close

Dongeng Sunda Si Kabayan Jajan Baso

Si Kabayan Jajan Baso Si Kabayan megat tukang baso nu ngaliwat ka hareupeun imahna Dongeng Sunda Si Kabayan Jajan Baso



Si Kabayan Jajan Baso
Si Kabayan megat tukang baso nu ngaliwat ka hareupeun imahna. Basa geus bérés meuli tuluy mayar, pok ngomong : Mang, isukan mah ulah dagang !


Tukang baso panasaran : Naha ku naon, Jang?  
Si Kabayan : Ieu baso téh ngeunah. Isukan mah kuringna geus teu boga uang. Mun Emang dagang kuring pasti kabita.

Rék boga duit rék henteu lain persoalan kuring ! ceuk tukang baso ngaleos bari ngadorong rodana 


Dasar Si Kabayan
Di lembur Si Kabayan diayakeun kagiatan kerja bakti.
RT : Jang Kabayan, hayu urang kerja bakti ! 
Kabayan : Mangga Pa RT, ké ieu pameng nuju nyeuseuh heula.”


Geus sababaraha jam Kabayan teu kaluar baé ti imahna. Pok RT ngajak deui : Jang Kabayan, hayu urang tuang heula, bisi kaburu tariis geura.


Kabayan (haget pisan): Mangga Pa RT, ayeuna pisan abdi dongkap ka dinya.
RT (bari ngagerendeng) : Dasar Si Kabayan, mani haripeut ari kana baranghakan mah !

Si Kabayan jeung Blék
Kabayan : Bener nya, basa Inggris jeung basa Sunda mah mani lalawanan pisan. 
Arnasim : Lalawanan kumaha? 
Kabayan : Kecapna sarua tetapi hartina mani béda pisan.
Arnasim :  Saperti kecap naon tah ? 
Kabayan : Kecap blék.
Arnasim :  Kumaha kitu?
Kabayan :  Pan dina basa Inggris mah blék téh hartina hideung.
Arnasim : Ari dina basa Sunda?
Kabayan : Dina basa Sunda mah blék téh hartina…bodas.
Arnasim : Ceuk saha blék hartina bodas ? 
Kabayan : Buktina, unggal uing ka warung meuli kurupuk blék, pasti ku tukang warung dibéré kurupuk bodas. Kaprikornus terperinci, blék téh hartina bodas! 

  Cerita Sunda Si Kabayan Nyapih Nu Pasea