close

Sajak Sunda Lembur Kuring

Kari Waasna
Kari waasna
sora lisung tutunggulan
nu nutu di pilemburan

Ukur implengan

nu marandi di walungan
icikibung kokojayan

Kaprikornus lamunan

tegalan anu di dieu
kiwari taya tapakna

Tempat ulin susumputan

bet dug – deg jadi suhunan
lahan beuki ngaleutikan
barudak kapaksa ulin di jalan



Nineung 

Hate kuring téh nineung
ka lembur nu jauh ti dieu
sawah jeung kebonna
kawasan kuring ulin sapopoé


Pancuran awi caina ngagenclang

Lauk ting siriwik di balong
manuk – manuk areunteup na dahan
ngabagéakeun nu tiba

Duh meni wararaas
lembur kuring nu jauh ti dieu

  Papatah Jang Budak