close

Carpon Tina Buku Basa Sunda Taman Pamekar 3

Nyaba ka Puser Dayeuh

Pasosore sabada asar pa Aman saanak bojona ngabring pelesiran di puseur kota.

Mimitina mapay jalan anu lalega sarta raresik, namun harita mah teu tutumpakan, da resep cenah jalan-jalan bari rarat-rérét néndjoan gedong anu saligrong.

Barang nepi kahareupeun Istana Merdéka, Aman ngarandeg bari nanya ka apana :


” gedong saha éta téh pa, mana ageung teuing ? Tuh dipayuna ogé nganggo grup bandéra Indonesia sareng di unggal lawang dijagi ku tentara nyepeng bedil. ”

” Kapan nya éta nu disebut istana Merdéka téh, panglinggihan Presiden Republik Indonesia.”

” Dupi nu di sebat gedong arca téh mana pa ?” 


“Beulah ditu gedong arca mah, geura ju urang ngaliwat kadinya !”

Pa Aman saanak bodjona bring arindit ngajugjug ka gedong arca.

” Kénging pa urang lalebetka dinja ?” ceuk Aman. ” Abdi mah hajang jelas kaayaanana.”

” Atuh geus tutup ajeuna mah.” 


témbal apana. kudu isukan ti beurang.”

” Langkung saé urang kaditu ajeuna mah pa, ka Pasar Baru,urang mapay- mapay toko anu arageung,” omomg Isah.

Emana némpas:


” Wah laléwa téh kawas anu raréa duit waé Isah mah, maké rék mapay toko sagala.

” Ih ari Ema hojong terang waé kumaha raména Pasar baru Djakarta.” tembal isah ‘ sareng eta abdi mah sok resep téh pasang-petana nendeun barang-barang dina étalase.”

  Nyaba Ka Ibun

” Naon étalase téh tju ?” ceuk Aman.

” Ari étalase téh pamidangan barang-barang di toko bagéan hareupna.”

” Atuh kudu tumpak oplét atawa taksi ari rék ka Pasar Baru mah, da rada djauh, Adé bisi mopo.” omong pa Aman.

” Sumuhun pa ” ceuk Adé. “Adé mah parantos capé, langkung saé kana polet waé.”

Pa Aman tuluy ngeureunkeun oplét, clak sararéa tarumpak oplét, dius ka Pasar Baru. Teu lila geus nepi kanu dijugjug.

Pa Aman saanak bodjona tuluj gabring mapay-mapay toko anu galedé, barang-barangna marodél tur pasang-petana neundeun barangna matak narik kana haté, matak moho anu nenjo, da puguh beunang nyusurup, mani jiga aralus kabéh.