close

Dongeng Sunda Jaman Baheula Nyai Putri Punianjung

Dongeng Sunda Jaman Baheula Nyai Putri Punianjung Dongeng Sunda Jaman Baheula Nyai Putri Punianjung

Nyai Putri Punianjung
Kacarita aya sahiji putri jenenganana Nyi Punianjung. Éta putri putra raja, geulisna kawanti-wanti. Dina jaman harita teu aya nu ngungkulan kageulisanana. Demi ibu ramana geus parupus, jadi kari anjeunna baé, nunggelis. Ari padamelanana henteu lian ti ngeuyeuk. Ka éta putri geulis réa pisan raja nu nanyaan, tetapi anjuenna tacan kersa carogéan, sabab tacan aya nu surup kana manahna.

Kacaritakeun dina waktu harita aya hiji ratu monyét, ngaranna guru Mandahong, boga dulur awéwé sahiji, ngaranna Si Saideuh.

Éta Ki Guru Mandahong kaédanan ku putri Nyi Punianjung. Mun ti beurang tarapati baranghakan, ti peuting tara pati héés, ku bangeting bogoh ka putri, pikirna hayang ngalamar. geus kitu nyalukan adina, nya éta Si Saideuh téa. Pokna: “Ideuh, ayeuna Aka rék merih pati ménta gawé ka awak manéh, daék teu daék kudu daék, panglamarkeun Nyai Putri Punianjung, sabab ayeuna Aka geus hayang boga pamajikan ka putri geulis.”

“Aduh-aduh kang mandahong, deuh,
kula mah teu sanggup teing, deuh
nanyaan ka pura raja, deuh,
réa papacanganana, deuh,
mo daékeun mo sukaeun, deuh,
da Aka mah ratu kera, deuh
loba kénéh bangsa ratu, deuh,
nu palay ka Punianjung, deuh.

Guru Mandahong ngambek ka adina ngomong, pokna : Éh, Saideuh, naha sia téh rék baha ka aing ? Bet loba teuing omong. hayoh ka ditu sia geura indit ! Lamun teu daék, mangké sia dipaéhan ku aing.

Si Saideuh ceurik, sieuneun dipaéhan ku lanceukna. Tuluy indit maksakeun manéh rék ngadeuheusan ka  Nyi Putri Punianjung.
Ana tiba  kasampak keur ninun. Tuluy baé manéhna pupunten bari ngawih, pokna.

“Sampurasun neda maap, deuh,
Agan putri aya calik, deuh,
suganna kersa nampi,deuh,
kuring amit rék ngadeuheus”

Putri ngarérét ka Si Saideuh. Saurna: Aéh,aéh, bet Si Saideuh. Naha manéh bet sisinarieun teuing, lumanto ka béh dieu tara-tara ti sasari. Arék naon sia Saideuh, mana nyampeurkeun ka aing ?

Si Saideuh pok haturan: ana ngomong salawasna sok bari ngawih.

“Sim kuring agung panuhun, deuh,
Gan putri ulah rék bendu, deuh
kuring diutus ku dulur, deuh,
Kakang Guru Kang Mandahong, deuh,
manawi kersa ngamanah, deuh,
Kang mandahong hayang nikah, deuh,
ka kersa Agan putri,deuh.
sakitu pihatur kuring, deuh”

Putri téh gumujeng bari sasauran ka Si Saideuh, saurna: Aéh, aéh Saideuh kutan sia téh dititah nanyaan ku Si Mandahong, aing mah teu nyana teuing. Bisi sia henteu nyaho, para ratu ogé geus loba pisan nu ngalamar ka aing, parandéné tacan aya nu ditampa, sakitu té h tacan aya nu cocog jeung haté aing. Ieu deui dulur manéh Si Mandahong mandah monyét bangsa sato, hamo enya ditampa. Los, ayeuna mah sia geura balik, béjakeun ka dulur sia, ku aing henteu ditampa !”

  Dongeng Sunda Sasakala Pamanukan Subang

Ti dinya Si Saideuh tuluy balik nyampeurkeun ka lanceukna deui, arék pupulih.

