close

Pesta Kariaan Di Garut Jaman Baheula Bagean 5



Pesta Kariaan di Padesaan Pakidulan Garut jaman Baheula

Rombongan kedok jeung badawang téh dijaga ku Bangarongan jeung Ontohod, purah ngabuburak barudak anu sok ngaganggu badawang, jeung maledogan rombongan kedok pingpinan Nini Ijem.


Bangbarongan, palsu, digerakkeun ku jairna maké baju kurung tina karung goni parat kana mumuncanganana. Ontohod, jalma dibaju kurung sabuni awakna ku kulit sasatoan jeung bulu-buluna nu asli, persis siga Si Komo.
Tukangeun rombongan kedok ljem, aya rombongan nu karaul, ku ibing dogér jeung ibing jogéd, sabisana-sabisana, pating kalayang pating aréngklak, dipirig ku tabeuh dogdog réog, disindénan lagu Awi Ngarambat, Macan ucul, lagu Geboy jeung Es lilin, jeung lagu Rayak-rayak.

Ditéma ku nu Eluk, sorana halimpu ngelewung seperti sora nu beluk, pasambung-sambung piligenti tempo nadana naék turun.

Dituturkeun ku rombongan rudat, nu narabeuhna barudak jajaka jeung para mojang, kostumna jeung lalaguanana seperti lagu kasidahan, rombongan panutupna, kendang penca dipirig ku tarompét sorana melas-melis matak wararaas.

Kira jam satu beurang, aleutan arak-arakan, nepi deui ka balandongan, budak sunatan didiukeun deui di papajangan, sakabéh rombongan tatabeuhan ngaso heula, terus diparab.

Kacaritakeun peutingna, bada isya, juru nu ngatur hiburan, geus biantara dina panggung, yén peuting éta, sehibul hajat seja ngahibur budak sunatan, ngahibur kulawarga, katut panitia, jeung ngahibur tatangga nu deukeut nu jauh ku pintonan wayang uwong dalang Bapa Parta Suwanda ti Bandung.

Geeeerrr ! Surak ambal-ambalan, ditema ku gang-ging-gungna sora goong jeung sora gamelan séjénna, nu lalajo tingcorowok, tingsaruit, tanda bungah taya papadana.

Di buruan, nu lega upluk – aplak, parat ka sawah nu garing tas dipanén, pinuh ku nu lalajo mani noyék, jeung ku nu daragang, peuting éta, karaméan di nu hajat taya babandin-ganana.

Latakon wayang, beuki peuting beuki rame, angot tos bijil Si Cepot mah, nu lalajo anteng nepi ka subuh. Jam lima bada shalat subuh, budak sunatan dimandian ka sumur cai nyusu nu rada jauh lebakeun lembur, digandong ku pangatik, mawa obor dipirig ku kendang penca, dibarengan ku rombongan kulawarga aya puluhna, maksudna cenah dibaalan, sina mandi heula téh, kuduna mah meunang 7,5 atawa tilu sumur.

Sadatangna ti sumur, disampakeun hulu Sandékala
paraji sunat nu geus, siap, ondangan tatangga nu dareukeut jeung kadang wargana geus ngaliud, breng wéh maca solawat. Sibret peso paraji sunat ngeureut kokocop larangan budak sunatan goak dengék budak sunatan careurik.


Budak sunatan dipangku didiukeun deui di papajangan, maké baju takwa, dibendo citak, samping poléng buatan Majalaya, terus dihuapan kadaharan, ku hayam, ku pais bari dst. Mangle No. 1720 Ku: Ubun rustandi. Nyambung ka bagéan 1 2 3 4 5 6