close

√ 555 Paribasa Sunda dan Artinya Paling Lengkap

Paribasa Sunda & artinya berawalan karakter K

  • Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salebak = Sauyunan, silih anteur kahayang. Artinya rukun seiring sejalan.
  • Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran = Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga jeung moal aya kamajuan. Artinya orang yg jahat, jail & dengki tak akan ada kemajuan.
  • Kabawa ku sakaba-kaba = Kabawa ku anu teu puguh. Artinya terbawa arus pergaulan jelek.
  • Kaceluk ka awun-awun kawéntar ka janapria, kakoncara ka mancanagara = Kasohor pisan, kawéntar kamana mana. Artinya populer ke mana-mana.
  • Kaciwit kulit kabawa daging = Kababawa kana hiji kasus, kabawa susah sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana. Artinya terbawa susah/terlibat duduk perkara meskipun tak salah/tidak ikut campur.
  • Kahieuman bangkong = Katempo beunghar pedah kapihaéan barang batur, teu boga ngan disangka aya padahal nu batur. Artinya terlihat terlihat kaya/mampu padahal barang titipan.
  • Kai teu kalis ku angin = Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan. Artinya setiap orang sebuah saat akan mengalami kesusahan.
  • Kajeun pait tungtung wangi, manan bacin tungtung pait = Tibatan ahirna matak susah, leuwih hadé dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana. Artinya dibandingkan dgn akhirnya bikin sulit, lebih baik diceritakan dulu di permulaan apa yg akan bikin susah.
  • Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung = Kajeun teuing capé gawé asal bisa dahar kalawan cukup. Artinya lebiih baik cape kerja dapi asal keperluan tercukupi.
  • Kalapa bijil ti cungap = Rusiah kaluar ti dirina. Artinya diam-diam keluar dr lisan sendiri.
  • Kandel kulit beungeut = Euweuh Kaéra artinya tak memiliki rasa malu.
  • Katempuhan buntut maung = Katempuhan piomongeun, nanngung akibat goreng tina pagawéan/kasalahan batur. Artinya menanggung akibat jelek dr kesalahan orang lain.
  • Katumbuan catur kadatangan carita = Loba anu embung sabab ngagedékeun jeung ngagugulukeun panyéréwédan. Artinya banyak yg tak mau karena mendengar hujatan.
  • Kawas anjing kadempét lincar = Gogorowokan menta tulung atawa nitah ka batur kawayan teu tabah bari ambek ambekan. Artinya teriak-teriak minta tolong atau memerintahkan orang lain dgn tak sabar bahkan sambil marah-murka.
  • Kawas anjing tutung buntut = Teu daék cicing artinya tak mau tinggal membisu.
  • Kawas beusi atah beuleum = Beungeutna beureum awahing ku ambek. Artinya wajahnya merah karena murka.
  • Kawas ka budak rodék hulu = Teu ngajenan, teu ngahargaan pisan. Artinya tak menghargai seperti pada anak kecil.
  • Kawas bueuk meunang mabuk = Ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempé teu nyarita. Artinya menunduk lemah atau diam seribu bahasa.
  • Kawas cai dina daun taleus = Ukur ngaliwat taya tapakna. Artinya tak ada bekasnya, tak membekas.
  • Kawas cucurut kaibunan = jelema anu goréng patut pisan. Artinya orang yg buruk rupa tak sedap dipandang mata.
  • Kawas hayam keur endogan = Cilingcingcat baé, teu bisa cicing, sok teu sabar atawa gelisah nungguan nu arep arep. Artinya ke sana ke mari, tak bisa tinggal membisu, tak sabaran atau gelisah menanti sesuatu yg dinantikan-tunggu.
  • Kawas hayam panyambungan = Tacan nyaho di kalér kidul, kawantu anyar kénéh aya di éta kawasan. Artinya tak tahu kondisi, bingung harus ngapain maklum masih gres.
  • Kawas jog-jog mondok = Teu daék répéh artinya tak mau diam atau berisik.
  • Kawas kacang ninggang kajang = Ngomongna norostos bari tarik, biasana ngeunaan ka awéwé nu keur ngambek bari nyarékan. Artinya bicara keras & cepat biasanya diumpamakan seorang perempuan yg sedang marah.
  • Kawas kapuk kaibunan = Leuleus, murungkut sieun tina tadina pepedengkreng. Artinya lemas, lemah, ketakutan.
  • Kawas kuda leupas ti gedogan = Sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu asa bebas tina aturan kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker. Artinya semena-mena mengikuti hawa nafsu merasa bebas dr aturan.
