close

Dongeng Sunda Kawung Ratu Karya

sa Mandalasari jigana mah ngan kawung Aki nu pangjuuhna t Dongeng Sunda Kawung Ratu Karya


Kawung Ratu
Di sadésa Mandalasari jigana mah ngan kawung Aki nu pangjuuhna téh. Lain sing angkuh, sanajan dibandingkeun jeung kawung bogana Ki Jumsi gé. Ari kawung Ki Jumsi, enya jugrah, tapi lahangna kos nu atah raru, sok haseum baé.
Mokaha da, dina usum kieu, ari kana saratus pérak mah sapoéna éta kawung téh bisa méré, teu hésé-hésé. Lakar daék baé ngaropéana.

Ku Aki éta kawung dibéré ngaran peringetan ka Kangjeng Dalem Wira Tanu Ningrat. Minangka pangéling-ngéling ka anjeunna, disebut waé Kawung Ratu.

Riwayatna mah kieu éta téh : Baheula, waktu Aki ngora kénéh, can jaman merdéka harita téh, éta kawung jeunah kénéh, can diropéa. Ari carulukna mah geus aya, ngan leungeunna can nongtot.

Harita Aki boga deui kawung tilu, nu jadi di sisi walungan Cilonggan. Nu éta mah geus lila bisa disadapna, ngan teu pati matut.

Saban Aki rék nagenkeun lodong kana kawung nu tilu téa, Aki ngarandeg heula di handapeun tangkal kawung jeunah. Da enya, éstu jadi angen-angen pisan, sangkan éta kawung mampu méré pakasaban anu lumayan. Ku Aki sok diajak nyarita kieu : ”Hé Nyi Mas Pohaci Jubleg Ireng, parawan Mandalasari nu ngadeg di sisi jalan liliwatan, geura pintonkeun panangan salira, mancer geutah madu tina réma salira ….

Teuing kalah ku mindeng, teuing mémang geus waktuna, leungeun éta kawung téh teu lila nongtot. Ari geus nongtot bet jadi gundah Aki téh, sok sieun salah nyigayanana. Da éta kawung téh pelak Aki jaman budak. Poho deui karuh, nyanghareup ka mana waktu Aki melak éta kawung, asa ngalér asa ngidul. Apan sok pundung mun salah nyigayana mah. Jadi nyigayanana kudu lebah kawasan melakna. Upama teu kitu, hamo. Lain omong bebenjon ieu téh, enya, sidik, nurutkeun pangalaman Aki kitu soténan.

Ku karena poho terus, nya Aki téh tahajud heula, hayang dibéré ngimpi ku Pangéran. Hayang kaimpikeun deui tah kalakuan jaman Aki melak kawung éta. Kaliasan bet kaparengkeun. Aki ngimpi. Jeung Aki yakin pisan kana éta impian téh. Dina itungan, Aki melak kawung nyanghareup ka beulah kalér. Jadi nyigayan kawungna ogé kudu di beulah kalér. Aya deui nu jadi fikiran harita téh. Naha ditinggurna kudu keur guméar atawa gumucrak-konéng. Apan béda-béda sipatna kawung téh, aya nu kudu ditinggur waktu kembangna gumucrak-cibéas, gumucrak-konéng, tumereb, guméar, huméor, lumeucir, humangit, malah aya nu kudu geus beukah. Tah éta Aki can nyaho. Tapi nya tungtungna mah dipaparah baé. Waktu keur gumucrak-konéng, mimiti ditinggur.

Ku lantaran marawanan, basa ceg kana leungeunna Aki ngomong kieu: “Nyi Parawan Mandalasari, montong géték montong ngépéskeun, poé ieu téh poé panganténan urang, perlu cisusu jangeun turunan…”

Ninggurna ati-ati pisan, bakuna mah sieun katinggur henteu careuhna. Kumaha kéh mun kitu, kana pundung deui baé. Taktagé kawung mah kos jelema éh kos parawan meureun kudu asak ngolona.

Sanggeus ditinggurna lita, hég diayun. Jeung sanggeus katimbang waktuna, si kembang téh tuluy waé dipagas, dipopok ku legoh tangkalak sabiasa.

