close

Pupuh Sunda Dangdanggula – Piwulang Sri Rama

pupuh sunda dangdanggula piwulang sri rama Pupuh Sunda Dangdanggula - Piwulang Sri Rama

Piwulang Sri Rama – Dangdanggula

Sang Srirama ngadawuhan deui, Lahirna téh yayi Wibisana, perlu pisan ulah poho, kudu sing mampu ngatur, pilarapeun ponggawa mantri, nu bisa gawé badag, jeung gawé nu lembut, kudu sina macang-macang, papacuan ulah rék sina pahili, kudu ninggang pernahna.

Susah pisan lamunna pahili, mun ponggawa bisa gawé bada, lamun ku urang dibéré, pagawéan nu lembut, tangtu taya petana jadi, trmahna nyieun, susah, ka nu baku ngurus, sabab kabisa ponggawa, sapertina nu prakosa tandang jurit, larapkeun kana perang.

Mun nu ngarti ngatur ngéréh nagri, sina wungkul nguruskeun nagara, sina jongjon ngurus paré, mun jalma andal nujum, karesepna muja semédi, muja ngolah agama, hadé jurung laku, sina tonggoy mumujana, réh lakuning jalma téh sahiji-sahiji, pada mawa tabéat.

Reujeung deui prayogana yayi, kudu ngingu ponggawa ngarora, nu hadé dedeg karasép, nu segut tararangguh, éta jadi papaés nagri, minangka permatana, sarta yayi kudu, milih ponggawa perkosa, anu pantes kana tatandangna jurit, témbong ulatna gagah.

Anu kitu baris peurah nagri, pakeun ngarah musuh teu jeung susah, gancang karingkus kaboyong, mun nu resep ginahu, kana élmu nata preniti, misuka ngolah basa, élmu jeung pitutur, mun geus katangar pinterna, anu mampu kana niti surti, tatakrama nagara.

Tur geus harti masalah nu muskil, mun nu kitu jieun pananyaan, ku yayi pantes dianggo, ulah sina pajauh, kudu kanti di jero nagri, tangtu perluna, sarta kudu urus, dina kahirupanana, ulah kurang cukupkeun masingna mukti, mambrih jongjon lampahna.

Lamun jalma andal elmu demit, lamun gemet mangké kajadian, amal soleh pakeun maot, sabab sakur nu hirup, kudu manggih pati sinelir, mangke kalalanggengan, manggih nugrahagung, tatapi réa bayana, bébékana dina ieujaman lahir, éta singbisa nulak.

Geura pikir yayi masing éling, ngolah tubuh, jeung ngolah nagara, éta téh sarua, dihalang ku pakéwuh, pigeusaneun manggih lastari, kakang méré upama, damar anu katebak angin, tangtu mancer hurungna.

Sumbu minyak mirip akal,   nu prayatna sarta jeung santosa, najan réa gogoda gé, tangtu manggih rahayu, reujeung yayi masing kaharti, rupa panggoda téh, réana téh tujuh, keur tubuh jeungkeur nagara, réana téh sarua tujuh perkawis, ari hiji-hijina.

Mungguh ratu anu ngolah nagri, ulah pisan cidra ka patihna, nya kitu deui patih gé, ulah pisan rek palsu, ka bupati ponggawa mantri, saterusna ka handap, ulah arék palsu. Kitu deui sabalikna, jalma cacah ulah rék cidra ka mantri, mantri ka ponggawa.

  Melacak Kesenian Angklung

Duméh éta jalma ték kakasih, éta tangtu ngaruksak nagara, mun ngagampang ka adil téh, ari anu katilu, anu jadi bébéka nagr, patih jeung ponggawana, unjukan ka ratu, nyuhunkeun kadang wargana. dipajukeun unggah pangkat jadi mantri, niat maliding sanak.

Turta tacan ninggang kana misti, tacan nyaho adab tatakrama, anu unggul anu asor, mana anu kasebut, dina kitab pangolah nagr, rupaning basa-basa, miwéka panemu, kapam geus aya hukum, pratingkahna penuhanu jadi mantri, nu kudu ditetepan.

Saratna téh anu jadi mantri, réa pisan teu beunang digampang, ninggang kana perluna téh, anu jadi lulugu, mungguh mantri kudu mangarti, ka agama sorangan, nu sunaaaaaat nu perlu, keur bawaeun ka aherat, réh nu hirup teu awét di jaman ahir, kudu nemahan maut.

