Paguneman hiji jelema jeung anakna nyaritakeun bab wayang
Si Salim anak urang lembur, budak bageur pisan, getol diajar, tur parigel kana pagawéan. Tapi bubuhan budak, nya rajeun waé aya carékeun kolotna mah nya éta sok kamalinaan teuing lalajo ti peuting.
Ari karesepna babakuna kana wayang. Upama ngadengé cekung – cekung goong wayang téh, sarta deukeut, geus curinghak baé malah tampolana mah tara ngadagoan asak sangu heula, kelenyep baé lalajo, da sieun kaburu heurin deukeut kotak.
Ku sabab éta ku kolotna sok disebut si Gungclo. Upama meneran malem Ahad atawa maleman peré jeung salian ti éta bisa, tur lalakona ramé, lalajona téh sok sapat sapeuting.
Dina hiji mangsa, waktu pecat sawed, kakara lugay ti enggona, ari hudangna, kawas satengah ngalindur, sabab gesat-gesut baé ka cai, tuluy dangdan saadat biasana rék ka sakola.
Bapana mireungeuh polah si Salim kitu, imut ngagelenyu, tina geus kacipta, yén éta budak pohoeun kana poé Ahad. Tapi dianteup baé, teu digeunggeureuhkeun.
Barang jut ka golodog, kakara ku bapana dicalukan, bari dititah neundeun paparabotan. Budak téh tayohna asa diingetan, yén harita poe Ahad, tuluy ka imahna bari kalamas-kélémés. Ari enggeus barang-teundeun jeung cucul-cucul, dicalukan deui dititah dahar. Tina Triwangsa II kenging DK. Ardiwinata. M. Partadireja. M. Moh. Rais.
Jangjawokan Ninun
Jangjawokan Jampé Ninun
Gedogan kijulang nunggal, perlindungan bungbulang pucang, dadampar kijulang anom, limbuhan kai tangguhan, jingjingan kai tunggilis, suri awi tali nunggal.
Titihan kuningan sari, tali caor untun séwu, tali hapit damping angkéng, bokor gonggong nu salongok, toropong tamiang sono, gedogan gading kancana.
Diukir direngga-renggi, dirupa-rupa wongwongan, siga urang godongan, jangjang emas, sorolok prang sorolok prang, sorolok éar goronjang. (Sekar Asri, 1969).