close

Surat Keur Citraresmi Jeung Sribaduga

Surat Keur Citra Resmi
Wilujeng angkat, jungjunan
Sanajan matak tibelat, duh raheut
Taya daya kapaksa urang paanggang

Kamari anjeun ngageuri
Basa urang patepung pikeun panungtung
Harita purnama midang geuning
Tapi ati bati peteng
Rumasa kula taya pangawasa
teu wasa ngalaga jeung sri baduga
taya daya ngayonan sang gajah mada

Wilujeng angkat, Jungjunan
Kula langgeng dina gering ngalanglayung
Kenging Godi Suwarna

Surat keur Sribaduga

Bet ku tega anjeun maksa bulan kuring
Diboyong rek ditumbalkeun
Naha anjeun bet haripeut
Gasik unggeuk padahal sakadar leungit ?

Ah, gening anjeun atah rampa
Kagembang patamorgana
Kahayang undak darajat
Teu hariwang kumaha mun meunang wirang

Pileuleuyan raja taya wiwaha
Murah temen harga nu nilar nagara 

Kenging Godi Suwarna 
Dicutat tina Wirahma Sajak-Panganteur Apresiasi Sajak Sunda 1985

  Sajak Sawah