Kitu deui kudu boga harti, nyaho kana duga jeung peryoga, bebeneran anu saé, jeung apal kana élmu, kaayaan pangeusi nagri, nyatana opat madhab, ka kalér, ka kidul, ka kulon, reujeung ka wétan, hartina téh lajuna jajahan nagri, jeung sakur nagri lian.

Harti kana jinis nu kumelip, kaayaan di cai di darat, anu jamak anu anéh, harti ka sakur tembung, basa-basa berangasan jeung kawi, nu lumbrah kapakéna, nu kaitung perlu, perlénté tatag bicara, hadélagam ditarimbang anggun budi, soméah tabéatna.

Anu kasép utamaning mantri, tegep segut dedeg pangadegna, tangginas, metakeun gawé, lamun aya pakéwuh, tara nervous tapi caricing, sarta gancang mikirna, keur mambrih rahayu., tetep mun ngurus perkara, titih tatag tulatén petana tabri, sarat teu tinggal logika.

resep suka kana ngolah élmi, apal akhlak di lian nagara, mana nu perlu ditiron, maksudna henteu putus, kana ngarah majuna nagri, teu ngingetkeun capéna, kasusah kaéwuh, teu mikir ajang sorangan, ngan ngingetkeun lampahna beresih adil, ngajaga wiwirangan.

Disingkahan laku jail dengki, sieun nyorang lampah anu salah, dasar boga ati saleh, teu ngitung ka panggunggung, tabétna ngasorkeun diri, ngingetkeun pangajaran, waktuna ginahu, jadi ngan kari makéna, pilampahaeun mampu kaharti kasurti, geus kacangking maksudna.

Sabab mungguh anu jadi mantri, éta baku dangdanan nagara, pang jadi ngadeg nagri téh, nu ngadeudeul ka ratu, enya éta ponggawa mantri, lamun bener ngangkatna, milih nu geus cucud, nu kawincik tadi téa, makéna téh lamun geus diangkat mantri, ninggang kana pernahna.

Moal gagal samaksudna jadi, réh geus apal sagala wiwéka, teu ngadadak mikirna téh, saliring tindak-tanduk, tatakrama jeung niti surti, geus kacangking kacangcang, henteu kungsi resah, awas ka réngkakna jalma, mampu nyangka saba katangar kaciri geus kapapay luangna.

Pilampaheun tangtu geus kapilih, basa nista maja jeung utama, éta palanggeran gedé, lakuning anu hirup, sing netepan basa nu tadi, teu kudu pilih jalma, kabéh kudu kitu, sumawon mantri ponggawa, réhna mantri saperti lajerna nagri, tihang adeg nagara.

Henteu mudah milih baris mantri, hneteu meunang sambarang jelema, sadangdanan imah baé, milih kaih anu alus, henteu meunang sambarang kai, eukeur adeganana, pangérét pamikul, sabab mun kai sambarang, henteu milih anu kuat saperti jati, imah téh téréh ruksak.

Najan éta parabot nu leutik, réh sambarang kai téréh ruksak, dipohpor rinyuh jeung toko, tangtu imah runtuh, kitu deui adeging nagri, mun mantri ponggawana, lampahna teu urus, suka nyieun kajahatan, temahna teu nyieun ruruwed ka nagri, tangtuna huru-hara.

Tata nagri jadi burak-barik, ruksak batan dirurugan perang, temahna cilaka gedé, sabisa-mampu perlu, kudu milih ponggawa mantri, lamun nu bijaksana, putusing panemu, éta montong sina anggang, pibaturaeun yayi mirempug jeung mikir, ngara timbanganana.

Nu kaopat mamalana nagri, ratu ulah misuka ngagampang, nyokot arta jeung awéwé, éta bibit pakéwuh laku jepit jeung nyelir istri, tangtu asumsi jalma, nyungkelit nguluwut, ngeneseeun salawasna, moal pegat nyiar bibitna balai, ngarah karusiaan.

Nu kalima mamalana ngri, ratu ulah ngalarangkeun tegal, ngalarang lintar, jeung moro, éta nu rupa kitu, ingkeun baris kasukan abdi, keur ngarah kahirupan, ngarah pangbutuh, ratu mo kurang kaskan, henteu kudu nyusahkeun ka kuring-kuring, ratu mah sampé jembar.

Nu kagenep mamalaning nagri, ratu ulah rék ngumbar amarah, sakecap nu reujeung séwot, mun jalma nyorang luput, dosa gede atawa leutik, najan dina wajibna, éta henteu kudu, diseuseul jeung dibenduan, leuwih hadé rorogkeun kumaha misti, keunakeun pangadilan.