Nyéta atuh ari mimitina mah éta kawung téh bet matak rudet baé. Keur lahangna saeutik téh, haseum béak karep. Ku taksiran Aki, éta kawung keur gering. Éta wé da kalah gegedoh nu kaluar téh, rujit.

Jeung éta harita, néangan kecembeng, berpengaruh kukulintiran ka ditu ka dieu, weléh teu manggih. Nya kapaksa waé ku daun kanyéré. Éta leungeun kawung nu geus dipagas téh, hég disusut ku daun kanyéré, aya ulah loba teuing gegedohna. Miangka obat doktorna meureun mun ayeuna mah.

Jaba ti éta, lahangna diraru. Sok akar kawao diasupkeun kana lodongna sanggeus dipuput téh. Gen ditagenkeun dina leungeun kawung. Enya rada saleuheung lahangna teu haseum teuing.

Beuki lila éta kawung téh beuki pikalucueun. Lahangna teu haseum sarta beuki jugrah baé. Sapoé sapeuting dua lodong téh aya kana dua bonjoreun mah, nitih salodong sabonjor. Mucekil pisan sakitu téh.

Tah harita aya pamundut ti Ratu di nagara téh. Punduh Cakra dina hiji poé tiba ka Aki. Cenah, Kangjeng Dalem Wira Tanu Ningrat mundut dipangdamelkeun gula ka unggal somahan ti wewengkon Taraju jeung Salawu nu sok nyadap. Di Désa Mandalasari nu kapeto téh nya Aki pisan. Tangtu Juragan Kuwu nu nuduhkeunana téh, da piraku Kangjeng Dalem uningaeun onamaning.

Beu ambeu. Aki téh dipundutan ku Ratu geuning, kudu nyieun gula sireum jeung gula kerenceng. Pagawéan nu besar hati éta téh.Tapi sakumaha banggana ogé, da dawuh Ratu, piraku bet dipagak, tangtu diéstokeun pisan. Apan cenah “guru ratu wong atua karo, wajib sinembah.”

Tegesna Ratu nu boga nagara katut uteuk-tongo-walang-tagana, piraanan mundut gula sireum jeung gula kerenceng, cék Aki téh. Malah bungah nu aya, duméh kapercaya ku ménak ti dayeuh.

Éh poho, éta, nu dipundutan gula di désa Mandalasari téh lain Aki wungkul. Duaan jeung Ki Tasrip nu boga kebon kawung pohara legana. Kawung nu jadi kaagulanana, ku manéhna dingaranan Kawung Juuh, éta meureun pédah lahangna juuh pisan, jugrah.

Jigana rék dipriskeun Aki jeung Tasrip téh, mana nu leuwih mampu nyadap jeung nu mampu nyieun gula. Atuh tangtu waé Aki enya-enya mah, sieun éléh, sieun isin ku ratu.
Kabeneran kawung nu tadi téh keur purug, leungeunna kuat satilu-tilu. Disadap kabéhanana. Atuh Aki téh aya harepan, lantaran lahangna geus beunang dipercaya téa. Jadi baris meunang lahang nu hadé tur loba. Cék angkanan harita, upama Aki meunang pris ti Ratu Kangjeng Dalem, éta kawung téh rék dingaranan Kawung Ratu.

Dina enggoning nyadapna harita, éstu sagala élmu Aki paméré ti nini-aki diketrukkeun kabéh boh jangjawokan boh kiat tarékahna sangkan meunang lahang loba tur alus, kabéh dijalankeun. Ieu téh awahing hayang kaanggo ku Ratu baé.
Waktu lahang nu ditaheur keur nyengka, pok Aki ngaharéwoskeun jangjawokan. Kitu deui waktu geur rumamat. Tuluy dijait. Ti dinya terus diguis. Terus diguis henteu dicitak, lantaran apan rék nyieun gula kerenceng jeung gula sireum téa.

