close

Carpon Sunda Baheula – Tukang Ngala Suluh

 Aya urang gunung imahna di sisi leuweung Carpon Sunda Baheula - Tukang Ngala Suluh

Carpon Baheula – Tukang Ngala Suluh
Aya urang gunung imahna di sisi leuweung, nu hiji ngarana Asik nu hiji deui Sariman. Ari pagawéanana ngajualan suluh ka pasar, beunang ngala ti leuweung éta. Tapi ngalaanana téh ngan ti segi-sisina baé, da kajerona mah teu kadarugaeun, tina leuweung geledegan loba sato galakna. Ari imahna téh teuing ku leutik jeung geus buruk deuih, hateup eurih geus tarémbong langit.

Pakasabanana ngala suluh téa, tiap mahi kana hakan téh saenyana, nyeungeut damar ogé endap-endap. Mutuh ngarasa ripuhna mah, namun teu bisa ganti perjuangan, sabab ngan sakitu anu timu, henteu mampu pindah cabak, kana kieu kana kitu téh teu kauntup baé, malah éta ogé, kana ngala suluh sakitanan neruskeun pagawéan kolotna.

Dina hiji mangsa waktu sareupna, Ki Asik jeung Ki Sariman keur ngawarangkong, dariuk dina ranjang awi, minangka tepasna imah, nyaritakeun dagang suluh poé éta di dayeuh méhméhan teu payu, laku-laris geus asar ahir, ari peta ditunggu ku hawu.
Ditémpas ku Sariman bari humandeuar : “Ah euy déwék mah geus gundah baé ku pikalakuaneun. Éta ripuhna téh ari geus ger hujan jeung suluh cacan cacan payu, sakapeung mani ribug kahujanan jeung peurih peujit deuih, ari péh téh suluh euweuh nu nawar-nawar acan. Komo ari ras ka nu di imah, barudak ngadaragoan, béak baé éta mah di dinya !”
Keur kitu ehm, cenah aya nu ngadéhéman dipipir. Ari jol téh aki-aki leumpangna dongko kundang iteuk, tuluy nyampeurkeun ka anu keur anu ngawarangkong téh. Sariman jeung Asik kacida karagéteunana, tuluy éta aki-aki téh dicalikeun, namun teu kungsi diuk, ngan pok baé milu ngomong: “Ari ngarala suluh ulah di segi leuweung baé, kudu daék ka jerona, geura didinya mah loba nu aralus.”
Ari geus ngomong kitu téh tuluy baé leumpang, teu kanyahoan ka mana terusna. Tina buku: Triwangsa Karangan:Mas Muhamma Rais, Mas Partadiredja jeung D.K. Ardiwinata.

Harti Kecap-Kecap anu aya di Luhur :


Duga = kira-kira, biasana robah jadi duduga.
Teu boga duduga (teu boga duduga peryoga = teu boga kira-kira).
Conto ngalarapkeunana : Karman mah éstuning jalma teu boga duduga peryoga, beusi anu sakitu gedéna maké rék dipanggul ku sorangan.
Kaduga = wani atawa besar lengan berkuasa.
Duga = kira-kira, biasana robah jadi duduga.
Conto ngalarapkeunana : Karman mah éstuning jalma teu boga duduga peryoga, beusi anu sakitu gedéna maké rék dipanggul ku sorangan.
Nu ngala suluh teu kadugaeun ka jero leuweung, sarieuneun gorombolan.
Endap – endapan = potpotan, teu angger.
Conto ngalarapkeunana : Marhadi kacida walaratna, imahna kodompol, papakéanana rubat rabét daharna endap-endapan.
Kundang = mawa, maké, nuturkeun, ngabaturan.
Eta aki-aki kundang iteuk = make iteuk.
Geura = Coba, tergesa-gesa.
Geura : migawé naon-naon kudu gagancangan.
Conto ngalarapkeunana: horéam dititah ku Suria mah, karena sagala rupa téh kudu geura baé. *** Tina buku Basa Sunda Pangajaran Basa 1965.

  Imahna Aman