Barang tiba katénjo ku Ki Mandahong, tuluy baé  dikejar dipapagkeun, pokna: “Ideuh, meunang ? Ideuh, meunang ?
Saideuh pok bébéja bari ngawih:

“Kakang Guru Kang Mandahong, deuh,
tong hayang ka putri geulis, deuh,
loba papacanganana, deuh,
monyét mah henteu ditampa, deuh,
kula mah teu mampu maksa, deuh,
érana kabina-bina, deuh,
putri téh bangsa manusa, deuh,
lain pitandingeun Aka, deuh”

Geura kitu, Ki mandahong beuki ambek baé ka dulurna, duméh Nyi Punianjung teu daékeun, nyarékan bari énjer-énjeran ka adina. Pokna: “Aéh, Saideuh, los sia gera balik deui ka Nyi Putri, béjakeun carék aing: Lamun Nyi Punianjung henteu daék kawin ka aing mangké tangtu dirurugan, diruksak ku balad-balad aing, jelema dipéhan, nagarana diranjah diawut-awut. Los sia geura indit ! Ku kitu ku kieu, aing ménta walonanana.

Ti dinta Si Saideuh purat-pérot lumpat bari ceurik, sieuneun ku Ki Mandahong. Tuluy ngadeuheus ka Nyai Putri.

Sadatang-datang, prak baé unjukan deui, dihaturkeun sakumaha paréntah dulurna, henteu aya nu kaliwat, barina jeung ngawih cara nu enggeus-enggeus.

Nyi putri Punianjung reuwaseun kacida. Sieuneun diranjah jeung dipaéhan, gancang ngajawab, saurna:” beu Saideuh, ari keukeuh teuing mah Ki Mandahong hayang ka aing, hadé ku aing ditampa. Tapi aing aya paménta, lamun katedunan paménta aing bukti, tangtu bedo, ku aing mo ditarima ku aing. Tapi lamun teu bisa bukti, tangtu bedo, ku aing mo ditarima. Ayeuna ku sia geura béjakeun: aing méntabokor emas salongok, talem emas satunjang, peujit reungit sabeulit leuit, podol tongo saboboko, éta paménta aing nu sakitu kudu bukti. Jig sia geura balik !”

Gancangna Si Saideuh tuluy balik, bébéja deui ka dulurna, kieu pokna:

“Kakang Guru Kang Mandahong, deuh,
tong hayang ka putri geulis, deuh,
loba pisan pamentana, deuh,
kula mah sok sukar teuing, deuh,
méta bokor mas salongok, deuh,
talem emasna satunjang, deuh,
peujit reungit sabeulit leuit, deuh
podol tongo saboboko, deuh,
mun teu sanggup nu sakitu,deuh
mo jaaaaadi ka Kakang Guru, deuh,
lamun aktual sapaménta, deuh,
tangtu laksana ka Kaka, deuh,”

Ki Mandahong seuri nyakakak, omongna: “hahah, ideuh meunang. Paménta sakitu waé mah, tai ceuli kacang damén, Aka ogé sanggup, tong dipaké karisi kasieun ku Ideuh, keun ku Aka rék disadiakeun.

  Buku Bahasa Sunda Terbitan Rahmat Cijulang

Sanggeus kitu wantuning monyét ratuna, tuluy Ki mandahong gendongan ngumpulkeun sabalad-balad nyaéta dititah ngayakeun sapaménta Nyi Punianjung.

Ti dinya burudul monyét sapirang-[irang, pada arindit, masing-masing nyayab ka unggal nagara nyiar barang sapaméntana Nyi Punianjung.

Henteu kungsi lima poélilana, balad monyétt geus pada daratang deui sarta geus sadia sapaméntana Nyi Punianjung: geus ngajagrag di hareupeun Ki Mandahong.

Ki Mandahong kacida atoheunana, mani jingkrak cacalakatan seuri.

Geus kitu tuluy manéhna nitah deui ka adina, Si Saideuh, semoga dilaporkeun ka Nyai Punianjung, yén geus sayagi sapaméntana.

Si Saideuh terus indit rék ngadeuheus Ka Nyi Putri Punianjung.

Barang datang ka Nyi Punianjung, teu kungsi dipariksa deui terus bée haturan sakumaha papatah lanceukna téa, Ki Mandahong, yén perkawis pamundut enggeus sayagi.

Demi saur Nyi Punianjung: ” Aéh, aéh, Saideuh, aing mah teu nyana teuing Ki Mandahong ratu monyét nepi ka bisa nedunan kana sapaménta aing. Satadina aing téh akal-akalan baé supaya ulah datang ka ngjadi, tatapi ayeuna nya dikumahakeun da geus milik hidayat aing geus teu beunang ku akal.”

Nyi Punianjung sajeroning sasauran kitu ka Si Saideuh, bari mikir-mikir baé paijalaneun biar ulah nepi ka ngajadi caragéan ka ratu monyét. Harita enggeus kamanah, ngan teu kedal kaluar. Lajeng waé miwarang mulang ka Si Saideuh, saurna: “Ayeuna geura prak baé manéh balik, béjakeun deui ka Ki mandahong, éta barang-barang sapaménta aing téh kudu geura sadiakeun, jeung aing geura papagkeun ku joli kancana ems, arék datang ka tempatna Ki Mandahong.”

