close

Sajak Sunda Alam Priangan





Lembur Kuring

Mangsa wanci geus reup reupan
Halimun gunung mimiti nyimbutan lembur
Tongeret lir mere tanggara
Marengan hibarna cahaya layung
Mapag datangna indung peuting

Kuring ngajanteng salila lila
Neuteup runggunukna pilemburan
Nu kalingkung ngeplakna pasawahan
Tempat kuring reureuh
Tempat kuring macangkrama jeung baraya

Lembur kuring
Sanajan ayana di tepis wiring
Kuring bagja
Dilahirkeun di sarakan pamidangan
Nu nyuguhkeun katengtreman
Waas ……



Bandung
Bandung … Bandung
Bandung nelah kota kembang
Bandung … Bandung
Sasakala Sangkuriang
Dilingkung gunung heurin ku tangtung
Poseur kota nu mulya parahiyangan
Bandung … Bandung
Pada muru dijarugjugan

Bandung … Bandung
Tingrunggunuk nyanding gunung
Bandung … Bandung
Dipasieun Cikapundung
Di Bandung munpung, jalma ti kampong
Ngadon reureuh di kota nyinglar kabinung
Bandung … Bandung pangbeberah nu ngadon nguyung


Di Mumunggang Cikeruh
Neuteup padataran tungtung Bandung
bari ngararasakeun hiliwir angin gunung
mayakpak padataran
sacangkewok pasawahan jeung rewuan suhunan
luhureunana langit maleukmeuk
kapulas ku haseup pabrik jadi reueuk


Mana Cicalengka nu cenah titinggal nagri Kendan?
kiwari tinggal heabna jeung pasuliwerna sedan
jalan liliwatan ka nagri Galuh
ngabulungbung mun disorang henteu jauh
jalan liliwatan ka nagri Sunda
ngembat natrat disorang teu matak suda


Neuteup bulistirna tonggong pasir
sabada nohonan salat lohor ahir
tingborelak taneuh beureum
lir gudawangna tatu nu teu eureun-eureun
rajegna tangkal nu maluguran
rabeng kalakay kasorot panonpoe manceran


Mana gumplukna tutuwuhan nu cenah benteng Sumedang larang ?
geuning ukur wangwangan jeung pasolengkrahna regang
lamping nu mindingan Tanjungsari
jadi liliwatan tutumpakan nu balawiri
gunung nu ngalingkung situ Bandung
ngan aya ‘na anggitan Papatet Ganjlung

Ku Etti R.S Bandung, Desember 1994



Sajak Keindahan Kota Garut
Kota Garut teu matak pati sidik
henteu atra dumeh kahalangan
karimbunan ku kakayon
beh wetan semu ngidul
gunung gede mani ngajegir
nu katelah Cikuray
cicirenna Garut
tempat jadi pangirutan
matak betah matak resep,ka nu cicing
ka sakur nu ngumbara

Beh lebakna tembong dina lamping

ngarenggenek moal boa ngamplang
ka mana-mana kasohor
daerah resmi tur linduk
di jarugjug ti mana mendi
ku nu ngadon titirah
ngarah hawa gunung
matak seger kana bandan
matak jagjag ka nu sakur hudang gering
nu matak ka seundeuhan

Reret deui ka pasir-pasir

lolobana pinuh ku kontrakan
nu baku kontrakan enteh
kakayon tingrunggunuk
rupa-rupa warnaning kai
camara reujeung mala
jengjeng rejeng gintung
paselang jeung kingkilaban
tingharelab daunna katebak angin
siga nu ngagupayan.

Tambah lila beuki kelar ati

beki anteng nyawang padataran
kahibaran layung koneng
Cimanuk tambah lucu
ula-ileu teu pati sidik
dumeh geus meh reup-reupan
liwat tunggang gunung
halimun enggeu mindingan
ngahalangan anu eukeur pogot asih
megatkeun kani’matan.



Kaéndahan Alam
Cahaya panonpoė

Nyaangan kana ati
Hiliwirna angin
Mawa tiis kana ati

Tatangkalan tinggarupay
Nambah ėndahna alam
Lemah cai negeri nu can ku polusi
Alam ėndah nu merenah
Ulah nepi ka punah
Ku urang kudu dipusti
Supaya tetep asri lestari



Di Leuweung tutupan
Pinuh ku tatangkalan
Ngahaja leuweung ditutup pikeun dijaga
Ngajadi leuweung larangan
Sangkan taya nu ngaguna sika

Leuweung teh anugrah Gusti
Wajib ku urang dipupusti
Sabab leuweung mere mangpaat
Sabab leuweung mere darajat
Ka sakumna umat

Lamun leuweung digunasika
Dagoan wawales nu tumiba
Banjir longsor moal katadah
Loba umat nu garasa sukar
Piara leuweung tina jalma nu sarakah

Leuweung teh hiji kakayaan nagara
Cur cor cai keur karaharjaan sarerea
Hayu urang jaga !
Hayu urang riksa !
Leuweung tutupan leuweung urang sarerea


Parahyangan

Salam Panineungan

  Sajak Sunda Lembur Kuring

Mun aya kecap nu kapicangcam
eta ngaran andika
Parahyangan

Mun aya tanah nu dipikangen
eta ngaran tanah andika
Parahyangan

Paulna gunung
hejona tangkal
ngaplakna sawah
gilapna cai walungan
andika miboga
Parahyangan

Kiwari kuring indit
meureumkeun kadar
andika nyaksian
kagagalan djeung kasepian
ngukuntit kuring

kuring napakkeun dampal
nyungsi bumi harepan
mawa ciptaan
paulna gunung
paulna rasa
hejona tangkal
hejona dada 
Ku Kus Arista … dina Sipatahunan Maret 1957


Layung
Beureum koneng pulas langit
Tingarudat siga gambar
Alam endah leuh mindah rupa
Awor jeung warnaning kembang di buruan

Hayu batur hayu batur
Buruan geus ngadagoan
Urang ulin yu gogonjakan
suka seuri galumbira tetembangan