close

Pupuh Sunda Bandera Urang

Bandera Urang Dangdanggula
Ngerab-ngerab katebak angin,
beureum bodas jago tetapi waas,
dua warna pulas polos,
ti luhur beureum alur,
perlambang sugih kawani,
teguh tanggoh tur gagah,
dina perang tarung,
suka pejet batan ngejat,
kajeun lebur teu lebar naruhkeun pati,
bumela ka nagara

Pulas bodas warna anu murni,
suci setra tanda manah sutra,
sasmita beresih hate,
perlambang kecerdikan luhung,
sepi dina geugeuleuh galih,
tur adil palamarta,
pengkuh teu salingkuh,
beuneur bebeneranana,
resep bakti gumati terus jeung ati,
ka nusa jeung ka bangsa

Beureum bodas wani sarta suci,
netenggeran sa Indonesia,
sing lambat-lambut ngelebet,
ngebutkeun baju wahyu,
mawat jaya daya sajati,
rahayu mulya raja,
tetep agung langgeng agung,
ari saratna sarupa,
kudu bakti sewu-sewu seuweu-siwi,
sawawa sawajarna.

Tina : Panji Pustaka-1944
Kenging : M.A.S.

BLOG PENJUAL BUKU-BUKU LAMA KLIK DI SINI >>

  Pantun Sunda