Si Saideuh tuluy indit balik gagancangan. Ana tiba tuluy bébéja ka lanceukna, dicaritakeun sakumaha timbalanana Nyi Punianjung.

Ki mandahong salangkung grahitana gumbira atoh kacida, ngomong bari susurakan, pona: Ideuh, meunang ! Ideuh, meunang !” bari tuluy nyalukan balad-baladdna dikumpulkeun, kabéh soak-soak jeung ngagoak.

Balada simpanse mani rabul réwu-réwu pating garuntayang tarurun tina tangkal kai: geus pada kumpul di hareupeun Ki Mandahong.

Sanggeus karumpu; kabéh sarta sadia jolina, tuluy baé mapag Puri Punianjung.

Der monyét salusurakan ramé kacida pésta, mani éar tiraregoh, tingkarocéak, tingrarindat: hareureuy jeung batur-baturna: aya nu ngigel réréngkénékan, aya anu babadayaan, pepencaan rupa-rupa: saking ku milu saruka ka ratuna rék kagungan geugeureuh putri.

  Dongeng Sunda Padungdung Di Jero Leuweung

Hanteu dicatur lilana, kacarita Nyi Punianjung geus jengkar ti nagarana sarta geus nepi ka tempatna Ki Mandahong.

Barang geus tetep calikna, Putri nyarios ka Ki Mandahong, hayang turun bantayan iring-iringan ka leuwi Sipatahunan rék ngersakeun siram. Kitu deui éta sagala parabot, pamundut anjeunna téa kudu dibawa iring-iringan ka leuwi Sipatahunan.

Gancanging carita, tina sabab Ki mandahong ka buru ku asih, henteu jeung dipikir heula kawanti sato, tuluy baé di diturutkeun sakahayang Nyi Putri Punianjung, ger iring- iringan deui ka leuwi Sipatahunan.

Barang geus datang ka leuwi Sipatahunan, prak Nyi Putri lalayaran paparahuan ka tengah leuwi, sabot Ki Mandahong bongoh, bokorna diragragkeun ku putri hiji, api-api kalésotan tina pananganana.

Geus kitu Nyi Punianjung ngajerit, sasambat mundut dipangneuleumankeun bokor nu ragrag ka leuwi.

Balad monyét pada gugup tinggalejebur ka cai, monyét rewu-rewu pada neuleuman bokor, tetapi weléh hanteu beunang. Malah taya hiji-hijia can monyét anu bisa timbul deui, terus baé titeuleum paraéh saking ku jerona leuwi, datang ngan kari Ki Mandahong jeung Si Saideuh nu masih hirup kénéh, balad-baladna geus béak paraéh.

Nyi Punianjung akal-akalan nangis baé, ménta dipangneuleumankeun éta bokor ka Ki Mandahong, saurna: “Ki Mandahong geura cokot bokor kuring, mangké urang panganténan téa, da lamun teu beunang hamo tulus panganténan.

Gancangna Ki Mandaong gugup ngadéngé saur putri sakitu manisna rasana sipikaasih: gejebur baé ninggangkeun manéh ka leuwi, kerelep titeuleum, datan ka paéhna.

Ngan tinggal Si Saideuh sorangan, ceurik aduh-aduhan. Sasambat ka dulurna, kieu ceurikna :

“Aduh, aduh, Kang Mandahong, deuh,
mana carék kula ogé, deuh,
tong hayang ka putri geulis, deuh,
putri mah sok kaniaya, deuh,
kumaha ayeuna kula, deuh,
da dulur geus dipaéhan, deuh,
kaula pahatu pisan, deuh.”

Nyi Punianjung watireun ka Si Saideuh, duméh katingali ceurik baé, saurna : “Ih, Saideuh, meungeus sia ulah ceurik teuing keun baé dulur sia mah, Ki Mandahong, da geus paéh. Bonganna sorangan maké hayang ka jelama. Ari sia mah, angggur milu baé jeung aing, mangké ku aing dipikanyaah.

Ti dinya tuluy Si Saideuh dibawa mulih ku Nyai Punianjung ka nagarana. Makara tetep Si Saidah jadi ingon-ingon anjeunna sarta iceus kacida, ngarti kawas akhlak jelema baé.

Demi putri Nyi Punianjung, lila-lila kacaritakeun, dilamar ku hiji raja didamel piwarang sarta jumeneng raja istri. Cag. Dicutat tina: Volksalamanak, taun 1921.