  • Kawas lauk asup kana bubu = Gampang asup kana pagawéan/ perkara tetapi hese kaluar. Artinya mudah masuk tapi sukar keluar (terperangkap).
  • Kawas munding ditendok = nurut, dibawa kukumaha oge nuturkeun. Artinya menuruti/mengikuti saja tanpa melawan.
  • Kawas nu dipupul bayu = Leuleus taya tangan pangawasa. Artinya lemah tak bertenaga.
  • Kawas nu mulangkeun panyiraman = Sok hayang nu lain lain sanajan matak ngarepotkeun ka kulawargana. Artinya suka ingin yg abnormal-gila, keinginan ingin tercukupi walaupun bikin repot keluarganya.
  • Kawas siraru jadi = Jelema pabaliut bakating ku lobana. Artinya orang-orang berkerumun sungguh banyak.
  • Kawas wayang pangsisina = Ngeunaan jelema nu goréng rupana. Artinya orang yg buruk rupanya.
  • Keur meujeuhna bilatung dulang = Barudak laleutik kénéh pisan keur meujeuhna bareuki dahar. Artinya anak-anak masih kecil lagi senang-senangnya makan.
  • Keur meujeuhna héjo lembok rambay carita = Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki. Artinya sedang kaya-kayanya.
  • Keur nuju béntang surem = Keur sué atawa tiis badan. Artinya sedang naas.
  • Kiceupna sabedug sakali = Pohara lungguhna. Artinya sangat pendiam.
  • Kiruh ti girang kiruh ka hilir = Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna ogé milu teu bener milu teu bageur. Artinya jikalau dr orang atasnya tak baik maka ke bawahnya pula tak baik.
  • Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran = Siga kekedemes atawa mangpang-meungpeung. Artinya diibaratkan orang yg seumur-umur tak memiliki kemudian mendapat rejeki banyak sikapnya seperti aji mumpung.
  • Kokoro nyoso, malarat rosa, idul fitri teu meuncit hayam = Kacida teu bogana. Artinya melarat.
  • Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Jelema anu pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur lain kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona. Artinya orang yg ikut-ikutan melaksanakan sebuah tindakan balasan terbawa arus, bukan dr keinginan sendiri sehingga terkesan buruk.
  • Kudu bisa kabulu kabalé = Kudu bisa mawa awak. Artinya harus bisa menjinjing diri.
  • Kudu bisa ngeureut neundeun = Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik. Artinya mesti bisa menertibkan keuangan supaya penghasilan sedikit cukup untuk kebutuhan & bisa menabung.
  • Kudu bisa pindah cai pindah tampian = Kudu bisa nyaluyukeun manéh jeung lingkungan anu anyar dicicingan. Artinya mesti bisa mengikuti keadaan/menyesuaikan diri dgn lingkungan gres.
  • Kudu boga pikir kadua leutik = Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga. Artinya jangan gegabah mesti berhati-hati.
  • Kudu hadé gogog hadé tagog = Hadé basa jeung tingkah lakuna. Artinya mesti bagus bahasa & kelakuannya.
  • Kudu nepi méméh indit = Kudu direncanakan kalawan asak. Artinya mesti merencanakan/ memperhitungkan sesuatu dgn baik sebelum melakukannya.
  • Kujang dua pangadékna = Hiji pagawéan anu ngandung dua rupa maksud. Artinya satu pekerjaan yg mengandung dua maksud.
  • Kulak canggeum bagja awak = Milik hadé atawa goréng anu geus ditangtukeun ti ajalina kénéh ku Gusti Nu Maha Suci. Artinya nasib yg menimpa diri sudah ditentukan oleh Tuhan.
  • Kumaha bulé hideungna baé = Kumaha engké baé buktina. Artinya bagaimana nanti saja.
  • Kumaha geletuk batuna gejebur caina = Kumaha gumantung hasilna engké. Artinya bagaimana nati hasilnya.
  • Kumaha kejebur caina geletuk batuna = Kumaha jadina baé, henteu jadi pikiran. Artinya bagaimana nanti saja tak dipikirkan.
  • Kunang-kunang nerus bumi = Bapana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng siga bapana. Artinya ayahnya sudah tak menjabat lagi, di anaknya permulaan selesai akan ada yg menjadi pejabat mirip bapanya.
  • Kuru cileuh kentél peujit = Daék tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun. Artinya mau tirakat supaya tercapai keinginan.
  • Kéjo asak angeun tiba = Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun. Artinya sejalan dgn pikiran tak menanti usang langsung dilaksanakan.

