Padungdung di jero Leuweung
Rebun-rebun kénéh geus ngeureuyeuh nikreuh mapay leuweung, bari ngararasakeun sumilir angin dumalingding, alam nu keur di sorang sepi jempling, turaés nyéngsréng patémbalan dina dahan kai ngahudang ka keueung, handapeun cukang cai susukan hérang ngagenclang, keusikna barodas beresih pacampur emas ting kolényay hérang, manuk murey balegér bari moyan dina dahan kai garing, mapaés éndahna ka aslian leuweung.
Boga jangji ti anggalna yén poé éta rék datang nepungan manéhna, anu rék di jugjug téh pakampungan, tetapi ngaran-ngaran di pileuweungan Sumatra anu di sebut kampung téh jauh lain meumeueusan, jajalanan anu rék di sorang kudu ngaliwatan leuweung geledegan. Teu sing anéh ku leuweungna mah da puguh geus lila hirup leuleuweungan, ngan éta ku jauhna, jeung ceuk anu ngabéjaan cenah dina jalan anu ka kampung éta sok aya bégal, tapi haté teu mampu disupa dulang, keukeuh asa hayang tepung jeung manéhna.
Keur jongjon ngararasakeun éndahna alam anu kasorang, palebah péngkolan nu harieum canéom ku tangkal kai jarangkung, ujug-ujug aya anu jlung-jleng megat jajalaneun,tilu urang lalaki maraké baju pangsi hideung, sirahna di bengker ikeut barangbang semplak, marawa pakarang bedog koplak. Moal salah deui pasti bégal ano sok matuh di ieu leuweung, najan kacida kagétna tetapi teu ieuh nempokeun ka keueung, teuneung ludeung taya karingrang, hirup keur ngalalana top rino kop maung, najan kudu paéh ngabalé bangké ngajampanang bugang, ihlas teu sumoréang.
Saurang jadugna ngajega ngabérégégéh nulak cangkéng, awak ngaharelung jangkung, dada jibang, kumis baplang sangga dulang, halis ngajedig kandel ngajapapang, beungeut bareugeud agresif, matana moncorong burahay hurung.
“Mun hayang salamet, kadieukeun éta bungkusan, mun henteu, manéh bakal ngababatang ayeuna kénéh, ku aing di cacag diwalang-walang”. Èta gegedugna haok polotot ménta bungkusan, padahal teu pira eusi bungkusan téh papan catur, disangka tas ngajual geutah karét meureun.
“Kuring lain owel ku bungkusan, da eusina ukur barang teu sapira, namun hayang nyaho kumaha rasana di cacag ku aranjeun”. Ngomong teu éléh galak.
“Hah, ning jiga anu enya, budak anyir jaringao, amis cikur, montong jajagoannan, mending kadieukeun éta bungkusan, agar manéh salamet nepi ka tujuan, tetapi mun teu diserahkeun mempunyai arti bener manéh téh hayang paéh dicacag ku bedog aing”. Èta si bégal nepi ka téténjrag bari molotot burahay beureum.
“Embung paéh ku aranjeun mah, da urusan paéh mah lain hak aranjeun, tetapi kuasana Gusti Alloh, babawaan moal di bikeun, léngkahan heula bugang kuring”. Teuneung ludeng, naon anu dipikasieun, harta teu boga, kulawarga teu boga, cukleuk leuweung cukleuk lamping, teu aya anu di pimelang.
“Bener anjeun moal mikeun éta babawaan, téga kana pati ?”. Sanggeus ngomong kitu pribadi méré isarat ka baladna nitah narajang.
“Ke heula anan lur, kuring lain urang dieu, teu boga harta teu naon, kuring sieun kénéh nyanghareupan hirup tibatan nyanghareupan pipaéheun, ku kituna aranjeun mending ulah ganggu bisi kaduhung”. Méméh dirogahala méré heula pépéling ka éta bégal.
“Montong ngabacot kanu lain-lain, aing sabalad-balad jadugna begal di ieu leuweung, rasakeun yeuh bedog aing”. Teu bisa di élingan, geus kalimpudan napsu nu ngaberung.
“Nya ari aranjeun keukeuh peuteukeuh rék ngarogahala, sok téh teuing moal burung diayonan, kula moal jejerih kupati”. Buleud tékad rék ngalawan bébéakan.
Bungkusan di golerkeun dina taneuh anu rada garing, set pasang kuda-kuda dina jurus cikalongan, napas ditahan sakeudeung bari ngagerencemkeun ayat Al-Qur’an, ngeusian diri bisi kabongohan.
Kolébat salah saurang bégal ngagajleng bari ngaheumbatkeun bedog kana sirah, memeh nepi dipiheulaan ku jurus waliwis nyusup, set suku kénca di kahareupkeun, leungeun kénca sakilat mapag leungeun anu narajang, kep pigeulang leungeunna nu narajang ka téwak, sakilat suku katuhu diléngkah keun malipir ka gigireun musuh, leungeunna dupurilitkeun bari sukuna dikaél ku suku katuhu, leungeun katuhu meta ngababuk peupeuteuyan, blug, bégal téh nangkarak bengkang, antukna humaregung nahan kanyeri, bedogna mencleng kana pipir suku.
