close

Ki Sunda – Mang Koko

Ki Sunda … Cipt. Mang Koko

Tanah Sunda (wibawa) gemah ripah (tur éndah)

nu ngumbara suka betah
Urang Sunda (Sawawa) 
sing Towéksa (percéka)
nyagga darma anu faktual


Seuweu Pajajaran

muga tong kas’maran
sing tulatén jeung rumaksa
miara pakaya
mémang sawajibna
getén titén rumawat Tanah Pusaka

Titén kana (pakaya), harta banda (pusaka)
mo’ kaduhung waktu jaga
Anu lian (mo’wasa) moal bisa (rumaksa)
ngatur ngolah jeung ngariksa

Gembleng sauyunan
singkil babarengan
ngangkat darajat Ki Sunda
Sunda kukuh berpengaruh
diraksa dirumat
niscaya jembar wibawa Indonésia


  Pupuh Sunda Bandera Urang