Paribasa Sunda & artinya berawalan abjad L

  • Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda = Arék cilaka mah ku kasalahan anu leutik ogé bisa, teu kudu ku kasalahan anu gedé baé. Artinya celaka biasanya oleh hal-hal kecil, tak selalu oleh perkara besar.
  • Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa béja, lain leumpang maladra = Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lampah sakaparan-paran henteu puguh anu dijugjug. Artinya bepergian dgn tujuan yg jelas bukan pergi tanpa tujuan.
  • Lalaki langit lalanang jagat = Gagah perkasa. Artinya lelaki gagah perkasa.
  • Landung kandungan laér aisan = Gedé timbanganana, gedé pangampurana. Artinya bijaksana, pemaaf.
  • Langkung saur bahé carék = Sok gampang ngagelendeng atawa nyarékan. Artinya mulutnya simpel marah atau ada kesalahan dlm perkataan.
  • Lauk jelek milu mijah = Maro-marokeun manéh; pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona. Artinya ikut-ikutan melakukan kasus yg bukan harapan sendiri tapi terbawa arus sehingga buruk kelihatannya.
  • Legok tapak genténg kadék = Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona. Artinya berpengalaman & banyak ilmu.
  • Leubeut buah héjo daun = Keur meujeuhna loba rejeki. Artinya sedang kaya-kayanya, sedang banyak rejeki.
  • Kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan = Pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana; gedé tinimbangan. Artinya bijaksana & adil dlm mengambil keputusan.
  • Leunggeuh cau beuleum = Teu bener dina ngajalankeun hiji pagawéan, memeh anggeus geus pindah kanu lain. Artinya sebelum sebuah pekerjaan selesai sudah mengerjakan yg lainnya.
  • Leungit tanpa lebih, ilang tanpa krana = leungit teu aya béjana, maot teu aya kuburanana, jadi taya raratanana saeutik-eutik acan, teu aya urut-urutna acan.
  • Leutik cahak, gedé cohok = Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaranna gedé. Artinya besar pasak dr pada tiang, yaitu besar pengeluaran ketimbang penghasilan.
  • Leutik ringkang gedé bugang = Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah saréréa. Artinya insan tak bisa dianggap sepele walaupun kecil tetapi kalau ada masalah/bencana alam tak bisa dianggap enteng, bisa repot semua.
  • Leutik-leutik ngagalitik = Awakna leutik tapi gedé kawani, artinya tubuh kecil tetapi pemberani.
  • Leuwi jero beunang diteuleuman, haté jelema najan déét teu kakobét = Eusi hate jeung pikiran jelema hésé dikira-kirana. Artinya isi hati & pikiran insan susah dibaca.
  • Leuweung gonggong simagongong = Leuweung gerot. Artinya hutan belantara.
  • Lieuk euweuh ragap taya = Pohara miskinna nepi ka teu boga naon naon. Artinya sangat miskin tak punya apa-apa.
  • Loba luang jeung daluang = Loba pangaweruhna artinya luas ilmu pengetahuan.
  • Loba teuing jaksa = Loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak resah nu dipapatahan. Artinya terlalu banyak orang pintar pemberi pepatah/ pesan tersirat sehingga membuat bingung yg dinasihati.
  • Lodong kosong ngelentrung = Loba omong ari pangartina/pangabisana mah euweuh. Artinya sama dgn tong kosong nyaring bunyinya, kata-katanya besar tetapi tak punya ilmu & kemampuan.
  • Luhur kuta gedé dunya = Gagah tur beunghar taya kakurang. Artinya gagah & kaya raya.
  • Lungguh timbuh andameli = Lungguh sopan kayungyun pikaresepeun. Artinya pendiam, sopan santun, & baik.

Halaman sebelumnya (page 3): Peribahasa Sunda & artinya berawalan aksara D, E, G, H, I & J.

Halaman selanjutnya (page 5): Peribahasa Sunda & artinya berawalan karakter M & N.

  √ Arti Asa Aing Uyah Kidul dan Contoh Kalimatnya