Karérét aya deui nu rék nyamber beuheung ku bedog, sakilat bedog bégal anu ngagolér di samber, terus ngareundeuk dina jurus taraté katiup angin, plos, bedog lawan ukur ngolébat luhureun sirah, ngan habek, bedog di heumbatkeun tarik naker, bres bedog anu ngabelesat keuna pisan kana suku bégal, goak si bégal anu kadua ngagoak, sukuna boloboran ku getih.
Nempo baturna anu duaan namru bari humaregung, bégal anu saurang deui nyuruntul rék nubles beuteung, awak ngagilek ka kénca sa eutik, plos, bedog bégal ngageblos ngaliwat beuteung, teu di engkékeun deui, bedog disabetkeun ka hareup, bres, goak begal anu katilu ngagoak tarik, tina dadana merebey getih, ulaweran maseuhan baju na.
Karék ogé ngajurungkunung rék ngabebener tangtungan, beletuk kana tonggong aya anu ngababuk tarik pisan, gajleng jingkrak maké jurus hok mo jin tina kung fu, bréh bégal anu tadi dibantingkeun keur undur-unduran nyenyekel bedog. Jadi tadi anu ngabeletuk kana tonggong téh horéng bedog, siap-siap deui, asa panggih jeung jalan pikeun mecak pangabisa.
“Sok kadieu maju deui, hayang nyaho nepi kamana hojahna aranjeun anu cenah jadugna bégal”. Susumbar nangtang bégal, kagok asong.
“Ampun jang kula tiluan nyerah, moal kumawani ganggu deui ka anjeun, hampura kula saréréa”. Begal anu tadi ngaku jadug, ngarumpuyuk ménta ampun.
“Nya pikeun kuring mah teu boga duduk perkara, di hampura pisan, ngan mun bisa mah ganti kahirupan téh kanu bener, ulah ngarogahala batur”. Di élingan saeutik sugan ngadéngé.
“Lain teu hayang pindah pileumpangan, ngajalankeun kahirupan wajar siga batur, tetapi pan hirup di kampung saumur-umur balangsak taya kaboga, pangabisa ukur gelut, nya antukna jadi bégal di ieu leuweung”. Si jadugna bégal cumarita bari rumahuh pinuh kabeungbeurat.
“Kuring ogé sarua balangsak, hirup pinuh ku kanyeri kapeurih, tapi dina diri tetep pageuh rasa éling ka Gusti, éling ka purwa daksi, nu matak kuring ngalalana seja nuturkeun élmu pangabisa, sugan mampu di paké nanjeurkeun bebeneran”.
“Kaharti Ujang, najan ngora kénéh namun tékad anjeun kacida mulyana, pangabisa Anjeun lain béja, tadi nyebutkeun lain urang dieu, sabenerna ti mana asal anjeun ?”. Si Jadugna begal bari mamandapan nanyakeun asal muasal.
“Yeuh bisi hayang apal, asal kula ti tatar Galuh, urang Sunda”. Tandes di bejakeun.
“Aduh paingan teuing, ku guru dicaram ngalawan urang galuh, cenah matak cilaka”. Bégal téh ngajenghok ngadéngé Galuh.
“Naha ari kitu aranjeun asalna urang mana ?”. Béda rindatna ti tadi kénéh jiga urang sunda.
“Hampura kuring saréréa, kuring ogé jeung babaturan aslina urang sunda, ngan geus puluhan taun ngalalana di ieu patempatan”.
“Teu jauh tina sangkaan, cara aranjeun tarung, najan aya di tanah melayu, tapi jurus anu dipaké ku aranjeun jurus-jurus silat tatar sunda”. Geus kataruh tina gerakan-gerakan silatna.
“Duh hampura teu nyangka yén anjeun téh urang Galuh, kalayan rancingeus dina ulin jurus”. Geus pok deui sasadu ménta dihampura.
“Makara bener anjeun taluk moal ganggu deui ka diri kula ?”.
“Duh leres pisan kitu, cadu moal gangu deui”. Susumpahan jangji saurang jawara.
“Kadieukeun atuh tah raheut anu gudawang urang ubaran, biar getihna eureun”. Anu duaan di gupayan sina ngadeukeutan.
Duaan anu tatu nyampeurkeun bari kokompodan, terus anu raheutna di usap lalaunan, teu sakara-kara getihna ketika saharita, raheutna rapet deui, ukur kulit luarna anu masih kénéh aya tapak siga urut di ceprét pecut. Tilu bégal anu tadi haok polotot, anu bebentak kusora matak soak, ngagabrug kana suku éléh wowotan.
Sanggeus para bégal baralik ka daerah nganjrekna, inget kana waktu tadi dikadék tonggong, terus di rampa, bajuna soék tapak ngadék, tapi awak mah teu cécél teu bocél, ngan bruk waé sujud dina taneuh, manjatkeun syukur ka Dzat anu Maha Murba Wissesa. Ku Kersana, bisa leupas tina pibahayaeun.
Saterusna ngeureuyeuh deui neruskeun léngkah, nyuay-nyuaykeun rembetna rurungkunan nu ting runggunuk ngahalangan lampah, sagala lalangsé anu kandel moékan jajalaneun di singraykeun ku tekad anu kukuh pengkuh, muru hiji kawasan anu susuganan mampu dipaké iuh-iuh. Kéngimg Andang S. Argayuda Tina : Manglé