close

Cerita Sunda Sireum Jeung Gajah



Sireum jeung Gajah
Jaman baheula aya sireum keur ngarak rajana, ngaliwat kana alur jajalaneun gajah. Keur ramé ngarak, jol datang gajah. Sireum nu sakitu keur nakleukna téh, teu antaparah deui, leyé-leyé baé ditincakan, bongan cenah maké ngaliud di jajalaneun. Atuh lain ratus deui, tetapi aya rébuna sireum anu paéh téh.

Barang raja sireum ningal baladna réa nu paéh, kacida ambekna,tuluy susumbar : “Éh Sakadang Gajah, sato nu telenges, nu teu boga ras-rasan ka papada mahluk, rasakeun pamales ti kami. Ulah adigung asa aing. Engké di Juma’ah Kaliwon, urang perang tanding jeung kami!”

Walon gajah bari seuri : “Rék ngajago Sakadang Sireum téh? Lamun enyaan, hég ku kami didagoan! Di mana hayang perang téh?”

“Tuh di ditu, di handapeun tangkal waru nu itu, nu condong ka jalan!”
gancang, gajah nuluykeun deui lampahna. Ari raja sireum teu talangké deui, tuluy baé nabeuh tangara, ngumpulkeun kabéh baladna. Teu sabaraha lila, balad sireum téh geus nakleuk di tegalan.

Ceuk Raja sireum : “Éh balad kami kabéh! Di Jumaah Kaliwon kaula rék perang tnding jeung Sakadang Gajah, tuh handapeun tangkal waru nu itu! Ku sabab éta, kaula ménta ka aranjeun sakabéh ulah sisingeun, kudu pada digarawé. Saréréa kudu nyieun lombang sing gedé pikeun piruang. Nya palebah waru nu itu kudu nyieun piruang téh. Prak geura digarawé ti ayeuna. Tapi kadé jukutna mah ulah ruksak, kudu angger baé kawas ayeuna. Dikorowot ti jero baé, taneuhna engké sésakeun, tuh kira sakandel papan beunang Sakadang Manusa, ka luhurna mah.”

Balad sireum saur manuk, kabéh pada jangji rék pada suhud digarawé, sarta pada sanggup anggeus dina waktu tujuh poé.

Saomong balad sireun teu nyalahan, dina waktu tujuh poé piruang téh geus bérés. Ti luhurna teu katara, teu jiga piruang meueus-meueus acan, kawantu buatan par hebat nerus bumi.
Barang nepi kana waktuna, kana poé Jumaah Kaliwon téa, subuh kénéh Raja Sireum geus ngabedega segi piruang beulah kulon, nyahareup ngétan. Saksi-saksi geus karumpul, nyaéta: Sakadang Peucang jeung Sakadang Monyét.

Wanci haneut moyan, jol Sakadang Gajah ti beulah wétan maju ka kulon, nyampeurkeun Raja Sireum.
Jauh kénéh ogé Raja Sireum geus celuk-celuk nangtang ka Sakadang Gajah : “Gancang ka dieu Sakadang Gajah, ieu sihung kami geus seukeut meunang ngasah tujuh poé tujuh peuting, geus sadia bakal maéhan sampéan. Lamun enya sampéan sakti, gancang geura rontok kami!”

Barang gajah ngadéngé panangtang Raja Sireum kitu, jol suruwuk baé narajang. Tapi cilaka, teu kungsi nepi, da awakna kaburu tigebrus mantén kana piruang, sukuna tipitek. Sakadang Gajah adug-adugan méakeun tanaga hayang kaluar tina piruang, tetapi weléh teu bisa. Tungtungna béak tanaga ngajoprak teu mampu walakaya.

Ceuk raja Sireum ka balad-baladna, : “pék ayeuna geura hanca ku aranjeun éta sato telenges téh!”

