close

Kumpulan Pupuh Sunda Volume 2


 Kumpulan Pupuh Sunda Volume 2



Asmarandana
Bungbulang dina kalewih
suuk melentung di kebon
akar pandan diruasan
purkutut pakauman
bendungan disisi situ
peusing sah dipanjara

Dunungan teu geura mulih
bilih tereh kauninga
kaduhung lamun kadongdon
ulah waka luluasan
sing emut kahukuman
dunungan ulah sok kitu
sing nyaah kana salira


Sinom
Siki tarum rinu kembang
badoang manuk badori
eunteup dina kalijaga
manuk walet jangjang beusi
cihcir disada peuting
dina kembang tunjung tutur
kuma piakraeunana
melak supa samar jadi
daun bakung pisitan buah kokosan

Beak taun beak bulan
ngadagoan bagja diri
teu ayeuna sugan jaga
reh weleh inggis ku bisi
mikir beurang jeung peuting
ari ras direbut batur
kuma piakaleunana
agar tereh ngajadi
gering nangtung mikiran bati hoshosan


Kinanti
Kukupu tilu kulawu
harimumu hideung deui
cat mancat ka balepulang
ngait mayang ku kareumbi
badoang manuk badoang
eunteup dina nagasari

ku lucu nu hideung huntu
imut estu narik ati
hate engkang bati melang
emut sok kasuat diri
antosan engkang antosan
bade nuturkeun pandeuri
Tina : Rasiah Ngadangding ku. P. Nataprawira 1955




  Kajembaran Basa Sunda