close

Pesta Kariaan Di Garut Jaman Baheula Bagean 4


Pésta Kariaan di Padésaan Pakidulan Garut Jaman Baheula Bagéan 4



Puncakna program tetebah téh, museurkeun daya tarik kana Papajangan tempat budak boh dékorasina, boh pasang éta tempatna, dina papajangan téh, dina méja hareupeun budak sunatan, aya pangradinan, dieusi sasaén sapuratina, tumpeng, ancak sara, téténong dieusi bakakak hayam mahir jajangkar, sangu wuduk, pais lauk bibit, saté, gepuk, ulén ketan.

Ancak sara téh, nyiru ukuran 70 x 70 cm, wengkuna ku kai, rubakna/jangkungna 20 cm, dieusian ku rupa-rupa kaolahan, anu tos disebatkeun dina awal seratan ieu. Tambihna téh ditumpangan ku wajit, angléng, opak, ranginang, gogodoh nu baradag, wajit angléng gé sami dampal sampéan sepuh, opak-ranginang, gogodoh sami sareng beugeut piring séng, nya kitu deui kolontongna sarua bata mérah, borondongna sarua jeruk bali nu kararitu téh disebutna parawanten, lobana sajodo-sajodo.


Ancak sara téa keur Budak sunatan téh hiji séwang, keur Bapa Paraji Sunat hiji, candakeun mulihna, kuéh badag nu lima umpak disimpen di kénca katuhueun budak sunatan.


Kacaturkeun dina pocan bregna hajat, budak sunatan anu meunang ngadangdanan jeung dihias dirias, maké baju bedahan beuheung tutup, warna gading tina lawon gabardin, siniangna batik kumeli, maké siger ditarétés sipuhan emas sinangling, kumplit jeung erloji sakuna, rantayna pating-barasat, dina cangkengna nyungkelang keris, bleg wéh siga Arjuna mamalihan.


Budak sunatan diréndéngkeun diukna dina korsi hias di papajangan, dihapit ku ibu ramana, katut pangatikna, dironom ku adi lanceukna katut nini-akina, rébuan pasang soca neuteup ka papajangan.


Geus kitu, ngong juru biantara ngawilujengkeun ka para tatamu, sakaligus ngahaturkeun nuhun ka sadayana pihak, anu geus rumojong jeung pangduana kana lumangsungna maksud sehibul hajat ieu.


Tutup nu biantara, diteruskeun kana program Sawér budak sunatan, ku juru sawér nu geus kasohor di éta désa. Sawér budak sunatan, jaba ti puitis murwakanti, ungkapan basana kuno, méh 75% maké basa Kawi, jeung basa Sangsakerta.


Tuntas nyawér, ditéma ku pating beledug jeung pating borobotna sora tétékoan/merecon, pepetasan, koh-kol bajidor dititirkeun, ditéma ku padungdungna kendang penca, dog-dog réog ditabeuh kebo jirokeun, dipirig ku térététna sora tarompét, eundeur handaruan asa kaindit.


Kira wanci jam 09 00, leugeudeut aleutan iring-iringan mimiti maju, ngaleut-ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang, budak sunatan téh rék diarak, ngurilingan pilemburan, mapay-mapay jalan désa, panjangna ampir dua kilométereun.


Pangheulana rombongan nu marawa umbul-umbul jeung sasampiran, ngiringkeun Bapa Léngsér nu keur meta sajajalan, méré béwara ka balaréa, digendeng ku gulang-gulang.


Ditéma ku rombongan gotongan jampana budak sunatan, beunang ngahias, jeung gotongan jampana pangiringna aya limana, dieusi ku ninina, ibuna jeung adi lanceukna nu awéwé. Katingalna jampana téh hurung-herang pating barasat katojo sinar srangéngé.


Tukangeun rombongan jampana, aya rombongan nu tarumpak kuda beunang ngahias warna-warni, kaasup nu tarumpakna aya badut, aya jagoan, aya putri geulis jeung sabangsana, kudana sina nyirig nurutkeun irama tatabeuhan patin-garaced.


Satukangeun rombongan kuda, aya rombongan kulawarga Kedok Ijem, diwangun ku nini-akina jeung dua incuna awéwé lalaki, ngangon badawang sajodo, bari sempal guyon bobodoran ku basa isarat cara maén pantomim, kos ti mana maraké kedok saluyu jeung fungsina masing-masing, papakéanana singsarwa urakan. (Badawang sami sareng Ondel-ondel).  Tina: majalah Sunda Mangle No. 1719 Ku: Ubun RustandiNyambung kabagean: 1 3 4 5 6