close

Carpon Sunda Si Misnem Katinggang Halu

Carpon Sunda Si Misnem Katinggangang Halu Carpon Sunda Si Misnem Katinggang Halu
Rusdi jeung Misnem Cilaka Duanana

Rusdi ngomong ka adina: “Misnem ! urang ngangon domba hayu, geus beurang!”
Éta dua budak lalumpatan, paheula-heula ka sangkar domba. Rusdi nu pangheulana, tuluy mukakeun pantona.
Si Jalu ditalian, tuluy ditungtun kaluar. Geus diluar, henteu tergesa-gesa diangon ku Rusdi, tetapi dibawa ulin heula. Ditumpakan, didepakeun jeung dioconan. Ari ku Misnem ditarik ceulina, dibetot buntutna jaung dibabukan.
Domba gambek, tuluy nangtung, gepuk neunggar beuteung Rusdi. hadéna baé teu tarik neunggarna. Rusdi ngan ukur labuh jeung ceurik wawaw-wiwiw meueusan.
Ceuk Misnem: “Ulah ceurik Udi ! adatna lalaki mah, jeung bongan sia ongkoh, naha atuh Si Jalu diheureuyan ?”
Dombana lumpat ka saung lisung. tuluy diarudag.
Keun baé Rusdi entong diudag, da tuluy ka kebon gening ! urang nutu baé ayeuna mah keur parab hayam,” ceuk Misnem.
“Wah ! moal enya sia bisa nutu, apan beurat haluna !”
“Piraku teu mampu nutu mah, pan aing téh awéwé, geura ténjokeun !” Si Misnem tuluy nyokot halu leutik.
Gedug ! Gedug ! Gedug ! Si Misnem nutu.
“Édas ! enya baé sia geus bisa nutu.”
Si Misnem atoheun naker dipuji téh, nyekelna halu lalawora, bari luak-lieuk. Haluna kalesotan, gedak ninggang tarangna pisan.
Si Misnem ceurik aluk-alukan. Rusdi gegeroan: Tulung ! Tulung ! Tulung ! Si Misnem paéh katinggang halu !”
Kolotna kagéteun, lalumpatan nyampeurkeun. Si Misnem ngajongkéng, tarangna bancunur. Ku indungna dipangku ka imah, tuluy diubaran ku béas jeung cikur.
” Wah Si Misnem kitu-kitu baé ceurik. Geuning aing tadi ditubruk domba teu ceurik.” Ceuk Rusdi.
“Na, iraha sia diterkamdomba ?” ceuk pamanna.
“Kapan tadi, Mang ! basa keur diangon.”
“Adatna ari barudak balangor mah sok cilaka,” témbal pamanna. Cag Dicutat tina buku basa Sunda Rusdi jeung Misnem.

  Kisah Sunda Sasakala Batu Gede Tasikmalaya