close

Ngaganti Ngaran Di Kuningan


bobodoran sunda Ngaguar Paririmbon Ganti Ngaran Beja nu rek dicaritakeun teh nya eta beja  Ngaganti Ngaran di Kuningan



Ngaguar Paririmbon Ganti Ngaran
Beja nu rék dicaritakeun téh nya éta beja soal ganti ngaran. Di wewengkon Kuningan lamun rék ganti ngaran téh sok diayakeun dina hiji upacara, sabada hataman ngaji. Kaprikornus hataman (simpulan) ngaji téh biasana sakalian jeung ganti ngaran téh, utamana ka nu tas ngajalankeun ibadah haji.

Beja ceuk Bapa Kolot, baheula gé di Cirebon téh aya. Ngan carana séjén deui. Anu hayang diganti ngaran téh sok tiba ka andal na, bari bébéja atawa ngabéjakeun ibadah haji.

Kocap aya tukang pér, hayang ganti ngaran. Atuh kencling wéh indit ka mahir na téa. Hanjakal kuring poho deui, naon sebutan jeung naon ngarana, éta tukang ganti ngaran téh. Tuan Syéch meureun mun di Mekkah mah. Atuh urang sebut wé Tuan Syéch.

” Saha ngaran aslina bapa téh ? ” ceuk Syéch.
” Soma “
” Pagawéan ? “
” Tukang per”

Per téh sarua jeung Délman. Sarua jeung kahar. ” Lamun pa Soma hayang ganti ngaran, nu hadé mah, nu merenah jeung keuna reujeung pagawean, urang ganti we jadi, abdul Kohar.” ceuk Syéch. Nya ti harita Pa Soma dilandi jadi Abdul Kohar.

Aya deui nu sejénna, nya éta tukang areng. Tapi lain tukang manggulna, lain tukang ngetengkeun, ieu mah tukang ngabakarna. Tukang meuleuman di leuweung. Ieu gé hayang ganti ngaran deuih. Sakumaha katangtuan. Tukang areng gé ditanya heula pagawean. Sanggeus dibéjakeun tukang ngabakarna téh dilandi jadi Abubakar.

Nu katilu mah tukang kamasan. Cenah ceuk bapa ndeso, basa Tuan Syéch rek ngaganti ngaran ka tukang kamasan mah rada bingungeun. Tapi lain ge atuh Syéch  ari teu bisa ngaganti ngaran-ngaran baé mah. Sanggeus sawatara jongjongan mikir, Syéch nanyakeun deui barang – barang anu dijieuna. Nyieun kongkorong, geulang, jeung anting, rikat Tuan Syéch megat kalimat, sarta sakilat geus hasil nangtukeun pingaraneunana. ” Mohammad Ali ” ceuk Tuan Syéch téh.

Rék percaya rék heunteu da ieu teh beja ti Pa Kolot. Ku Wong Grage – tina majalah Mangle no. 271 Juni 1971.