close

Kisah Sunda Sasakala Gunung Putri


Sasakala Gunung Putri  Kacaritakeun aya putri anu kacida geulisna Dongeng Sunda Sasakala Gunung Putri

Sasakala Gunung Putri. 
Kacaritakeun aya putri anu kacida geulisna.Ku tina geulis-geulisna, rea pisan lalaki nu mikahayang. Boh putra Raja boh turunan cacah, rea nu geus balaka hayang migarwa. Tapi taya nu bisa laksana. Sakur nu kungsi ngalamar teh balik lengoh bari kuciwa. 

Demi sababna, unggal aya nu ngalamar putri teh sok aya pamenta. Pamentana rupa-rupa, namun tetela taya nu hampang. Lamun teu mampu nedunan pamentana, wayahna panglamarna teu ditarima.

Geus aya puluhna lalaki nu gagal lantaran teu mampu nedunan kahayang putri. Najan kitu, teu mampu kukumaha. Teu wani ngunghak campelak ka eta putri najan kahayangna teu laksana oge. Ari sababna, lian ti geulis teh eta putri jeung sakti deuih. Pangabisana lain bantrak-bantrakeun.

Sakali mangsa, kurunyung aya lalaki nepungan ka eta putri. Eta lalaki teh urang padesan, ngaranna Asep Roke. Maksudna nepungan putri seja ngalamar. 

Nyi Putri henteu nolak. Tapi nya eta boga pamenta. Pokna teh :”Heug bae kami jadi pamajikan anjeun, asal anjeun bisa nedunan kahayang kami. Anjeun didagoan di dieu nepi ka wanci surup panonpoe. Datang deui kudu mawa munding nu baplang tandukna. Lamun eta teu ngabukti, wayahna moal jadi dipisalaki …” 

Asep Roke indit bari gede hate. Ceuk pikirna, naon hesena neangan munding baplang ! Manelma geus ujub yen bakal jadi salaki putri. Inditna teh bari gumbira pisan. 

Tapi, buktina mah bet nyalahan. Waktu panonpoe geus rek surup, Asep Roke di jalan keneh. Can nepi ka kawasan putri. Padahal munding nu tandukna baplang teh geus katungtun ku manehna. Ngan elat waktuna bae. 

Barang reup panonpoe surup, Asep Roke kakara nepi ka pasawahan. Teu sakumaha jauhna ti patempatan putri tea. 

Keur kitu, ujug-ujug reg bae munding teh eureun, teu daek dibawa leumpang. Mugen di dinya. Asep Roke pohara kagetna, barang ngalieuk ka tukang, munding teh bet jadi batu ! Ras Asep Roke inget ka putri nu kasohor luhung elmuna. Moal boa kajadian kitu teh nya lantaran pangawasa putri tea. 

Cul bae munding nu geus jadi watu teh ditinggalkeun. Berebet manehna lumpat, muru ka tempat putri. Teu ku hanteu, barang nepi ka deukeut panganjrekan putri, Asep Roke ge robah jadi arca watu. Nya kitu deui putri tea, manehna ge jadi arca. 

Lila ti lila, tempat Asep Roke jadi arca teh ngajadi gunung. Nepi ka ayeuna nelah gunung Asep Roke. Nya kitu deui daerah putri tea, jadi gunung deuih. Kasebutna gunung Putri. Ari kerikil robahan tina munding nu dibawa ku Asep Roke tea, katelah Batu Munding. Ayana di Rancapanggung, Cililin.

Peristiwa Bandung Lautan Api Bahasa Sunda 



Bandung puseur dayeuh Jawa Barat. Dina mangsa révolusi, kungsi jadi lautan seuneu. Kajadianana lumangsung tanggal 24 Maret 1946, dina mangsa bangsa urang ngalawan tentara Inggris nu sapongkol jeung NICA, pikeun ngarebut kamerdékaan nu geus kacekel ku urang. 

Harita téh poe minggu, poé nu sakuduna mah dipaké reureuh sarta kumpul jeung kulawarga. namun pikeun rahayat Bandung mah, kalahka riweuh. Sapoé saméméhna, pamaréntah urang di Bandung meunang ultimatum ti pihak tentara Inggris, eusina, pasukan-pasukan Tentara Republik Indonesia, katut nu séjénna, kudu ninggalkeun kota Bandung, paling elat tanggal 24 Maret 1946. Baca Selengkapnya >