close

Dongeng Sunda Sasakala Gunung Cupu

gambar dongeng sunda dsasakala gunung cupu Dongeng Sunda Sasakala Gunung Cupu

Sasakala Gunung Cupu

Kacaritakeun aya tujuh widadari ti kahyangan anu resep ngalanglang ka bumi. Maranèhna resep kokojayan bari silanglang di hiji talaga anu hèrang caina.

Dina hiji sorè waktu widadari keur anteng kokojayan di talaga, kurunyung jajaka nyampeurkeun ka èta daerah.

“lakadalah, ieu widadari anu dicaritakeun ku urang lembur tèh !” pokna ngarendeng sorangan. Tuluy manèhna sorangan. Tuluy manèhna nyumput di satukangeun rungkun nu ngababadeg di segi talaga. Panonna mencrong ka tengah talaga, ngawaskeun parawidadari anu teu nyahoeun aya jalma nu ngintip.

Sanggeus lila ngawaskeun paripolah parawidadari  anu teu nyahoeun aya jalma nu ngintip.

Sanggeus rada lila ningalikeun paripolah parawidadari, kereteg dina hatè èta jajaka aya niat rèk ngiwat pakèan pakèan èta widadari anu ngalumbuk di luhur kerikil segi talaga anu keteteyepan nyampeurkeun pakèan, tuluy dicokot sapasang.

Waktu widadari rèngsè mandi, anu sèjènna ngabelesat ka jomantara, baralik deui ka kahyangan. Iwal nu saurang kalah ceurik balilihan lantaran pakèan kahyanganna leungit. Si jajaka tuluy nyampeurkeun. “Kunaon kunaon putri bet nangis di dieu”, pokna.

Widadari tèh kagèt, bet aya jajaka di tengah leuweung. ges teug waè sangkaanana, yèn pakèan kahyangan tangtu diiwat ku manèhna . Sanggeus ditanyakeun, si jajaka ngaku yèn pakèan Nyi Putri aya dimanèhna.

” Ku kaula dibikeun, asal Nyai Putri daèk jadi pamajikana kaula.” Ceuk si Jajaka.

Lantaran teu aya deui jalan, kapaksa Nyi putri tèh narima kana panglamar si Jajaka pikeun jadi pamajikanana.

Gancangna carita, dina hiji mangsa waktu Nyi Putri rèk nyokot parè ka leuit lantaran rèk nutu bèas, manèhna manggihan pakèan kahyangan anu baheula leungit tèa. Geus waktuna manèhna mulang deui ka kahyangan. Ku kituna, rap waè èta pakèan dipakè sarta tuluy bèbèja ka salakina anu harita keur di kebon.

  Dongeng Sunda Kawung Ratu Karya

Si Jajaka teu bisa ngahalangan kana kahayang pamajikanana. Lantaran ceuk pamikirna, mana kapanggih ogè pakè anu baheula disumputkeun tèh hartina geus waktuna manèhna papisah jeung pamajikan.

Sanggeus kitu mah belesat waè Nyi Putri tèh balik ka kahyangan ninggalkeun anak jeung salakina di bumi. Ngan, samèmèh mulang manèhnaninggalkeun cupu wadah pemanis pikeun cecekelan keur anakna, bisi dina hiji mangsa hayang panggih jeung nu jadi indung.

Nepi kaayeuna cupu titinggalan Nyi Putri tèh cenah aya kènèh di hiji gunung. Ceuk nu kawènèhan mah geus lazimunggal aya katumbiri sok aya widadari anu ngajugjug ka èta gunung pikeun nepungan nu jadi anak jeung salakina.

Lila ti lila, gunung kawasan nyimpen cupu tèh katelah waè Gunung Cupu nu aya di wewengkon Sukatani, Purwakarta. Dicutat tina buku Kandaga Wikara 1 Juli 2009.

Baca oge :