close

Sajak Sunda Pasini Di Segi Leuwi

 Duaan anteng pateuteup bari ngeunteung dina beungeut cai nu ngaleuwi Sajak Sunda Pasini di Sisi Leuwi

Pasini di Sisi Leuwi

Duaan anteng pateuteup bari ngeunteung dina beungeut cai nu ngaleuwi
Imut mudun tungtung imut ngalenyap jeung lelenyapan
Sajorélat kalangkang raray dina leuwi, kalangkangna oyag oyagan katebak angin
Leuwi asih nu ngaleuwi nyakséni lagu wiati nu saati
Siak pameunteu, duaan paamprok teuteup sumawur dina tungtung imut

Heemh ………. !!!
Tirta asih wening asih dalingding angin kasmaran
Ngaprak rasa ngamuara mubul muru langit paul
Deudeuh geugeut dina teuteup ngeunteungan kalangkang rasa
Sari bagus kempot pipi katambias kasarung na tungtung imut
Angin pasir ngadalingding nyulusup nyumputna rambut
Samar polah geter rasa pamolah teu puguh rampa

Ngukir jangji di segi leuwi,udagan duaan ngagenclang hérang
Kedaling rasa kasmaran, palias moal pukah katarajang gogoda.

Tasik, 28 April 2013.
Kenging : Nanang Sos

Mulang

Reumis janari masih nyalangkrung dina kongkolak panon
Caina beueus maseuhan jukut jukut murungkut
Reumis janari ngumbah asih dina wening
Miis citangis dina gurat takdirna Gusti

Ngan saliwat lalakon dunya di iwat diheulang disamber mangsa
Sora ngoncrang nu bedas béntés ngan ukur mapaésaan tetelar kawaas
Mangréwu kanyaah jeung katineung teu mampu ngabendung ngahalangan pati
Pati Gusti teu mampu ditawar mangsa mulang niscaya maksa kudu mulang

Puguh gé hirup mah ngan ukur anjang anjangan….
Umur jeung pati lir ibarat hirupna lalakon Awi
Mangsa iwung di ala iwungna,mangsa lumiat,diala pitalieunana
Mangsa bodoh manjing dipaké pisuluheunana,kabéh lalakon kumaha anu kagunganana

Subhaanallaah ……. !!!
Horéng urang keur anteng ngadago anu ngagupay
Duka beurang sedih peuting,mangsa mulang pinasti bakal kasorang
Tinggal mangsa ngadago waktuna mulang
Mun mangsana kudu mulang muga rébo ku amal jeung kahadéan……..Amin.

Tasik,27 April 2013.
Kenging : Nanang Sos.

  Sajak Sunda Perjuangan

Janari Katompernakeun

Peuting tadi taya hujan nu marengan sawangan.
ukur aya kalakay ragrag jeung angin nu niupkeun salempang.
wanci janari nu katompernakeun pikir kumalayang neangan harepen
nu can tangtu iraha ngwujud kanyataan.
kanyaah jeung ka tresna
masih kalindih halimun.
Satungkebing langit salega jagad nyaksi ngajadi hiji

Kenging : Giriloka Arya

Kingkilaban Mangsa Janari

(keur anjeun nu ngancik na ati)

Kingkilaban ngagurat langit
marengan angin nu ngaharewoskeun kaasih
najan nyamuni dina rongheapna nafas

pucuk-pucuk waktu ting garupay
ngagentra katresna nu lumampah
mapay rasa nyiar rumasa
sajeroning sukma

anjeun
nu nyebit asih dinu ati
ngaguar carita katresna
ngolebat na kongkolak soca
mugi duriat nyanding bagja salawasna
sabab
satungkebing langit salega jagad
nyaksi ngajadi hiji …. Kenging : Giriloka Arya