Sajeroning ngaguis, Aki teu poho mapatkeun jangjawokan karuhun, ménta sangkan gulana kamanah ku Ratu, sing bodas-ngeplak gula sireumna, sing ulah tutung-atahan gula kerencengna. Taksiran paneda Aki téh diijabah. Éta baé hasilna cék Aki mah éstu nyugemakeun pisan. Tuluy ditorosan, dihadé-hadé, sangkan engké di mana aya nu ti désa, kari sok. Waktu Ki Punduh Cakra tiba rék nyokot gula haturan Kangjeng téa, bari ngasongkeun téh teu poho Aki mapatkeun jangjawokan minangka pangjajapna, ambéh gulana dipiasih ku Ratu, kamanah ku ménak.

Lila Aki ngadagoan béja ti dayeuh. Aya kana dua Jumaahna, sarta dina hiji poé Punduh Cakra tiba deui.

Pokna: “Ki Sukarma, gula kerenceng jeung gula sireum téh geus katampi ku Kangjeng Dalem. Jigana mah kapuji ku anjeunna. Ieu kuring masrahkeun suratna….”
Bari ngadeg seg Aki nampanan éta surat. Aksarana karakter Sunda. Hég ku Aki dibaca. Mun teu salah kieu unina téh:

  Dongeng Sunda Ti Cililin Jaman Baheula

“Ki Sukarma di Babakan Kiara, Désa Mandalasari. Ieu kula Dalem Tasikmalaya, Wira Tanu Ningrat, méré béja yén gula ti anjeun geus katampa sarta kapuji hadéna.
Dina ieu surat kaula méré duit, lumayan pikeun dipaké jimat ….”
Kitu asana éta eusi surat téh. Enya éta surat téh dibarengan ku uang sabénggol. Bener sabénggol, teu kurang teu leuwih.
Upama diitung ku harga gula mah, duit sabénggol téh, wah teu kabual. Rugi malah. Tapi ngingetkeun, yén éta duit téh—sanajan ngan pangaji sabénggol-citresna ti nu jadi ratu, bungah nu aya. Sarta sakumaha dawuhanana yén éta uang kudu dijieun jimat, ku Aki teu digasab, diteundeun didama-dama pisan.

Ti harita kawung anu tadi téh dibéré ngaran Kawung Ratu. Kabéh urang Désa Mandalasari, nepi ka Désa Puspahiang ogé geus nyarahoeun, yén Aki meunang pris. Pris kahiji malah di sa-Salawu ogé.

Dina hiji peuting bet éta kawung téh kaimpikeun. Dina itungan nu kadeuleu harita, éta kawung téh bet leungeunna sarta sirahna saperti awéwé, pohara geulisna. Kitu lah jiga burok, ngan awakna lain kuda, tetapi kawung. Ngong éta burok kawung téh ngawih anu maksudna ménta ka Aki persénan ti Ratu. Anggeus ngawih, ana koréjat Aki hudang. Bet maké muringkak bulu punduk. Inget harita malem Jumaah kira wanci janari leutik. Kaganggu ku mikiran keinginan, Aki teu saré deui nyileuk baé. Ceuk haté: Enya Nyi Mas Pohaci Jubleg Ireng téh mundut persénan ti Ratu geuning. Jeung ahirna, sanggeus dipikir dibulak-balik gilig wé haté téh, yén uang sabénggol nu ti Ratu téa, rék dibikeun ka Kawung Ratu. Da enya mana kitu ogé, hakna.

Kacaritakeun isukna, rebun-rebun kénéh, Aki geus indit, bari mawa uang bénggol, rék ngajalankeun niat téa. Tah harita meunang kareuwas nu pohara téh.Ti kajauhan gé geus katémbong, yén di handapeun Kawung Ratu aya jelema. Ana ditelek-telek, geuning éta jelema téh nu rék deleka, da keur ngagedék baé nuar Kawung Ratu. Nataku Aki séwotna, sérépét nyabut bedog panjang bari ngagorowok.

“Sia rék nuar kawung aing, hah?” Hayang dicacag?”

