close

Kisah Sunda Tina Radio

 Anu ngalalakon biasana mah anu jago kana silat atawa kaduragan Dongeng Sunda Tina Radio

Salian dongéng ti nini, aya ogé dongéng anu asalna tina radio. Dongéng tina radio mah biasana leuwih ramé jeung campuh pisan. Komo lamun anu ngalalakonana téh mangrupakeun hiji jawara. Jeung deuih da dongéng tina radio mah kalolobaanana téh ngeunaan jawara jeung élmu kaduragan. Anu ngalalakon biasana mah anu jago kana silat atawa kaduragan. Teu anéh lamun dina sapanjang ngalalakonna remen ngalaman tarung nepikeun ka toh pati jiwa raga.

Ditambah deui dongéng tina radio mah tara tamat sakeudeung-keudeung. Dina hiji lalakon atawa judul téh mampu méakeun waktu mangpoé-poé atawa mangbulan-bulan. Teu anéh lamun osok matak gantung déngéeun. Hayang gera apal kana tuluyanana, jeung hayang gera apal kana pamustunganana.


Dongéng dina radio disiarkeun biasana mah unggal poé. Kalolobaanana mah dina waktu pasosoré. Najan kitu aya ogé anu dina waktu pabeubeurang. Dina sapoéna biasana mah ngan ukur sajam (kadang kurang), dikurangan ku waktu isu ogé iklan pangrojong. Makara hiji judul dongéng dina radio miboga katangtuan siaran (agenda) sorangan, anu aranglangka incah balilahan. Kusabab geus terang kana agenda siaranana, dina prungna siaran téh anu mikaresep osok pribadi madep nyanghareupan radio anu geus disetél kana galura anu nyiarkeun dongéng. Malahan anu keur boga gawé ogé osok ngahajakeun eureun heula pikeun ngadéngékeun heula dongéng atawa nyetél radio bari digawé. Naha arék digawé di lembur atawa di kebon (ka kebon téh bari mawa radio). Pokona mah ulah nepikeun ka tinggaleun dongéng. Lamun sakalina tinggaleun téh matak teu apal kana jujutan lalakonna. Sumber