Ku Ajip Rosidi
Wawangsalan téh salah sahiji kamonésan dina basa Sunda, nyebut maksud nu saenyana sacara henteu eksklusif, tetapi ku jalan nataan hiji barang atawa kecap anu murwakanti jeung maksud nu saenyana téa. Upamana maksud anu saenyana rék nyebut hiji jalma henteu meunang dipikameumeut, henteu nyebut kecap meumeut atawa dipikameumeut, tetapi jiga anu tatarucingan nyebut ngaran sato anu sorana murwakanti jeung kecap meumeut atawa dipikameumeut sacara henteu pribadi.
Nu matak wawangsalanana jadi : Henteu beunang dihurang sawah / Henteu beunang dipikameumeut.Sabab anu disebut hurang sawah téh simeut, duméh simeut di sawatara daérah mah sok didalahar cara hurang. Kecap simeut apan murwakanti jeung kecap meumeut atawa dipikameumeut.
Lamun anu dipimaksud rék nyindiran lalaki anu ngahéroan mojang, kecap héro henteu disebut, tetapi nyebut sato anu ngaranna murwakanti jeung kecap héro. Jadi wawangsalanana kieu unina :
Paingan sok pulang-anting ka dinya, da aya nu dianjing cai.
Nu dimaksud ku anjing cai téh séro nu sok néwakan lauk di balong, apan sorana murwakanti jeung héro.
Jadi saenyana wawangsalan téh sabangsa tatarucingan, anu tuluy jadi ungkara anu maneuh pikeun nepikeun maksud sacara henteu eksklusif, jadi kabeungharan idiom basa. Ieu sawatara contona deui : Teu beunang disupadulang, teu beunang dibébénjokeun” (nu dimaksud ku supa dulang téh kéjo, ari “kejo murwakanti jeung kecap bébénjo) :
Péso pangot ninggang lontar, acan katuliskeun diri (nu dimaksud ku péso pangot ninggang lontar téh nulis da baheula mah nulis téh dina daun lontar ari parabot nulisna péso pangot. Kecap nulis apan murwakanti jung kecap katuliskeun.
“Nyiruan genténg cangkéngna, masing mindeng pulang anting (nu dimaksud ku nyiruan genténg cangkéngna téh “papanting” anu murwakanti jeung kecap “pulang anting” : Sok rajeun ngabuah kawung, nyuruluk cipanon bijil (nu dimaksud ku buah kawung téh “caruluk” anu murwakanti jeung kecap “nyuruluk” cipanon) : “Sieun teu kauntun tipung, sieun teu laksana” (nu dimaksud ku untun tipung téh “laksa” anu dijieunna tina tipung béas sarta murwakanti jeung kecap “laksana”).
Baheula mah dina waktu urang Sunda masih homogén sarta masih kabeungkeut dina hiji budaya anu sarupa, wawangsalan téh jadi kacapangan saréréa. Lamun ngadéngé atawa maca kalimah anu mangrupa wawangsalan langsung ngalartieun. Jumlahna henteu sabaraha, da wawangsalan mah henteu produktif cara sisindiran, paling ogé saratus dua ratus kabéhna téh, jadi matak henteu hésé ngapalkeunana.
Tapi sabada pakumbuhan urang Sunda jadi héterogén jeung henteu ngahiji deui dina lingkungan budaya anu sarupa, anu sok ngagunakeun wawangsalan téh beuki ngurangan, sabab lamun aya nu ngagunakeun wawangsalan tacan tangtu nu ngabandungan atawa nu macana ngalartieun kana maksudna. Wawangsalan minangka kamonésan basa henteu jadi milik sakabéh urang Sunda. Tur jumlah anu ngarti jeung anu resepeunana beuki lila beuki kurang baé jumlahna.
Saenyana wawangsalan téh lain kamonésan Sunda pituin, da sanajan dina sawatara carita pantun anu kacatet ku C.M. Pleijte aya nu ngagunakeun wawangsalan, namun dina naskah-naskah Sunda Kuna mah wawangsalan henteu kapanggih. Hartina wawangsalan ayana dina basa Sunda kakara béh dieu, da carita pantun anu dikumpulkeun catetanan ku Pleijte kakara dina ahir kurun ka-19 jeung permulaan masa ka-20.
Dina basa Jawa, wawangsalan téh disebutna “wangsalan”. Dina Kamus Jawa Kuna Indonesia anu disusun ku P.J. Zoetmulder hasil gawé bersamajeung S.O. Robson (Gramédia Pustaka Utama, Jakarta, cet. IV, 2004), kecap “wangsalan” henteu aya. Kitu deui dina Kamus Jawa Kuna-Indonesia susunan L. Mardiwarsito (Nusa Indah, Éndéh).