Jelema nu aya di handapeun kawung gancang ngalieuk. Masya Allah geuning manéhna téh Ki Tasrip téa. Enya Ki Tasrip nu éléh pris téa. Tah barang manéhna neuleu beungeut Aki, gancang manéhna mabur, lumpat tipaparétot. Ku Aki meunang sawatara pentangan mah diudag, tapi teu kebat, da cék ingetan karo-karo burung. Tuluy wé balik deui kana kawung. Diilikan tapak kampak dina tangkal Kawung Ratu téh, hadéna can pati jero. Leuh diwaaskeun upama Aki teu gancang-gancang ka dinya, kana lapur tah kawung téh. Mangkaning kawung geus ngaronjatkeun darajat Aki di Désa, malah julukan Kawung Ratu ogé geus kawangikeun. Piraku wé mun teu mentegeg upama aya nu nuar téh.

  Carita Wayang Bahasa Sunda Ngadegna Amarta

Kaharti ku Aki, Ki Tasrip téh sirik, pédah kawungna teu meunang pris. Kawung Juuhna éléh ku Kawung Ratu. Ari kituna mah, nya sarua waé meureun jeung Aki, manéhna ogé hayang kamanah ku ménak, hayang kaanggo. Tapi nasib hadé aya di Aki. Banget-banget Aki nganuhunkeun ka Pangéran jeung ka para karuhun nu ngawaris jangjawokan jeung élmuning kias tarékah téa.

Éstu jadi udagan Aki, jadi udagan saréréa, hayang jadi somahan anu hadé téh. Da ngarumasakeun hirup digeugeuh ku ménak. Maksud Aki téh di dunya. Makara taya barang kinasihan, upama dipundut atawa dipikapalay ku nu ngaheueyeuk nagara mah, tangtu disanggakeun kalawan kabungahan. Katurug-turug Aki percaya pisan, yén dawuh Ratu mah sok saciduh sametu, sabda ménak sok saucap faktual téa. Aki yakin, ku kaanggona gula kerenceng jeung gula sireum, tina Kawung Ratu, bakal aya karasa kana kahirupan Aki. Buktina éta Kawung Ratu téh beuki jugrah baé lahangna.

Tah nya kacaritakeun duit bénggol nu ti Kangjeng Dalem ku Aki diasupkeun kana haté Kawung Ratu. Mimitina mah rék di béh handap baé, kabeneran aya urut kampak téa. Ngan dipikir, bisi aya nu manggihan. Ku lantaran kitu, térékél naék kana sigay; kira sadeupa deui ti pucuk, hég molongoan tangkalna, bes si bénggol téh diasupkeun bari ngomong: “Ieu Nyi Mas Pohaci Jubleg Ireng, kuring nyanggakeun kagungan, mugi ditampi…”

Ti harita Kawung Ratu téh dieusi bénggol jimat. Anéh karasana ku Aki asa aya komaraan sanggeus kitu téh. Euh tangtu perbawa jimat ti Ratu, cék haté.

Isukna Aki meunang béja pikareuwaseun. Majah Ki Tasrip geus maot ngagantung manéh dina tangkal Kawung Juuh. Innalillahi, cék haté. Manéhna maot lantaran éléh pris meureun. Éléh berjuang cék basa ayeuna mah, berjuang sangkan kaasih ku Ratu. Teu ngabibisani, cacak mun Aki éléh ogé, kana kawas manéhna. Ngan teuing kétang ari kudu ngagantung manéh mah. Nu tangtu, boga perasaan teu bisa jadi somahan nu hadé mah, niscaya aya.

Ujang, Nyai, geuning maranéh téh ngabandungan omongan Aki berdiri pogot kitu? Naha ramé pangalaman Aki téh? Asa teu pira pilakadar ngadongéngkeun kawung! Panjang soténan dipanjangkeun ku Aki. Itung-itung Aki mulangkeun deui panineungan ka mangsa baheula. Da ari lalakonna mah pondok pisan.

Jigana, tangtu Ujang Nyai ogé boga kahayang cara Aki. Hayang jadi somahan rayat meureun cék basa ayeuna mah nu hadé. Enya? Piraku baé mun henteu téh. Ari lantaranana apan urang hirup téh éstu kapurba ku ménak. Cék ayeuna mah meureun ku Bapa-bapa Pamingpin. Tina hal ieu, Aki percaya pisan, yén tangtu sarua, mo béda. Upama geus béda, nya béngkok sembah tangtu bakal aya mamala. Nagara bakal kacrut werit jeung ilang dangiang, lantaran somahanana geus malungkir ka nu jadi ratuna. Naudubillahi mindalik!

