Pa Martani rebun – rebun enggeus turun
pagawean nu maranti
mandi arék salat subuh
di golodog Ki Martani
ngajanteng semu nu termenung
Belah wétan geus écés bentang wuluku
Ki Martani henteu pangling
inget yén geus cunduk waktu
ngariksa tali kondali
mageuhan doran nu locot
Sanggeus asak badami
rahayat saeusi désa
kumpul di lurah jarongo
tur lengkep saparabotna
pacul, cengkrang jeung bendo
ari anu jadi maksud
arék ngoméan dawuan
Solokan pon kitu deui
kudu bersih lungsur – langsar
malar cai gancang ngocor
gampang datang ka kotakan
sabab ninggang mangsana
lamun hujan enggeus turun
sawah kudu di walajar
Ayeuna cai geus nepi
galengan nu kagiliran
anu bedah anu bocor
dijejel saheulaanan
malar kotakan ngempalng
mun geus ngemplang di wuluku
dipjokan dipaculan
Kawantu Ki Martani
lain tani sakatiga
paham ngagawékeun sato
tabah ngolahkeun konara
“kia, arang !” haleuangna
Tapis ngobahkeun bubuntut
matak gancang magawéna
Kacatrurkeun ngawalajrna enggeus rampung
Mopok galeng meunang gilir
mapas, ngabobok, ngarucuk
ngajejelan liang cai
sanggeus tuluy dipopok
Ku kitu cai naék rada luhur
taneuh nu garintul tadi
tapak pacul jeung wuluku
leungit kakeueum ku cai
Tangtu baé gancang ledok
Sakotakan ku martani buru – buru
dipindo dibalik deui
disongkogan pék digaru
diangler sarta digarit
Pabinihan geus ngadago
Di imahna bojona ribut pakepuk
ngerok binih nu sajagi
beunang ngaléan kapungkur
milih nu laér tur eusi
ambéh jadina marontok
Tina Pare – anggitan – R. Djaya Atmaja – salinan tina buku Sekar Aosan 1961