close

Ngampihkeun Pare Di Baduy


 lantaran Nyi Pohaci bisi nyareurieun awak Ngampihkeun Pare di Baduy


Ngampihan Paré

Dina musim panén, sabiasa kumaha lamun seug paréna geus garing sok diampihan. mangkék paré lain ku awi cara di urang, tapi ku luluh Teureup. Dina ngampihkeun paré, teu meunang gagabah, teu meunang berangasan, tapi paré téh kudu diteundeun lalaunan kalawan ati-ati pisan. Teu meunang dialung-alung, karena Nyi Pohaci bisi nyareurieun awak. Teu meunang patumpang tindih, kudu ngéntép bener diukna.

Mun paré geus ngampih kabéh, parancahna téh :

Pohaci Sang Hiang Asri
haturan bagéa calik
ti Buana Pancatengah
pancatengah pasar Allah.
Meujeuh reureuh meujeuh eureun
di buana Padangeng
mangka tetep mangka langgeng
langgeng di jurang rahayu.
Nya hurip salamet diri
balik ka weweg-sumpeg
balik ka mandala pageuh
mangka langgeng kajayaan…

 Dicutat tina majalah Sunda Baranang Siang.

  Rumah Tradisional Suku Sunda