Ku karena kitu, waktu dina hiji poé Aki kadatangan jurungan ti Kacamatan, yén Juragan, éh Bapa Camat, mundut gula galeuheun, ku Aki téh éstu disanggupan pisan. Ras inget ka jaman baheula. Ieuh, Aki mah teu ngawiji-wiji ka nu jadi ménak téh. Teu pédah jaman baheula teu sarua jeung jaman ayeuna. Sarua baé. Ménak mah ménak baé, sanajan ayeuna geus ganti ngaran ogé, da hakékatna mah moal béda.

Kira dua ahad ka tukang, waktu Aki néang leungeun Kawung Ratu, manggih pangalaman anu matak ngajenghok. Nya éta deukeut tangkal kawung geus aya calécér . Beu, cék haté, tangtu ieu téh calécér ti Désa nu rék ngalegaan jalan. Ari disidik-sidik, sihoréng calécér téh ayana béh ditueun kawung. Harita Aki ngaheruk lila pisan, rét kana Kawung Ratu, rét kana calécér.

“Emh, deudeuh teuing Kawung Ratu, meureun manéh téh bakal dituar da jalan rék digedéan,” cék haté. Nya éta atuh, ku hanjakal Kawung Ratu téh jadina méh dina kuta pisan, jadi kasipat ku calécér téa. Pohara Aki sabilna. Ras inget kana pamundut ti Juragan Camat. Ras inget deui kana paréntah ti Désa. Mangkaning kawung Aki téh ngan tinggal Kawung Ratu wungkul. Kaprikornus pikeun nedunan pamundut ti Kacamatan, Aki satadina mah ngandelkeun ti Kawung Ratu. Tapi harita rék dituar, titahan ti Désa.

  Cerita Sunda Sasakala Cieunteung Sumedang

Ari nu matak sabil, ka ditu kumaha ka dieu kumaha. Apan Désa jeung Kacamatan téh sarua baé kudu diturut paréntahna. Boh Juragan Kuwu, boh Juragan Camat, sarua ménak nu wajib sinembah téa.
Aya nu matak ngarugikeun Aki téh. Nya éta upama paréntah ti Désa diturut. Atuh meureun mun dituar, kana leungit pakasaban Aki nu baku. Tapi kumaha da éta paréntah nu kudu diturut.

Upama teu diturut, beu aya kudua atuh Aki téh nyontoan ka nu ngarora. Apan tadi ku Aki geus dicaritakeun, yén upama kitu, béngkok sembah téa. Éta aki teu niat, bararaid teuing!
Tapi Aki perlu ku éta kawung. Kahiji keur pakasaban Aki, kadua keur nedunan pamundut ti Kacamatan téa. Keun ari pakasaban Aki mah, teu penting, namun éta pamundut ti Kacamatan.

Ieuh Ujang-Nyai, karasa bohongna omongan Aki nu pangahirna bieu? Majar keun ari pakasaban Aki… Ah, nyaéta atuh Ujang, Nyai, sabenerna Aki butuh pisan ku éta kawung téh. Éta téh hirup Aki, Ujang, Nyai. Upama euweuh éta kawung meureun Aki beuki kokoro.

Makara sarua pentingna, boh pikeun nedunan pamundut ti Kacamatan boh pikeun kahirupan Aki sorangan.
Beuki dieu pamundut ti Kacamatan beuki mereg bersamajeung paréntah ti Désa sangkan Kawung Ratu gancang dituar. Duanana paréntah ti ménak, duanana kudu diturut.

