebah pengkolan ngadagoan barudak nu jajan.

Langit beuki poék, pihujaneun gedé geus ngagayot di langit, rét kana barang jualan, rét tanggah nempo langit Ceu Ocih cengkat, geuwat mulang hariwang kanu jadi salaki. Méméh mulang nyimpang heula ka warung, meuli béas saléter jeung endog dua siki, geus kitu laju mulang gura-giru bisi kaburu breg hujan gedé, motong jalan ka kebon awi nu hieum.
Jol ka imah leutik disisi lembur nu dikuriling kebon awi, barang tampang panto imah teuteupna pa’tubruk jeung nu jadi salaki nu ngagolér dina samak, dina juru matana atra katingali aya cimata nu nyalangkrung. 
“Akang kunaon?” ceuk Ceu Ocih ngemu hariwang.

“Hampura akang Ocih, akang can mampuh méré kabagjaan hirup keur anjeun, katarimakeun lahir batin kanyaah Ocih ka Akang” tembal Mang Udung.
“Sssst, tong nyarios kitu akang, lahir batin Ocih mah nrimo” témbal Ceu Ocih.
“Lahir batin akang hampura, sakeudeung deui sareupna, akang rék mulang bojo akang” ceuk Mang Udung dumareuda, beungeutna alum lir langit katingker méga hideung.
“Mulang kamana ari akang, apan didieu imah urang, apan didieu urang hirup, teu dulur teu baraya, urang dua’an silih titipkeun diri akang” tembal Ceu Ocih.
Mang Udung teu nembal ukur imut, neuteup anteb Ceu Ocih parat kana jajantung. Adzan magrib hawar-hawar kadénge ti kajauhan, bareng ngongna adzan, Mang Udung ngaleupaskeun nafas panungtungan, mulang ka jati mulih ka asal, dipundut kunu Maha Kawasa.
Gebrét jeung séorna hujan awor pacampur jeung sora ceurik Ceu Ocih, hujan ngagebrét nu kawas dicicikeun ti langit, lir menyerupai milu nyeungceurikan, nganteur Mang Udung mulang. Kenging Mang Dedy Mehong