close

Cerita Sunda Sasakala Rancadarah Purwakarta

Dongeng Sunda Sasakala Rancadarah Purwakarta Dongeng Sunda Sasakala Rancadarah Purwakarta



Sasakala Rancadarah Purwakarta

Rancadarah tèh ngaran hiji kawasan nu kawentar di Purwakarta.
Lain waè kawentar pèdah ngaranna nu rada mahiwal, namun ogè kawentar ku kasang-tukang carita nu ngalantarkeun èta kawasan disebut Rancadarah.

Ari caritana kieu. Geus nepi kana ugana, cunduk waktu datang mangsa, kadaleman Wanayasa anu disesepuhan ku putra-putra Sumedang taun jeung Cirebon tè di antarana R. Soeriadikara ngan nepi ka taun 1820.Anu panungtungan jadi dalem nya èta Dalem Soeriadikara IV anu katelah Dalem Sumèrèn. Ari Wanayasa jadi kadaleman tèh timimiti taun 1686 nepi ka 1820, jadi ngan 134 taun.
Timimiti taun 1821, Wanayasa jadi hiji puseur kabupatèn nya èta Kabupaten Karawang anu mimiti jadi bupatina R. Aria Suriawinata katelah Dalem Santri.


Dina mangsa, ku alpukahna gupernemèn, di Wanayasa diayakeun tanam paksa atawa cultuur stelsel. Rahayat kudu marelak kopi di unggal lahan boh di gunung boh dipakarangan bari disingsieunan ku VOC upama aya nu wani baha kana parèntah ka nu kumawasa. Tempat anu dipakè melak kopi, lolobana di lamping pasir jeung suku gunung Burangrang. Perenahna beulah kidul wates Wanayasa, jeung beulah wètan lebah Curug Cimalaya, ari ka kulonna nepi ka Cirahayu.

Dina taun 1831, sanggeus Wanayasa teu jadi puseur dayeuh Kabupaten Karawang karena geus pindah ka Purwakarta, aya hiji nya èta perang antara rahayat anu diluluguan ku urang China Makao ngabarontak ka pamarentah.

Nurutkeun hiji katerangan, urang China Makao harita geus lila dumuk di Purwakarta persisna di wewengkon Ciseureuh ayeuna.
Lantaran teu panuju kana sistim pamarèntahan anu terus meres rahayat, urang China Makao ngabarontak.

Rahayat Purwakarta anu ngarasa sanasib jeung sapadegan yèn sistim pamarèntahan nyangsarakeun anu terus meres rahayat, urang China Makao ngabarontak. Ceuk katerangan sejènna, urang China Makao lumpat ti Batawi la Karawang, nepi ka Cilangkap, karena di Batawina diudag-udag prajurit kolonial.


Di dinya maranèhna ngabukbak leuweung pikeun ngababakan nyieun lembur anyar. Sanggeus kitu, maranehna ngahiji jeung karaman-karaman nu kalabur ti pangbuian Purwakarta ngayakeun huru-hara. Loba imah anu dirampog, pangeusina dipaèhan, wangunan diduruk, nepi ka rahayat Purwakarta ngarasa rèmpan ku talajak maranèhna.

  Cerita Sunda Sasakala Kalapa Genep Tasikmalaya

Hiji mangsa, waktu aya Rèsidèn ka Purwakarta timbul huru-hara anu kaitung rongkah. Kota Purwakarta diduruk, wangunan-wangunan pamarèntah diancurkeun. Gedong panjara diserang. Jalma-jalma tahanan dileupaskeun, anu ahirna milu ngagabung jeung kaom pemberontak pikeun ngalawan pamarèntah.

Tentara kolonial kawalahan nyanghareupan serangan ti karaman anu sakitu lobana. Peperangan ngalegaan. Anu ahirna pikeun numpes karaman nu nacowkeun, pos komando di Kembangkuning nu dipingpin ku Rèsidèn Karawang jeung Bupati Karawang mènta pemberian ka Batawi pikeun ngungkulanana. Harita kènèh VOC ngerahkeun wadyabaladna ti Kèrèsidènan Bandung jeung Karèsidènan Cianjur pikeun mantuan pasukan di Purwakarta.
Pasukan anu lobana 2000 urang, naèk kuda pikeun numpes karaman nu ngacowkeun. Sanepina ka leuweung Tanjungpura tempat nyumputna karaman, mariem pasukan Walanda nu dibawa ti Wanayasa ditembakeun.

Urang China Makao nu jumlahna 800 urang kalaluar ngalawan pasukan konial.Perang campuh kajadian. Urang China Makao ngalawan makè bedil jeung bedog panjang, sawareh makè tumbak jeun pedang.


Pasukan kolonial neregteg ku bedil jeung mariem. Dua pihak taya nu gimir, itu wani, ieu wani, nepi ka rame silih bedil jeung silihpaèhan.


Ti pihak pasukan Purwakarta loba nu perlaya, di antarana waè R. Sumayuda (ajun Dalem Bandung) jeung Tuan Maklot. Pasukan kolonial nu dipingpin ku R. Martamenggala jeung jeung R.H. Muhammad Yusuf (Baing Yusuf) numpes karaman-karaman nepi ka kabur katawuran.


Kalaburna karaman nu lolobana urang China Makao ahirn nepi ka hiji lengkob deukeut Wanayasa di kebon kopi. Nya didinya pisan perang campuh antara pasukan kolonial jeung nu diluluguan ku orang China Makao tèa.
Urang China Makao anu ngabarontak teu di bèrè ombèr saeutik oge, terus diteregteg ku bedil nepi ka pèrèn sakabèhna. Anu lumpat terus diudag, anu nyumput dikorèhan, geus puguh anu terperinci-terangan ngalawan mah teu meunang ampun dibedil saharita kènèh.


Kayaan èta ranca mungguh pikaketireun. Getih ngabayabah dimana-mana. Nu palastra geus teu puguh itunganana. Nu masih hirup kènèh kukusekan ngaleupaskeun nyawa.
Aya hiji dua urang China anu salamet leupas tina kepungan di èta ranca. Anu saterusna kabur ka Wanayasa, milu nyumput di imah rahayat didinya. Nepi ka ayeuna di Wanayasa aya garan jalan nu dingaranan Gang Kecil nyokot tina ngaran babah urang China Bah Kecil. Tuluy aya ngaran pintu Hèk nu perenahna di kampung Cileungsing Wètan jalan ka Pasirgara China. Ari pintu Hèk tèh tina basa China anu pihartieunana panto gerbang.


Kajadian perang campuh di ranca nu ngawates Purwakarta jeung Wanayasa tèa nepi ka ayeuna nelah Rancadarah tina pangèling-ngèling lobana getih ngabayabah akibat tina peperangan.
Artikel tina : Buku Kandaga Wikara Juli 2009

  Dongeng Sunda Ti Cililin Jaman Baheula

Dongeng Sunda Si Rawing
Wawacan Panji Wulung
Sasakala Situ Cikuda Gunung Manglayang