close

Hartina Carpon Atawa Carita Pondok

Hartina Carpon atawa Carita Pondok
Carita pondok téh aya sasaruanana jeung dongéng. Boh dongéng boh carita pondok pada-pada caita anu parondok. Ngan baé lamun dina dongéng sok aya babagian anu pamohalan, dina carita pondok mah umumna euweuh, tegesna eusi carita téh kaharti ku akal. Palakuna, jalan caritana, kawasan jeung waktu kajadianana, diréka lir anu enya kajadian. Gelarna deui anu béda téh. Dongéng mah umumna hasil sastra béh ditu, ari carita pondok hasil sastra kaayeunakeun. Cara nyebarna dongéng mah umumna ku lisan, ari carita pondok mah ku tulisan. Saperti umumna sastra mulut, dongéng mah teu kasebut ngaran anu ngarangna, disebutna ogé sastra balaréa. Ari carita pondok mah kanyahoan saha anu ngarangna, da sok dituliskeun.

Dina tahun 1929 di urang medal majalah Parahyangan, dikaluarkeun ku Balé Pustaka. Dina majalah osok diangkut carita pondok. Lian ti dina majalah, carita pondok téh gelar dina buku. Buku kumpulan carita pondok anu mimiti judulna Dogdog pangrewong, dikaluarkeun ku balé pustaka dinataun 1930. Ngaran anu ngarang ukur ditulis karakter mimitina G.S (jadi genep taun leuwih tiheula batan kumpulan carita pondok anu mimiti dina sastra Indonesia, nyaéta Teman Duduk karangan Muh. Kasim anu kaluar taun 1936. Cag. Dicutat tina buku Panyungsi Sastra ku Yus Rusyana. Penerbit Rahmat Cijulang. 1990.

  Sastra Sunda Guguritan