close

Sajak Sawah

Sawah
Sawah tersusun dilereng gunung
Berpagar dengan bukit barisan
sayup – sayup ujung ke ujung
Padi mudanya hijau berdandan

Didangau perawan duduk menyulam
Matanya menatap padi huma
Sekali – sekali beliau bernalam
Dipetik dari hati mudanya

Kalau turun pipit berkawan
Melayang bilang pulan ke rimba
Perawan bernyanyi menembang – tembang
Menyesali pipit ta’ tahu iba :

” Mengapa engkau ayuhai pipit
Tak tahu arti iba kasihan
Badan ku payah menanggung hati,
Mencucur keringat sepanjang zaman
Padi kepupuk sejak semula,
Enkau tahu menyantap saja ? 
Pa Tani Ngagarap Sawah
Pa Tani ngamimitian nyambut sawahna teh dina mangsa mamareng. Nu munggaran digarap (dipagawe) teh pabinihan,tempatna dina salah sahiji kotakan nu panglendona. Tara kungsi sakotak mun sawahna teu pati lega mah,pabinihanana teh,matak sok dina babaladon ge nu deukeut kana sangapan (huluwotan) ngarah gampang ngocorkeun cai. Pare pabinihan diseleksi heula,bisi pacampur jeung cere atawa ketan.

Beunang milih, kakara diirik atawa dikerok, dipuragkeun bangsalna tina geugeusan. Samemeh ditebarkeun (disebarkeun),mudu dikeueum heula. Malah baheula pisan mah, nebarkeun teh sok ranggeuyanana bae teu kungsi di irik heula. Pawinian teh dikontrol diheuleurankeun dijadikeun sababaraha heuleur, tuluy disegeg,malah sok ditanjeban bebegig sagala, minangka panyingsieunan manuk. Sarengsenatebar, kakara mitembeyan macul (ngabaladah atawa ngawalajar).

Sangkan riduh taneuhna mah,sok digoyor ku cai. Tina kotakan nu hiji kana kotakan nu hiji deui, make kocoran, mun dina balong mah minangka palayangan.

Rajeun oge ngagarap sawah teh ngagunakeun munding. Tapi pacul mah teu tinggaleun najan ku munding oge, Sabab mudu aya nu ngajurukan, nya eta  ngimeutan anu teu katepi ku singkal Sangkan kira-kira jujukutanana geus jelek katindiahan ku tai singkal atawa tai pacul, kakara dibalik. Mun geus riduh pisan taneuhna,tuluy diangler atawa digaru sangkan taneuhna layur pisan. Jujukutanana sina jadi gemuk, bari dirarata sangkan kotakan rata kacaianana.

Nya harita galengan ditampingan. Sawah angar mah sok didangkal digemukan, komo sawah tadah hujan mah, atawa sawah geledug, perlu naker digemuk teh, teu aran sawah nu lendo. Biasana sawah nu meunang cai hirup, parena montok, arang nu keri, ngan hanjakal sok ayeuh, mun kiwari mah loba teuing gemuk orea meureun. Sanggeus binih umur 40 poe tuluy dibabutan, dibeungkeutan ka tengah . Samemeh dialung-alungkeun katengah kotakan beunang ngangler, diteukteukan heula pucukna. Ngalungkeunana di rahcalkeun.

Sakapeung babut teh sok bersamabae jeung tandur mudu diwawadi an mudu apik ulah garewol, ulah omboy teuing, ulah cetek teuing tandurna. Komo nu ngabedug mah,mudu aya nu ngajejeran bae da sok aya anu malalenting digarawena teh ari dikoncer mah. Biasana anu baluburuh magawe, tandu, babut jeung sajabanamudu bae disuguhan dahar jeung ngopi,aya oge anu pur manuk

Sanggeus lima,genep poe ti tas ditanduran pare teh lilir,aya oge anu paeh,mun kitu mudu gancang diayuman.

Mun geus gumunda, mudu geuwat dirabut dijambretan jujukutanana bari dilelep-lelepkeun ku suku sangkan jadi gemuk. Dina ngarambet mindo, mudu bareng jeung nyacar galeng . Teu kungsi lila nungguan, mun geus ngarambet mindo mah,sok tuluy papak daun,nyiram reuneuh,reuneuh beukah, celetu kumisi, rampak beuneur hejo harayhay, koneng, jujurahan asak bae. Waktuna dibentuk nu boga sawah geus sadia keur nyalin.

Saung sanggar dihias ku janur jeung sulangkar geus dibawa ka sawah.
Jero saung sanggar dieusian pangradinan rurujakan, kupat, tangtangangin ,puncak manik jeung sajabana. Mangsa nurunan sok nyawen malah sok make umbul-umbul sagala. Sanggeus tarapti mah prak bae nyalin.
Anu derep atawa gacong mareunang babon, minangka upahna.

Mana disebut gacong oge,pihartieunana tina sasangga sapocong upahna teh. ti teungahan eundan di kunjalan ka saung atawa ka lembur. Biasana saung didegkeunana dina tetelar, sangkan teu ebrik sangkan tumaninah mun dipake moe.

Ti beurang eundan dipoe, dijeblag atawa didaray, ambeh tuhurna tereh,mun geus burit ditumpuk deui. Sanggeus kitu tuluy dipangkek. Nu marangkek dariuknna dina dingklik bari nyarekelan pakuj jeung tali eundan. Eundanna ditiliman ku nyiru minangka nandean heucakna.

Sanggeus tuhur dimuat,nu diheulakeu ibu. Malah ngakut pare jaman harita mah, make sok iring-iringan, raramean make rengkong sagala.
Dileuitna tara dielep di alungge tara,jeung gogorontongna ditungtut digempel.