Ari peuting tadi bet éta Kawung Ratu téh kaimpikeun deui. Da enya atuh, nepi ka Aki mah boga fikiran, yén éta kawung téh lain sakawung-kawungna, éstu titisan Nyi Mas Jubleg Ireng nu asalna tina daging jeung getih Déwi Sri urang kayangan. Ku lantaran kitu pangrumat Aki terhadap éta kawung, pohara enya-enyana, dipusti-pusti pisan, cara ka jelema baé.
Enya, éta kawung téh peuting tadi kaimpikeun deui. Dina itungan, manéhna némbongan ngarupakeun hiji putri nu maké pakéan sing sarwa bodas. Hég ngagupayan ka Aki. Ari disampeurkeun bet kadéngé manéhna ngawih, pokna:

Pileuleuyan, pileuleuyan,
Kuring digupay ku langit,
Pileuleuyan, pileuleuyan,
kuring ditundung ku bumi.


Jigana mah geus terus rasa ka manéhna, yén moal lila deui manéhna rék dituar mana kaimpikeun kitu ogé. Geus boga wirasat, yén lalakonna téréh final..
Impian peuting kamari meureun minangka iber pileuleuyanana.

Aki jeung manéhna téréh papisah. Beurat puguh gé. Ngingetkeun geus kalilaan babarengan, sakaduka-sakasuka, asa jeung dulur pet ku hinis baé.
Ayeuna Aki pohara baluwengna, sabil nu taya papadana. Ras inget Kawung Ratu daék teu daék kudu dituar. Leuh, mun dituar téh meureun sarua jeung maéhan jelema, cék Aki mah. Dosa jeung teu kaduga.

Coba kumaha timbangan Ujang jeung Nyai, lamun maranéh nyanghareupan masalah kieu? Inget kana papatah “guru, ratu wong atua karo wajib sinembah.” Inget kana pangabutuh sorangan jeung inget yén nu kudu dituar téh Kawung Ratu pisan nu ku Aki dianggap jelema nu boga nyawa.

Ayeuna lalay geus mimiti kaluar. Geus méh sareupna. Nyanghareupan peuting, engké, pohara wegahna, lantaran isuk kudu aya putusan. Isuk ide leungeun kawung geus waktuna dibuka, lahangna geus kerep nyakclakanana. Pamundut ti Kacamatan mampu ditedunan upama Kawung Ratu teu kudu dituar.

Rék kumaha ieu leungeun Aki isukan? Naha ngecékkeun kampak kana tangkalna nepi ka kawung jadi pogor atawa nagenkeun lodong kana leungeun kawung … Éta can kapikir ku Aki, namun kuma isuk baé. Engké peuting Aki rék mikir.

Kitu kira-kira obrolan Aki Sukarma ka kuring kamari téh. Nyaritana éstu binarung rasa jeung dareuda haté. Persualan anu disanghareupanana pohara beuratna. Kuring gé teu mampu mutuskeun kudu kumaha manéhna téh, naha kudu nyadap atawa kudu nuar kawung.

Tapi poé ieu pisan, tadi isuk-isuk, manéhna geus mutuskeun sorangan. Manéhna geus ngajawab persoalanana langsung. Jigana mah meunang mikir sapeupeuting. Yén kudu kitu.
Tadi isuk-isuk, kuring bareng jeung urang kampung Babakan Kiara ngahaja nepungan manéhna ka Kawung Ratu. Barang datang ka handapeun kawung, méh kabéh taya nu besar lengan berkuasa tanggah. Kabéh ngaheruk.

Rét kuring kana tangkal kawung. Aya tapak ngadék, tapi can pati jero. Kampakna ngagolér dina taneuh, teu jauh tina puhu sigay. Sanggeus kitu lalaunan panénjo kuring mapay sigay ka luhur, suku Aki Sukarma geus ngagulayun.

Cék haté: Poé ieu geus leungit hiji tukang nyadap kahot nu geus kakoncara di Désa Mandalasari anu ngaran Aki Sukarma. Jeroning kitu kuring asa ngadéngé nu ngawih ti lebah tangkal kawung. Sorana mistik naker :

Pileuleuyan, pileuleuyan,
Kuring digupay ku langit,
Pileuleuyan, pileuleuyan,
Kuring ditundung ku bumi …
Ku Wahyu Wibisana  Tina Sawidak Carita Pondok