Nu katujuh mamalaming nagri, enya éta bangsat jurujana, maling begal kecu rampog, éta sakurrurusuh, kudu keras jaga talungtik, jeung titénan lampahna, tutur mun lumaku, ulah weléh ngakal-ngakal, mun ngalawan hadé dipaksa dibasmi, tetapi timbang jahatna. Cag. Kénging : R.A.A. Martanagara (Batara Rama V)

R.A.A. Martanagara

Radén Aria Adipati Martanagara (Sumedang, 9 Pébruari 1845-2 Séptémber 1926). Bupati Bandung, pangarang. Dipikawanoh minangka bupati panyelang ku sabab anjeunna lain turunan eksklusif ménak Bandung. Bupati anu gedé jasana dina mekarkeun kota Bandung dina mangsa kapamingpinanana Martanagara téh buyutna Pangéran Kornél. Ramana, Radén Kusumayuda (Koesoemajoeda), wadana Cibeureum nu ditibanan eksekusi administratif ku sabab pabéntar paham jeung Pangéran Sugih nu jadi bupati Sumedang mangsa harita, dipindahkeun ka Probolinggo jeung tilar dunya di ditu. Ti burey kénéh Martanagara nganjrek jeung pamanna, Aria Surianegara nu jadi patih Sumedang. Nalika Radén Saléh natamu ka Kabupatén Sumedang, Martanagara diwanohkeun ka éta juru lukis nu kawentar téa. Nalika Radén Sugih mihapékeun puterana Endén Durahim pikeun diatik ku Radén Saléh di Jakarta, Martanagara dipapancénan pikeun maturan. Dina éta kasempetan Martanagara diajar sagala rupa pangarti, saperti basa Malayu, Jawa, jeung Walanda. Sajaba ti éta, Martanagara ogé diajar ngrancang jeung ngaput baju, ngagambar, jeung ngukur taneuh deuih. Satuluyna, kalawan pituduh ti Radén Saléh, Martanagara neruskeun sakolana di Semarang. Dua taun ti harita anjeunna mulang ka Sumedang, laju diangkat jadi guru bantu nu kapapancénan ngajarkeun basa Malayu, ngitung, jeung ngukur taneuh.


R.A.A Martangara jadi Bupati
Taun 1864 anjeunna diangkat jadi camat Cikadu, namun sataun ti harita diangkat jadi Kaliwon kota Sumedang. Tina kamotékaranana ngagerakkeun rahayat melak kopi jeung miara jalan jeung jambatan. Anjeunna meunang Medali Pérak (1878). Taun 1881 diangkat minangka Patih Sumedang. Nalika Pangéran Sugih ngantunkeun, nu ngagantikeunana nyaéta Rangga Suriaatmaja, puterana nu jadi Patih Sukapura Kolot, sarta Martanagara dipindahkeun jadi Patih Sukapura Kolot (1883).

  Pupuh Sunda Bandera Urang

Nalika bupati Bandung ka-10 Radén Tumenggung Kusumadilaga ngantunkeun (1893), sedeng putrana Radén Muharam, umurna kakara 5 taun, Martanagara diangkat pikeun ngagantikeun Radén Muharam. Éta kajadian téh saéstuna ngabalukarkeun réa golongan ménak anu kanyenyerian ku sabab maranéhna nu boga hak pikeun nyangking kalungguhan téh nyaéta ménak Bandung. Sainganana, Radén Rangga Sumanagara, nu meunang sumbangan ti médak Bandung, ngajukeun pamundut ka Gubernur Jenderal pikeun ngajukeun dirina nu jadi bupati. Samalah Radén Rangga Sumanagara kungsi nyoba nelasan ku cara masang dinamit dina kandaraan nu baris ditumpakan ku Martanagara. Hadéna, éta perjuangan téh teu hasil.

Yasa-Yasana
Sanggeus kaayaan pindahna kakawasaan ka Martanagara geus mimiti merenah, anjeunna ngamimitian pancénna enggoning ngawangun Kota Bandung.Harita kota Bandung geus mampu diliwatan ku karéta api, puseur departemen peperangan, sarta tempat bisnis nu tohaga, saperti Toko De Vries jeung Toko Liem. Program-programna ogé mimiti laju. Nu paling kawentar mah nyaéta kenténg geus mimiti digunakeun di imah-imah penduduk. Ieu program dilaksanakeun di hiji kampung di Balubur. Ku sabab ieu kampung téh nyieunan kenténg atawa Lio, ku kituna ieu kampung dingaranan Kampung Lio. Ieu ngaran tuluy robah sanggeus pamaréntah ngamerdikakeun ieu kampung, nepi ka jadi katelah kampung Merdika Lio. (wikipedia).