Pesta Kariaan di Padesaan Pakidulan Garut Jaman Baheula
Tamat haleuang rajah pamunah, ger wèh nabeuh lisung tutunggulan dibarung ku kakawihan lagu gondang, didalangan ku ibu lulugu, kalimah-kalimahna medar asal-permintaan sajarah Nyi Dewi Sri, selang-selang direumbeuy ku sisindiran.
Nu lalajo ti unggal lembur sabudeureunana mani ngabrul,- ngadeugdeug nu keur nu keu ngagondang, para bapa jeung para jajaka nu keur digarawe ngadegkeun balandongan, jeung nyarieun ubrug panyanguan ge areureun nyelang lalajo heula.
Beuki beurang, beuki ramè nu ngagondang tèh, malah loba jajaka jeung bapa-bapa nu gèhgèran, ngadon milu mairan ngahaleuang bari rèrèngkènèkan arigel-igelan di pipir saung lisung, silih tempas jeung Nyi Mojang ngadu sèsèbrèd jeung sisindiran, nu kieu pokna:
Cek jajaka:
Cek jajaka:
Saung lisung panjang jungjang,
Hèsè dihateupanana,
Mojang jangkung anu lenjang,
Waas ku ngiceupanana.
Cek Mojang:
Tèngtèng koya, tèngtèng koya,
Gogodoh tipung tarigu,
Èntèng besar hati, èntèng besar hati,
Dipibogoh ku nu ridu.
Cek Jajaka:
Satumpuk tèh dua tanggung,
Sacaèng dua madèa,
Moal ngutruk, moal pundung,
Mun Enèng arèk satia … jeung rèa-rèa.
Pisaminggueun deui ka prungna hajat, sakumaha lazimcara kiwari, nyebarkeun surat ondangan heula, kasobat-sahabat, ka baraya kadang warga nu aranggang mah ku amplop, ari ka
nu dareukeut mah ngutus wè jalma nu percèka mampu nyarita tur hadè tatakra-mana, pikeun ngangkir ngahaturanan linggih ngulem dina waktosna.
Salian ti èta nu jadi perhatian utama sahibul hajat sakulawarga teh museur ka calon budak sunatan. Nurutkeun tali paranti adab budaya harita, pidua minggueun deui gè kudu geus aya ‘Pangatik’ pangaping.
Demi milih pipangatikeun kandidat budak sunatan tèh, kudu pohara ati-atina, komo ieu mah nu rek disunatanana gè sadua-dua, biasana pangatik budak sunatan tèh nyokot ti luar lingkungan kulawarga, budak ngora, boh jajaka boh duda nu alus ahlakna, hadè tatakramana jujur tara linyok bohong, komo saeutikna ngarti kana èlmu jiwa budak, mampu ngadidik, bisa ngadongèng nu narik perhatian ka budak sunatan.
Mun nyokot ‘Pangatik’ ti lingkungan kulawarga, komo ku lanceukna, pamanna atawa kapi-kapi dulur sejenna, loba kajadian budak sunatan sok ngarungsing loba pamènta ka kolotna nu lain saeutik pangajina, boh duit jajan, kadaharan malah hayang pepelesiran, kituna tèh dihatèan ku ‘Pangatikna’ nu teu jujur, malah tempo-tempo uang panyecep dina gentong gè rajeun kabobolan, disakuan ku pangatik nu model kitu.
Pisapuluh poèeun deui ka prungna hajat, pangatik tèh kudu geus matuh beurang peuting di imah sahibul hajat, kalayan kandidat budak sunatan tèh, disèrènkeun ka manehna, beurang peuting kudu ditalingakeun, mandi, dahar jeung sarèna kudu bersamajeung manèhna, semoga gancang anut.
Pisaminggueun deui ka prungna hajat, ngawangun heula Panitia Pamangku hajat, ieu gè ti luar kulawarga nu boga hajat, di padèsaan gè jaman harita geus aya tukang mangku hajat, boh hajat rongkah, boh hajat kariaan biasa, saluyu jeung kelasna.
Ngabagi pancèn gawèna teu pati geseh jeung panitia hajat kiwari. Aya lulugu, panulis, jeung sababaraha juru simpen di antarana: juru simpen pabeasan, juru simpen daging, juru simpen idangan, juru simpen masak, juru duum jeung juru simpen kaolahan.
Nya kitu deui juru ngatur patempatan/paparabotan, juru ngatur dekorasi/hiburan jeung sajabana, sakumaha rongkahna hajat. Ngan budbahasa budaya karuhun urang Sunda baheula, pohara nanjeurkeun katartiban, kakulawargaan jeung kawalatraan ngabagi-bagi rejeki jeung kabungah.
Juru panampian tamu gè aya dua bab. Panampian tamu nu geus diondang jeung panampian tamu dadakan nu kalangkung ku uleman, nu kapergo di panglalajoan atawa nu keur dadagangan. Babakuna kadang wargana jeung kekenalanana sahibul hajat, terus wèh dihaturanan linggih harita, disebutna Ngadiukkeun ondangan.
Teu hèsè bèlèkè nu dihaturanan linggih dadakan kitu tèh da geus jadi adab kabiasaan, terus wèh dituangkeun dileueutkeun babarengan jeung ondangan sèjènna.
Upami teu diangken kitu, sok nyarieun gara-gara, baralik lalajona tèh aya nu ngaduruk saung sawahna, ngadodorkeun balongna, ngababad pepelakanana nu boga hajat, sagala bongbong, tempo-tempo dibantuan ku bocokok-bocokok babaturanana nu lalajo sèjènna ngaruksakna tèh.
Pilima poèeun deui ka prungna hajat, sadèrèkna jeung kadang wargana nu jarauh nungtutan daratang, bari rarebo ku babawaan. Nu ngèlèk, nu nyangkèh, nu nyuhun nu nang-gung sumbul, ditumpangan hayam hebat, lauk bibit jeung cau ambon baradag. Tina: Majalah Sunda Manglè no. 1716. Ku. Ubun Supandi. Nyambung ka bagean : 1 2 3 4 5 6