close

Cerita Sunda Sakadang Oray Jeung Aki Aki

Aki Aki Hade Budi 

Aya aki-aki pada miasih, mikaresep lantaran bageur. Resep nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah, nganteur kanu sieun jeung keueung. Nalang ka nu sangsara mun teu ku harta-banda, ku tanaga. Mun teu ku tanga ku du’a.

Eta aki-aki teh jadi kakasih anu kumelip, kanyaah Gusti Allah. Hirupna tina buburuh atawa dagang suluh.

Hiji mangsa eta aki-aki teh ka leuweung rek mulung pangpung keur suluh. Manehna manggul kadut butut keur wadah buah kupa bagikeuneun ka barudak nu sok maregat di jalan, ari aki-aki balik.

Tapi naha ari jol kaleuweung geus jadi lautan seuneu, sakurilingna kahuru. Seuneu ngabela-bela gede. Kari  handapeun kupa nu buahan tea bae nu acan teh. Eta ge geus kaputer ku seuneu.

Ari aki-aki rek kadinya, horeng aya Oray Kuda keur nyumput nyingkahan seuneu, sieuneun kahuru awakna. Si Oray Kuda anu salawasna jail sarta  galak sok ngahakan jelema, sarta matih pisan peurahna, lengas-lengis pikarunyaeun ka Si Aki menta tulung, sieun renghek ka duruk.

Cek Aki-aki : ” Kumaha bisana nulungan, kula lain teu karunya da andika sakitu gedena ! “

Ceuk Oray Kuda : ” Kula mampu ngaleutikan awak nepi ka sagede oray-cai. Eta kadut talian sing panjang, heg alungkeun ka dieu. kula rek asup kana

kadut. Lamun kula geus di jero, tarik deui talina ku andika ka dinya, sing panjang sangkan kula ka bawa !.

Teu leleda Aki-aki teh da puguh tukang tutulung tea, sakumaha hojahna Oray Kuda dijalankeun. Oray kuda salamet tina bahaya seuneu. Ari geus

salamet pudigdig teh oray kuda awakna ngagedean deui. Sungutna calawak disada hihieman cara kuda bae. Geus disada tuluy ngomong ka Aki-aki anu nulungan tea.

“Ayeuna kula salamet teu kaduruk. Tapi tadi lila pisan kula lapar, taya hakaneun. Ayeuna ngan kari maneh di dieu, meureun nya maneh keur sarapan kula teh tina euweuh deui hakaneun … !!!

Ceuk Aki-aki: “Sanajan kula geus dielehkeun ku dua saksi, kulacan pasrah lamun can ku tiluan. “Hatena mah Aki-aki teh muntang neneda ka Pangeran sangkan aya sih piwelas Gusti anu Maha Asih, manehna bisa salamet.

Ceuk Oray Kuda : “Heug, ulah kapalang ari maneh panasaran keneh mah. Tuh, aya Peucang ngaliwat!”

Ceuk Peucang : ” Ah teu ngarti, Oray sakitu gedena make bisa asup kana kadut sakitu leutikna ! Bohong ah teu percaya kami mah. Da Ki Oray mah sok ngabohong ongkoh. Sakali bohong tetep mo beunang dipercaya.

” Teu yakin silaing teh peucang .. !” ceuk Si Oray Kuda.
” Teu .. !” Ceuk Peucang bari gogodeg sabari jeba-jebi.
“Mun teu yakin, tenjokeun ku sia !!! ceuk Oray kuda bari pek ngaleutikkeun deui awakna, bus kanu kadut. Tamat