Si Buntung Jago Tutugan Karya: S. Sukandar – 1969 |
Bagean kahijina klik nu ieu>>
Si Buntung Jago Tutugan
Wayahna … Itar… ké antos …” Andi nyarita lirih, kek Nyi Tarsiah disangkéh ku leungeun katuhuna bari haur konéngna mah tetep teu lesot tina panyekelna, sedeng leungeun buntungna manco dihareup ngajaga bisi aya lawan nu deuk narajang deui, jorélat Nyi Tarsiah dibawa ka sisi, hég disina nyarandé kana kamalir,geus kitu jleng manéhna luncat deui ka tengah, sedeng musuh-lawanna saurang gé taya nu teu ngarasa paur ku mamalana, urut bieu ogé waktu deuk dibabad bincurangna masih kénéh lelenyapan.
Karna atuh kalah ka ngajengjen, bakuna mah lain deui ngarasa érana ku Nyi Tarsiah, goreng-goreng ogé kasebutna pamajikan, eukeur mah tara ditéang-téang sasatna dilujeurkeun teu dikungkung teu diawur téh saenyana, turug-turug deui ayeuna gawé manéhanana sorangan.
” Karna … !!! Naa … nyucud teuing … Karna? Teu kapalang jadi nu burung andika téh ? Saendeng-endengna ngan migawé kamasiatan, rajeun inget ka pamajikan … hayoh ayeuna ngadon dibabawa kana lampah jahat … nya ? Cing atuh andika téh sing aya euih-euihna, andika téh moal ngora waé … moal jagjag belejag waé salawasna … Karna!”
Andi nu harita keur ngajega bari malangkeun haur konéngna hareupeun dada, manéhna terus ngaweweléh ka Karna, nu disangkana mah Nyi Tarsiah téh dibawa ku manéhanana taksiran baé sanggeusnana ditepungkeun ka lembur Hujung terus ku manéhanana dibawa ka Cipancar.
Nu moal boa maksudna téh tangtu deuk dibawa ngalakukeun kajahatan babadog rarampog saperti biasana, komo bari jeung mirengeuh aya Jang Husén katut Pa Jagra sarta Ki Badra, geus teg baé dina hatena yén sajabana ti deuk ngabangsat téh tangtu deui aya karepna nu teu hadé ka Pa Haji Sobana, bari ari rasa kagétna mah lain caturkeuneun, naha Jang Husén téh ayeuna bet ngomplot ngahiji jeung Karna.
“Kumaha ?!! Naon … Andi ? Pangdéngé téh Si Itar digugubug ku déwék ? Hemh … teu gableg teuing ka éra … silaing téh … Andi … cing silaing meungpeun carang ku ayakan, dasar silaing mah kandel kulit beungeut !!! Pinter puguh ogé silaing nyacapék mah … Andi, da mumul disebutkeun ngahéroan pamajikan batur … nya !!! Coba hempék geura mungkir ngarah naon pangna Si Itar ku silaing digugubug ka dieu ari lain deuk dihéroan mah ku silaing? Coba geura jawab … !!
Karna kalah malikeun panyangkana manéhanana, Nyi Tarsiah téh nu matak ayeuna aya di Cipancar tangtu dibawa ku Andi. “Kumaha ? Alah-alah … naaa sia téh Karna Nya bener sia mah manusa nu geus ruksak lahir-batinna, pinter sia malikeun mah abongkeun biwir teu diwengku létah teu tulangan, deuk népakeun geugeuleuh sia téh ka aing … Hah !!!”
Andi barang ngadéngé ucap-ucapan Karna lain deui amarahna nu nyangkana Karna téh neumbleuhkeun geugeuleuh ka manéhanana, puguh teu rumasa mamawa Nyi Tarsiah ka Cipancar sumawonna bari jeunng bari boga maksud deuk ngahéroan, mémang aya tetretna waja miharep tetapi tangtuna ogé maké jalan wajar ngaliwatan heula usikum balé nyungcung.
“Hemh … masih kenéh wé mungkir Andi? Nya bener kulit beungeut silaing mah kandel kawas kulit warak meureun!! teu disangka … nu disohorkeun mahir Tutugan téh haténa mah kecing leutik burih !!! Aku wé deuleu … Andi ongkoh Si Itar ngaberehilna ogé lain ku silaing ? Karna bari ngarérét ka lebah Nyi Tarsiah nu keur tetep humarurung bari nyarandé kana taneuh kamalir, terperinci beuteungna geus kempléng, geus teg bae tangtu manéhna téh geus ngajuru.
Puguh tumerapna ka Andi nepi ka lenglengan ngadengé ucap-ucapan Karna nu sakitu kasarna, dada karasana asa bejad pangaruh ngabulak-bulakna amarah nu geus teu bisa dikadaliyan deui geus puguh dédéngean ngadadak ngung-ngeng katorekan sarta daun ceuli karasana panas lir nu disebit, sajongjongan mah manéhna molotot bari sinar panon ngagedur hurung neuleu Karna alah batan neuleu najis nu matak ngaburusutkeun eusi kadut, ngurel sebel geus taya papadanan … Cag dugi kadieu heula … Dijual Buku-Buku Sunda Jaman Baheula Klik Disini