close

Sejarah Tasikmalaya Bahasa Sunda Bagian 1

Sejarah Tasikmalaya Bahasa Sunda Bagian  Sejarah Tasikmalaya Bahasa Sunda Bagian 1
Imah Camat Sukapura Kolot – Tasikmalaya taun 1810

Sajarah Ngadegna Tasikmalaya.
Poe ngadegna Tasikmalaya kacutat dina hiji batu, nu disebut Prasasti Geger Hanjuang anu kiwari aya keneh di simpen di Musium Pusat Jakarta. Prasasti Geger Hanjuang mimiti kapanggihna ku KF. Holle dina taun 1877 nu harita kacaritakeun make judul “Besreven Steen Uit Afdeeling Tasikmalaya” (Batu Tulis anu kapanggih di Tasikmalaya). 

Resedentes Preanger. TBg.24.1877, kaca 586-587. Dina nyaritakeunana K.F. Holle masih kurang sampurna sabab aya katerangan yen nyebutkeun masih aya keneh kekecapan nu teu mampu kabaca “namun Holle oge neteppkeun Candrasangkala dina tahun 1333 Saka Hiji waktu ahli purba Walanda nya eta M.Pleyte nyieun hiji koreksi kana katerangan Holle palebah menerkeun angka 1 rebuan. Dina hal ieu Krom geus nyieun jasa. Prasasti Geger Hanjuang dina Musium Jakarta make Nomer investasi D.26.

Ku, kituna team panyusun poe ngadegna Tasikmalaya menta dukungan ka konsultan ahli Drs. Aca jeung Drs Saleh Danasasmita pikeun ngajelaskeun naon nu ditulis dina prasasti tea. Nya hasil anu kagambarkeun dihandap ieu :

Prasasti geger Hanjuang teh ngandung tulisan nu maknana “trai bai guna apuy nasta gomati sakakala nu matak disusu (k) ku Batari Hyang pun” Hartina Trayodasi Badrapada atawa 13 Badrapada dina 1033 saka. Saenggeusna ditiung nya ninggang kana tgl.18 safar 505 H atawa 21 Agustus 1111.

Kajadian tadi aya hubunganana jeung Pangangkatan Raja nu saluyu jeung katerangan dina carita Parahyangan Koropak 406.TEG 50 jeung VBG No.60, nya eta dina tgl 21 Agustus 1111 Masehi teh waktu ngadegna Sang Lumahing Prabu di Galunggung ngaganti Rakean Darmasiksa alia Sri Djaya hiji bupati nu pupus dina taun 1108 Masehi jeungnya harita pindahna sacara resmi pusat Kaprabonan Galunggung.

Dina masa eta pisan, kawasan Tasikmalaya jadi sentra pamarentahan ti sakuliah Tatar Sunda. Nya eta pisan nu jadi punak kajayaan puncak pertumbuhan nu dijeun titimangsa pikeun nangtukeun poe ngadegna Tasikmalaya.

Nurutkeun carita dina Prasasti Geger Hanjuang Galunggung teh dibagi 2 bab nya eta Galunggung awal, dina hal ieu tingkatan caritana masih ngandung sifat legendaris. Wujud pamarentahanana masih kaasup kana sifat kabataraan,nutat dina buku dongeng kurang pandai baheula nu jadi batara Sanghyang Puhun, Sanghyang Tunggal, Sang Hyang Warog, Batara Tunggal, Batara Siluman, Batara Seda Kamulan, Batara Sempakwaja.

Dina bab kadua nu disebut Galunggung Ahir, tingkat caritana geus kaasup ka na sifat manusiawi nu bisa dipake materi dipertanggungjawabkeun pikeun sajarah.
Nu dimimitian ku Rahyangta Ri Menir, anjeunna kagungan putra 3 urang nya eta nu cikal ngarana Sempakwaja diangkat jadi Dangiang Guru nyekel kakawasaan  di Galunggung, kadua Rahyangna Kidul diangkat jadi Batara Hyang Buyut di Denuh jeung bungsu Rahyangta mandimunjuk nu jadi Raja di Galuh. Kajadian eta tadi kira-kira era ka – 7 – 8. Bersambung baca berikutnya