Munding Déwék
Jelema – jelema geus ka sawah mimiti nyambut. Sawaréh ngawalajar, sawaréh macul atawa magawé. Aya ogé nu geus tebar, malah aya nu geus tandur.
Bapa Idi ngingu munding, anu dipikanyaah kacida ku manéhna. Unggal isuk dipaké ngawuluku atawa ngagaru. Ari geus panas sok eureun magawéna. Mundingna tuluy diangon ku anakna, ngaran Idi.
Kira-kira wanci asar Si Idi sok ka walungan jeung batur-baturna, ngaguyangkeun mundingna. Barudak téh kacida suka-bungahna. Bari ngaguyangkeun munding, sok hareureuy silih simbeuh atawa nu tetembangan.
Si Idi nyaaheun pisan ka mundingna. Rajeun manéhna ngomong kieu ka baturna:
“Munding déwék moal aya nu ngungkulan sagala-galana ogé. Ari dipaké magawé tara sok ngadat. Kacida matak resepna ari keur narik wuluku, sukuna bebekelan kacida rosana.”
Lamun mundingna keur nganggur, ku si idi sok ditumpakan bari tetembangan. Kabisana pupuh pu cung, laguna Hayu Batur, guguritana kieu:
Moal aya nu bedas cara si jalu,
teu aya tandingna,
najan loba deui munding,
moal aya anu sarua bedasna.
Unggal isuk sok dipaké ngawuluku,
ti barang bray beurang,
barang meleték srangenge,
getol pisan meunang sabara kotak.
Mun geus panas bapa magawéna teu terus,
sawedna dipecat,
Si Jalu tuluy digiring,
disenangkeun sina guyang di walungan.
Tina Penggelar Budi