close

Buku Bahasa Sunda Taman Pamekar

 barudak teh katembongna kacida galumbirana Buku Bahasa Sunda Taman Pamekar
Buku basa Sunda Taman Pamekar 

Poe Liburan

Ti barang baralik ti sakola, barudak teh katembongna kacida galumbirana. komo Aman jeung Ade mah, kawantu ku kolotna rek dibawa pelesir ka Jakarta tea.

Apana Aman geus ngarungkup lauk emas bibit ti balong sababaraha hiji, tuluy dipasrahkeun ka emana sina dipais, keur kikiriman ka nu dianjangan.

Emana Aman sapeupeuting pakpikpek olah-olah, sajaba ti mais lauk emas teh ngagoreng daging hayam jeung ngaleupeut deuih, keur bekel dina kareta api cenah.

Dur bedug subuh, Pa Aman saanak-bojona geus harudang, tuluy kacarai.
Sanggeus naretepan subuh,tuluy darangdan, sakumaha umumanu rek nyaba jauh.

Samemeh bral indit apana Aman papagah heula ka nu dipihapean imah, nya eta ka Mang Aja, semoga ati-ati ngajaga imah jeung taliti ngariksa kekebonan.

Sanggeus asak papagah, bral arindit tarumpak sado, kawantu rada jauh ti imah ka setatsion teh kawuwuh rea babawaan, nya eta koper papakean jeung tingkem kadaharan keur kikiriman tea … jst… Dicutat tina : Taman Pamekar Jilid III.

  Carpon Sunda - Nu Mulang Wanci Sareupna