close

Bobodoran Orang Sunda Bacin Jengkol



 Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Liverpool  Bobodoran Orang Sunda Bau Jengkol

Bau Jengkol
Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Liverpool (Inggris) kalayan haratis tur dibéré bekel sacukupna. Nepi ka Liverpool, dihiji terminal Karsih gura- giru asup kahiji WC umum, sigana geus teu tahan hayang sacer-cereun kiih. 


Lima belas menit tilu puluh detik Karsih dijero WC, pas kaluar kasampak dihareupeun WC geus ngantri anu rek asup. Panghareupna saurang nini-nini anu paromana semu pias karena lila teuing nahan. Pas ningali panto wc wajah gura – giru si nini asup, tapi anéh teu kungsi lila sinini balik deui bari noél ka Karsih pok nanya.

“Nyi … nyi urang sunda nya ?” ceuk sinini bari melong anteb.
“Muhun!” témbal Karsih heraneun, bari dijero haténa mah ngarasa reueus..

“Heueuh ari ka wanoja sunda mah moal kapalingan najan dialakpaul gé tetep wé arapaleun lantaran aya ciri hasna gareulis tur aramucuy rupana !” Gerentes Karsih, bari uman-imen gumeulis dihareupeun sinini.

“Nini geuning apal yén abdi urang sunda, pasti katawis tina raray abdi nya ?”

Si Nini nembalan : “Lain euy, éta wéh katara tina urut WCna …. amis jengkol !”


JAJAMU

Indungna : “Nyai, jajamu naon anu tadi dibikeun ka ema téh ???”

Anakna : “Aeh muhun, tadi téh abdi lepat masihkeun, kedahna kanggo bapak, éta téh jamu berpengaruh lalaki “

Indungna : ” Beu, paingan atuh, karasana asa hayang macul waé

  Hirup Mah Heuheuy Jeung Deudeuh