close

Sajak Sunda Titimangsa

 anaking memeh rumangsang nyeka cikesang Sajak Sunda Titimangsa

Titimangsa
Pangruat keur Pergiwa Khansa Nirmala

Geura brol, anaking memeh rumangsang nyeka cikesang
Memeh sadami-dami napas mungkas saniskara randegan
Leu ranggah panginap pangyuga, ieu wening asih citangis
Salawasna nganti ngoar gubrag kana tresnaning rangkulan
Teuing laksa boa sewu ngarurug juru-juru rohangian
Marengan sesa jerit nu ngamalinkeun getih jeung kapeurih
Geura brol, anaking, memeh udar ranggeuman rema indung
Memeh sora panggero beuki les-lesan nyambat pangrumat
Tong sumerah lamun rucuk mengkehing mitapak lengkah
Jamparing ngincer saban lumampah. Lain satampah lemah
Ranggon urang reuma kakayon panegaran lampar lalakon
Dihateupan liuh kuwung langit dipelupuhan wulung bumi
Geuran brol, anaking, geus dititipkeun bayu ka saban hiliwir
Geni ka matapoe, papakean sajatining hurip rungkup hirup
Saleuwihna saukur tiam keeling saheulay samping rawing
Sapangrod kanjut kundang, katut skapat dungat pangruat
Nu mampu dibekelkeun sangkan eta waruga teu kalempohan
Geusan nyorang jalan panjang ngabaladah tarahal dunya

Lémbang 2007

Halimun

Tuluy tujul ka mana ieu ringkang
Basa suku leungileun kalangkang
Urang beuki jauh nyurahan usum
Ngaderes cucuk reuma jeug runggana

Ibun teu reureuh ngarayap ti daun ka daun
Mulas beueus tapak kawisaya ngalembereh
Mapay kuncup iwung muru era pangbalikan
Bongan kalakay pamuntangan ti heula paturay
Ninggalkeun satampah pamidangan lawas
Aya késang dina harigu beurang
Aya cimata dina damis kembang
Aya angin ngulangkeun karémpen
Aya réma pati nu terus ngagupayan
Di dieu urang haben padungdeng
Ka mana nya pangeunteupen. Sedang halimun
Beuki kandel ngulambu teuteup jeung rénghap
Kari kalangkang sukma kaliasan kayakiran
Mawa rusiah muru rembet ganggong leuweung
Lémbang 2007
Ringkang
Surat keur Lugena Dé
Ti dieu, ti lebah lamping lungkawingna peuting
Urang terus nyusud tapak ringkang Kamari nu katunda
Nataan beungeut kota kulawu balas diduruk gebur lampu
Sedeng hegakna salawasna katalimbeng ganja kahirupan
Urang horeng lana ngaleguk garajag arak kesang sorangan
Nu karasa Pahang, nu karasa peuheur, nu karasa peurih
Ngong loyangan isukan ku runtuyan kembang implengan
Najan waruga geus lawas rangsak diasasaak balati wanci
Dina lengkah nu paso lengkrah, dina napas nu pamungkas
Lalaunan urang nyangsaya dina rangkulan indung peuting
Rereuh dina cita-cita nu langgeng dieurad eureup-eureup
Ledeng, 2008