Pamanukan Subang 1900-1920 |
Sasakala Pamanukan Subang
Kacaturkeun jaman baheula di daérah basisir kalér Pulo Jawa aya karajaan anu katelahna Karajaan Pilangsari. Kahirupan rayatna, henteu ari lubak-libuk mah, namun cukup. Henteu kakurangan wé. Jeung deuih tara kadéngé aya baramaén anu ngider kawas kiwari di Karajaan Pilangsari mah. Nyirikeun rayatna getol digarawé, boh patanina boh pamayangna. Kabeneran tanahna léndo, jeung basisir kalér mah loba laukna deuih.
Karajaan Pilangsari boga raja anu wijaksana jeung pinter ngolah nagara. Raja Pilangsari kagungan kembang nagara anu ngan hiji-hijina, keur nincak rumaja, nyaéta Milangsari. Milangsari katelah kageulisanana ku saeusi nagara. Malah ahirna mah kageulisanana téh sumebar ka nagara-nagara tatangga.
Kageulisan Milangsari jadi sabiwir hiji. Loba anu panasaran, siga kumaha ari Milangsari téh? Rabul ti suklakna ti siklukna hayang nyaho rupa Kembang Nagara Pilangsari. Anu geus nénjo rupana, baralik ka nagarana bari jeung neundeun katineung, dibarung ku pangharepan kauntun tipung katambang béas ngapimilik Milangsari.
Ti harita, rabul ka Nagara Pilangsari anu rék ngalamar. Nu hayang dipulung minantu, kitu deui anu ngajak bébésanan. Anu daratang, taya nu léngoh, kabéh angkaribung ku babawaan keur pameuli haté Milangsari.
Nu daratang beuki loba. Aya anak raja, anak sudagar beunghar, anak bangsawan, malah aya anu rék ngajeneng-keun jadi ratu kadua ogé alias dicandung.
Raja resah liwat saking. Nu hiji can dijawab, geus jebul deui nu hayang jadi minantu. Nu hayang jadi minantu can ditanya-tanya acan, geus torojol anu ngajak bébésanan.
Beuki lila, kabingung raja beuki nambahan. Ahirna Raja ngangkir Patih jeung anakna, Milangsari.
“Mamang, bet jadi kieu geuning. Kumaha pipetaeun urang? Lamun seug hiji dipilih nu séjénna niscaya arambekeun, moal burung dirempug nagara urang téh. Ceuk rarasaan mah, urang moal mampu ngayonanana, da mani sakitu lobana. Mamang, cing béré bongbolongan, sugan aya jalan anu hadé ?”
“Jungjunan, moal ngalalangkungan Mamang mah, na-nging upami disuhunkeun kamandang mah mangga téh teuing. Kumaha upami diayakeun saémbara ?” walon Patih.
Raja ngahuleng. Heueuh, dipikir-pikir mah alus ogé mun diayakeun saémbara. Anu daratang, kabéh boga kasempetan anu sarua.
” Tah, ayeuna Ama rék nanya ka Nyai, kumaha kira-kirana?”
” Duh, Ama, abdi mah mangga waé, kumaha saéna saur Ama,” témbal Milangsari.
” Tah, geuning kitu, Mamang,” Raja ngahuleng sajong-jongan. Pok nyarita deui, “Ayeuna mah pangbéjakeun ka kabéhanana, sing saha anu kapilih manuk anu dibawana, éta pisalakieun Milangsari. Ayeuna mah sina baralik baé. Téangan manuk anu alus saloba-lobana, béré waktu saminggu! Engké kumpul deui di alun-alun nagara!” Raja méré paréntah ka patihna.
Saminggu ti harita, di alun-alun Nagara Pilangsari geus pinuh ku kurung manuk, malah tepi ka pendopo sagala. Eusina rupa-rupa manuk, ti mimiti anu leutik saperti kolibri, nepi ka nu gedé saperti hingkik.
Sakumaha anu geus ditangtukeun, Raja jeung Milangsari kaluar ti karaton muru ka alun-alun, diiringkeun ku para-pangagung nagara, rék milih manuk anu dipikaresep ku Milangsari. Ti nu mimiti diilikan terus nepi ka tengah diteuteup, ahirna nepi ka tungtung disidik-sidik. Milangsari malikan deui ningalian nyidik-nyidik, mana manuk anu dipikaresep ku manéhna. Nepi ka tilu balikan, Milangsari masih kénéh resah. Nu milu saémbara beuki teu genah cicing, sieun teu kapilih.
Ahirna Milangsari nyarita yén manuk anu sakitu lobana téh taya nu kapilih. Nu milu saémbara ngamuk asa diulinkeun, Nagara Pilangsari diburak-barik. Milangsari diséséréd, disedekkeun. Tempat saémbara paalus-alus manuk, kiwari nelah Pamanukan, tempat nyedekkeun Putri Milangsari kiwari jadi Kampung Padek. Ari Karajaan Pilangsari taya tapakna, ngan kari ngaran kampung: Kampung Pilangsari.
Nurutkeun Babad Sumedang, sajaman jeung Karajaan Sumedang di basisir kalér Pulo Jawa téh aya karajaan, katelahna Karajaan Pamanukan jeung Karajaan Ciasem.