close

Kajembaran Basa Sunda

  
Imah Camat “Sukapura Kolot”
di Sukapura (Tasikmalaya) 
 Foto Taun-1880

Kajembaran Basa Sunda


1. Kacapangan : 
Kecap-kecap atanapi omongan anu parantos ngalemah jadi kabiasaan, disebut kacapangan. Menggaj baka henteuna dianggona, kari kumaha sae awonna kacapangan tea.

Contona :
” Ah silaing mah macok bae gawe teh”. “Atuh kudu ngolontong euy, ari rek ngalantung ku Pasarbaru”.

2. Saur Sepuh :
Sepuh-sepuh urang parantos biasa sok ngedalkeun mulut, omongna nu ngandung wulang, piraneun sareng pesekeun anu ngarora.

Contona :
“Ka hareup jeujeuh pakeun, katukang sing jadi luang”. “Kudu tungkul ka jukut tanggah ka sadapan, ulah cara nyai ronggeng, ari tungkul ngajak imut,ari tanggah tatandakan (ari tungkul ngandung maksud, ari tanggah jeung pangarahan).”Ulah nyaba sasambayan, ulah jualan papatungan. “Susuk bendung ngepung maung, menak mudu kapundayan.”

3. Cacandran.
Ieu oge saur sepuh keneh,korehaneun, bukaeun sareng lenyepkeuneun anu pandeuri.
 Contona :
 Bandung heurin ku tangtung,
 Cianjur katalanjuran,
 Sumedang ngarangrangan,
 Galunggung ngadeg tumenggung,
 Sukapura ngadaun ngora,
 Ciamis wangi ku maneh,
 Banagara sor ka tengah.

4, Caturangga.
 Satria pinanjungan.
 Sekar panggung. Sorong.
 Buaya ngangsar. Turun tangga. tadah eluh.

5. Siloka.
Siloka teh sindir keneh,mung langkung jero hartosna. biasana siloka mah panungtung kana kabatinan, mawa kana kalemesan budi. Kantenan pisan langkung sesah manan  sindir, da jadi panyalindungan maksud jadi pamelaran wulang, bukaeun sareng pesekeun anu ngarora.

  I. Siloka barang.

 II. Siloka omongan.

I. Siloka barang. Dina kawin nganggo nincak endog,meupeuskeun elekan, palita singsimma (delesna) tujuh. jsb.
Dina kebon alas,nganggo tiwu,cau turuyan, hanjuang, tangtangangin, kupat, eta sadayana Siloka.
Ku anu salancar, siloka teh sok dianggap jadi kapercayaan tungtungna mah ku lantaran teu kabuka eusina.

II. Siloka omongan : Dina pamungkasanana rajahna Lutung Kasarung aya ka unggel kieu :

 Ti mendi pipasinieun      
 ti mana picaritaeun      
 teuteureuh ti kahiangan  
 cupu manik astagina      
 diwadahan penuhtangan  
 dituruban ku mandepan    

diteundeunkeun di jalan gede,
dibuka ku nu ngaliwat,
ku nu weruh di semuna,
ku nu rancage di angen,
di buka pating haleuang,
nu menta dilalakonkeun.

Cag.
Teundeun di handeuleum sieum,      
      tunda di di hanjuang siang,        
            paragi nyokot ninggalkeun.

Tina : Riwayat Opat Bujangga Sunda