close

Supir Taksi





Bobodoran Sunda Supir Taksi

Aya tilu pamuda nu keur marabok nyetop taksi. Ceuk Supir Taksi na jero hatena : “ieu jelema gawena ngan marabok wae, keun siah digawean gera ku aing“.


Sanggeus eta nu tilu pamuda naraek, si Supir ngahurungkeun mesin sakeudeung, terus dipareuman deui.
Ceuk supir : “Parantos dugi Cep … mangga tarurun“.

Pamuda ka hiji turun bari mayar, nu ka dua sasalaman bari ngomong nuhun.

Ari pamuda nu ka tilu mah turun teh kalah ka nyabok, bari ngambek ka supir : Engke deui mah mun mawa taksi tong ngebut siga bieu .. ancaman bisi cilaka *** 




Tukang Manuk


Sabaraha mang manuk ieu hargana ?” ceuk saurang lalaki ka tukang manuk.

Tah anu keur nyanyi mah hargana sajuta. Lamun itu tuh, anu cicing bae, eta mah dua juta” bari nunjuk manuk anu ngahiul bae dina kurung.

Har, naha bet mahal keneh anu cicing bae geuning Mang?”

“His, pan eta anu nyiptakeun laguna”

  Dongeng Sunda Si Kabayan Jeung Taleus Ateul