close

Upacara Pernikahan Suku Sunda Huap Lingkung Bab 1

Upacara ijab kabul Huap Lingkung

Adat Pernikahan Suku Sunda Upacara Huap Lingkung

Sabada buka-pintu panganten tos ditepangkeun, duanana dicandak ka kamar panganten atanapika kamar sare. Asal par, antos sayagi tuangeun panganten katut katuangan nu dihiasan upamina japati sajodo, bakakak, sangu koneng, jeung sajabina. Ngawitan ngabenyeng bakakak (ku duaan) pabenyeng-benyeng sing dugi ka pegat. Lajeng huap lingkung (Carana : Panangan panganten pameget nu tengen nyomot sangu ketan, teras dirangkulkeun kana punduk panganten istri bari ngahuapkeun sangu ka panganten istri jolna ti palih tengenna panganten istri. Panangan panganten istn nu kiwa ngaleng panganten pameget,panangan tengen nyandak sangu ketan, tuluy ngahuapan panganten pameget.

Sering kaliru, panganten istri jeung panganten pameget silih kaleng nepi ka istri ngahuapan ku panangan kiwa. Ieu lepat margi teu nyumponan huap lingkung. Kedah silih huapan ku panangan tengen. Ulah lali calikna panganten pameget teh kedah di kiwaeun istri. Upami bade diteraskeun tuang sawaregna, di dieu dituangkeun besan-besan ti pameget. SakaIian disarengan ku pribumi.Nanging biasana kanggo ngudag waktos, huap lingkung teh mung sakadar kanggo lambang wungkul.
Rengse huap lingkung panganten duanana dicandak deui ka patengahan, dicalikkeun dina puade. Nembe sadaya tamu di haturanan ngawilujengkeun panganten duanana, nu diaping ku ibu ramana ti dua pihakanana, sareng nu ngipasan tea. Tamu-tamu nu parantos ngawilujengkeun, teras dihaturanan tuang. Utami sayagi dua meja, kanggo tamu-tamu wanita sareng kanggo tamu-tamu laki-laki misah. Naha ku proloog protokol naha ku mamaos nu sering dianggo didangding Sinom 4 pada, anu pondok catur panjang maksud.

Dina pintonan upacara “Huap Lingkung Panganten,” saena neda pitandang ka ahlina, anu leres-leres unginga prak-prakanana. Naon ma’nana atanapi ngandung siloka naon hiji-hijina anu kalebet dina adat Huap Lingkung Panganten? Da eta teh sanes mung Kamonesan wungkul. Di salasahiji Ka.bupaten aya anu mintonkeun upacara adab Huap Lingkung Panganten,bet sapertos nu “Tuang ngariung,” malah disarengan ku tamu-tamu ondangan ngiring balakecrakan (sanes tuang parasmanan).

Bentenna ti tuang ngariung umumteh, pedah diwiwitan ku panganten silih huapan. Caralikna panganten saraosna ku anjeun bae, pagedeng-gedeng, mayunan idangan,ngantosan komando ti nu ngajejeran. Tamat pangumuman anu kieu unggelna “Hatur uninga ka sadayana, wireh ayeuna bade ngawitan Upacara Huap Lingkung Panganten,sumangga supados sami nyakseni. Sareng disuhunkeun do’a restuna,” der weh si panganten teh silih huapan, estu sadaekna pisan, nepi ka kajadian panganten istri ngahuapan panganten pameget ku panangan kiwa.

Saseepna guruntulan-guruntulan sangu koneng dina bantalan, sareng rengse pabedol-bedol bakakak, ngaleueutan panganten pameget teh ku kiwa deui, kiwa deui? Da kagok ku calikna panganten pameget nu adek pisan tengeneun istrina. Katawis pisan teu aya hidmatna teh, kasaru ongkoh ku gandengna nu balakecrakan, tamu-tamu ngariung tuang. Sanggem anu ngajejeran nyepeng eta upacara,petana pintonan kitu teh didasarkeun budpekerti kabiasaan di eta Kabupaten. Nyambung ka bagian 2 klik nu ieu …