Dina Kamus Praktis Jawa-Indonesia susunan Pardi Suratno spk (IQ Wacana, Yogyakarta, 2004), kecap “wangsalan” diterangkeun kieu : “rangkaian kata berisi tebakan yang ditambahkan (contoh: jenang sela, apuranen lepat kula).”
Sanajan henteu tétéla naon anu dimaksud ku katerangan “tebakan yang ditambahkan”, tetapi ku ayana kecap “tebakan” (teka-teki) nuduhkeun yén maksudna mah “wangsalan” téh sabangsa tebakan atawa teka-teki alias tatarucingan.
Masih kudu dipaluruh, saha heula anu ngagunakeun “wawangsalan” atawa “wangsalan” téh urang Sunda dina basa Sunda atawa urang Jawa dina basa Jawa? Pikeun maluruh hal éta urang kudu mariksa sakabéh naskah-naskah anu aya boh dina basa Sunda boh dina basa Jawa.
Tapi ku sabab kanyataan sajarah nuduhkeun yén leuwih réa budaya Jawa anu mangaruhan budaya Sunda manan sabalikna (ma’lum urang Sunda anu kungsi dijajah ku Jawa, henteu sabalikna), jigana moal kaliru lamun saheulaanan ditarima pikiran yén wawangsalan téh pangaruh tina wangsalan dina basa Jawa. ***
Carita Wayang Bahasa Sunda – Ngadegna Amarta
Kocap kacarita di Nagara Astina, Prabu Déstarata, Prabu Anom Suyudana, Patih Sangkuni, sareng Pandita Dorna, nuju gunem catur nyarioskeun perkara Pandawa Lima. Teu eureun-eureun dikakalakeun, namun teu weléh salamet. Kasieun maranéhna, kumaha upama Pandawa marénta nagara. Laju baradami, sugan aya tarékah anyar, pikeun nyilakakeun paraputra Pandu. Sukur-sukur mampu nepi ka hanteuna. Baca selengkapnya
Dongeng Sunda Baheula Si Dirun
Basa keur indungna jumeneng keneh, Si Dirun kacaritakeun budak nu bangor pisan. Indit ka sakola mindeng teu nepi. Geus karuhan ari ngabohong mah, bebeja butuh uang keur meuli patlot, kalahka dipake jajan. Duit keur bayaran oge kalahka dipake ngadu, nepi ka ludes jeung erlojina sagala rupa. Gelut mah geus lain caturkeuneun deui, mindeng diseukseukan ku guru karena gentreng jeung baturna. Atuh lamun kaparengan aya lalajoaneun, tara nepi inget ka waktu Baca selengkapnya >
Peristiwa Bandung Lautan Api Bahasa Sunda
Harita téh poe minggu, poé nu sakuduna mah dipaké reureuh sarta kumpul jeung kulawarga. namun pikeun rahayat Bandung mah, kalahka riweuh. Sapoé saméméhna, pamaréntah urang di Bandung meunang ultimatum ti pihak serdadu Inggris, eusina, pasukan-pasukan Tentara Republik Indonesia, katut nu séjénna, kudu ninggalkeun Baca selengkapnya >
Biografi Bahasa Sunda Oto Iskandar Dinata Si Jalak Harupat
Kiwari urang boga salam nasional nu mangrupa pekik Merdéka bari nonjokeun peureup ka luhur. Salam anu ngagedurkeun sumanget para pahlawan bangsa dina mangsa revolusi fisik, enggoning ngarebut kamerdekaan bangsa Indonesia. Eta salam nasional téh diciptakeun ka Oto Iskandar Dinata, salasaurang pahlawan nasional nu asalna ti Tatar Sunda. Tangtu baé, jasa Oto Iskandar Dinata téh lain ngan sakitu-kituna. Perjoangan jeung ketakna dina ngabéla bangsa jeung lemah caina, natrat katembong dina lalakon hirupna. Baca selengkapnya >
Dongeng Sunda Lalalajo Wayang
Si Salim anak urang lembur, budak bageur pisan, getol diajar, tur parigel kana pagawéan. Tapi bubuhan budak, nya rajeun wae aya carékeun kolotna mah nya éta sok kamalinaan teuing lalajo ti peuting. Ari karesepna babakuna kana wayang. Upama ngadengé cekung-cekung goong wayang téh Baca selengkapnya >
Dongeng Sunda – Nyi Sekar Arum
Kacaturkeun jaman baheula, aya hiji randa udik anu beunghar, imahna alus tur gedé. Mundingna réa. Sawah jeung kebonna lega. Ingon – ingon sabangsa, hayam, meri, éntog, soang, teu ka itung. Éta randa boga anak awéwé hiji, ngaranna Nyi Sekar ArumÉta randa boga anak awéwé hiji, ngaranna Nyi Sekar Arum, kakara umur tujuh taun. Kacida dipikameumeutna ku indungna, da ngan hiji-hijina pisan, turug-turug Nyi Sekar Arum rupana hadé, Baca selengkapnya