Balad sireum nu réana mangyuta-yuta, bareng narajang, napuk kana sakujur awak Sakadang Gajah. Gajah ripuh dicocoan ku sireum. : “ampuuun … ampuuun!” Sakadang Gajah tulung-tulungan ménta ampun. Manéhna taluk tarima éléh, jeung jangji moal deui-deui ngaganggu ka bangsa sireum.

Ti dinya riwayatna, aya paribasa : “Sireum ogé ditincak-tincak teuing mah sok ngalawan”. Atuh lamun aya nu suten, jempol anu jadi perlambang gajah, éléh ku cinggir anu jadi perlambang sireum.

  Cerita Sunda Sasakala Rancadarah Purwakarta

Peristiwa Bandung Lautan Api Bahasa Sunda


Jaman baheula aya sireum keur ngarak rajana Dongeng Sunda Sireum Jeung Gajah

Harita téh poe ahad, poé nu sakuduna mah dipaké reureuh sarta kumpul jeung kulawarga. tapi pikeun rahayat Bandung mah, kalahka riweuh. Sapoé saméméhna, pamaréntah urang di Bandung meunang ultimatum ti pihak prajurit Inggris, eusina, pasukan-pasukan Tentara Republik Indonesia, katut nu séjénna, kudu ninggalkeun kota Bandung, paling elat tanggal 24 Maret 1946.Mémang saméméhna ogé kaayaan Kota Bandung geus harénghéng. Dumasar kana kasaluyuan Pamarentah Indonesia jeung serdadu Inggris nu sapongkol jeung prajurit NICA. Baca selengkapnya > 


Biografi Bahasa Sunda Oto Iskandar Dinata Si Jalak Harupat


Jaman baheula aya sireum keur ngarak rajana Dongeng Sunda Sireum Jeung Gajah

Kiwari urang boga salam nasional nu mangrupa pekik Merdéka bari nonjokeun peureup ka luhur. Salam anu ngagedurkeun sumanget para pendekar bangsa dina mangsa revolusi fisik, enggoning ngarebut kamerdekaan bangsa Indonesia. Eta salam nasional téh diciptakeun ka Oto Iskandar Dinata, salasaurang jagoan nasional nu asalna ti Tatar Sunda. Tangtu baé, jasa Oto Iskandar Dinata téh lain ngan sakitu-kituna. Perjoangan jeung ketakna dina ngabéla bangsa jeung lemah caina, natrat katembong dina lalakon hirupna. Baca selengkapnya >

Sejarah Bandung Dalam Bahasa Sunda


Jaman baheula aya sireum keur ngarak rajana Dongeng Sunda Sireum Jeung Gajah Sawarehna jalma-jalma kiwari nu sapopoe nyeuseup hawa Kota Bandung, kawasna bae langka anu daek nyawang hese-beleke ngadegkeun jeung ngawangun ieu kota.
Buktina aya keneh, mun teu rek disebut loba oge, anu apilain kana hukum-hukum enggoning ngamumulena.
Padahal memeh aya teh euweuh heula. Memeh jadi kota, leuweung heula. Memeh rame, tiiseun heula. Baca selengkapnya > 

Dongeng Sunda Si Kabayan Hitut

Jaman baheula aya sireum keur ngarak rajana Dongeng Sunda Sireum Jeung Gajah
Anggapan Walanda hitut teh kasehatan. Lamun teurab, teu sopan. Kocapkeun Si Kabayan hayang ngabuktikeun eta masalah. Pok nyarita ka babaturanana ; “Cenah ku urang Walanda mah hitut teh disanjung dibagus-cantik. Lamun teurab dianggap teu sopan ?”.
“Ari kitu maneh rek kumaha?” ceuk babaturanana. 

“Kuring rek ngabuktikeun bener henteuna, kabeneran di urang aya Walanda perjanjian ,”. ceuk Si Kabayan. Baca selengkapnya>

  Kisah Sunda Tina Radio